Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna oge tara kapaluruh, hese diteangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan sejenna
Jejer (tema): ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita.
Latar (setting): patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
Palaku (tokoh): nyaeta naon-naon (bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, ataw bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita.
Galur (alur): runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur.
Amanat (pesen): nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana. Amanat biasana raket patalina jeung tema.
Ekspresi
Intonasi
Gestur
Artikulasi
Penguasaaan Panggung
Pendalaman Karakter
Fabel atawa dongeng sasatoan, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa. Upamana wae bisa nyarita jeung bisa mikir.
Contona: dongeng "Gajah jeung sireum", dongeng "Gajah Hayang Jadi Merak".
Parabel atawa dongeng jalma biasa nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen.
Contona: dongeng "Si Kabayan Ngadeupaan Lincar".
Legenda atawa dongeng sasakala, nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
Contona: dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu".
Sage atawa dongeng babad, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.
Contona: dongeng "Sangiang Borosngora", dongeng "Sunan Permana di Puntang".
Mite atawa dongeng kapercayaan, nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib
Contona: dongeng "Nyi Roro Kidul", dongeng "Ngipri ka SIluman Oray".