JUDUL CARPON : Tibelat
PANGARANG : Mimin Ratna Nurendah, S.Pd.
MAJALAH : Manglé
TANGGAL/BULAN/TAUN TERBIT : 20-26 April 2023
KACA : 50-51 (Manglé 2929)
RINGKASAN CARITA :
Kang Yana teh geus jadi beubeureuhe kuring, sosok anu sok kaimpi-impi jeung kabayang-bayang dina lamunan. Mun panggih, sok matak ratug jajantung.
Dina hiji poé, langit cangra, kuring jeung manehna ngalengkah mapay-mapay sisi basisir pangandaran. Sakitu geus jauh jeung suku geus teu kuat deui ngaléngkah, tapi teu karasa ari haté bagja mah, da kumaha teu bagja, Kang Yana téh lalaki kasép, tegep, jeung bageur
Kuring jeung manéhna silih ngaheureuyan, silih udag silih banyolan, dugi manéhna ngajak reureuh heula. Dina sapanjang obrolan, aya rasa aman, nyaman, nu nyangkaruk na lelembutan. Sakapeung kuring nyawang isuk pageto, bakal ka bale nyungcung jeung manéhna. Diuk ngarendeng jadi raja jeung ratu sapoé. Keur kuring mah kang Yana téh lalaki sampurna, anu dipiharep ti baheula, lalaki bageur, sholéh, perhatian, jeung sabar.
Dina hiji mangsa, keur anteng silih teuteup, torojol téh aya bapana Kang Yana hareupeun Kuring, anjeunna ngutarakeun satuju Yana milih kuring, atuh kuring téh ngaranjug, tapi pas rék ka Kang Yana gening teu kasampak di gigireun. Malah aya nu nyarios "De, tos siang atuh, na moal sholat subuh?" Astaghfirullah geuning nu bieu téh ngan ukur ngimpi, hanjalak beut dihudangkeun, masih hayang babarengan kénéh sareng Kang yana, masih karasa kénéh di ddinya pisan, di sisi basisir pangandaran. Duh gusti, abdi tibelat.
PALAKU : Kuring, Kang Yana
LATAR TEMPAT : Basisir Pantai Pangandaran
ALUR : Maju
AMANAT : Kagum, atawa resep mangrupakeun hal anu wajar. Namun, arurang ulah fokus teuing ka sasaha atawa naon anu urang resep eta.Arurang ulah hilap,arurang kudu tetep ngajalankeun kahirupan urang .Jadi, upami hiji waktu arurang teu bisa menuhan ekspektasi arurang kanu naon anu aruang resep eta, arurang ulah murag, tetep kuat, jeung tetep semangat ngajalankeun hirup.