Naon anu disebut wawacan teh?
Wawacan téh mangrupa salah sahiji wangun sastra klasik Sunda anu panjang tur biasana eusina nyaritakeun lalakon atawa carita dina wangun puisi. Ieu téh lain ngan saukur bacaan, tapi ogé bisa ditembangkeun.
Kumaha sajarahna?
Wawacan mimiti mekar di Tatar Sunda kira-kira dina abad ka-18, sabada Islam sumebar sarta pangaruh sastra Jawa (utamana Mataram) asup ka tatar Sunda. Saméméhna, sastra Sunda leuwih dominan ku carita pantun. Wawacan mawa wangun anu leuwih sistematis jeung ngagunakeun pupuh salaku patokanana. Dina mangsa Walanda, wawacan ogé mindeng dipaké pikeun tujuan pendidikan atawa propaganda.
Struktur Wawacan
1. Manggalasastra (Alofon/Pembukaan)
Menta widi ka nu maha kawasa jeung karuhun, sarta menta pangampura kana kahengkerap u nulis atawa nyusun eta wawacan.
2. Eusi
Poko carita babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik.
3. Kolofon (Penutup)
Parenahna dina ahir carita minangka panutup, eusina titimangsa ditulis atawa disalinna eta wawacan. Dina bagian ieu, nu nulis menta pangampura kana sagala rupa kakuranganana.
Ciri-Ciri Wawacan
• Puitis: Eusina dina wangun ugeran (puisi).
• Panjang: Biasana mangrupa carita anu panjang tur ngalur.
• Ditembangkeun: Ditulis pikeun bisa ditembangkeun atawa dihaleuangkeun.
• Wangunna Mandung Pupuh: Dijieun dumasar kana aturan pupuh (guru lagu jeung guru wilangan).
• Sumber Carita: Sering nyokot tina carita babad (sejarah lokal), hikayat Islam, atawa adaptasi tina karya sastra Jawa.
Fungsi Wawacan
• Media Hiburan: Mangrupa salah sahiji hiburan utama masarakat jaman baheula.
• Media Pendidikan/Dakwah: Loba wawacan anu eusina nyelapkeun ajaran moral, agama, atawa nilai-nilai luhur.
• Ngawétkeun Basa jeung Budaya: Ngajaga kalestarian basa Sunda sarta jadi média pikeun ngagambarkeun kabudayaan jaman harita.
Unsur-Unsur Wawacan
Unsur-unsur dina wawacan mah teu jauh béda jeung karya sastra naratif séjénna, nyaéta aya:
• Téma: Gagasan poko carita.
• Tokoh jeung Penokohan: Palaku carita sarta sipat-sipatna.
• Latar: Tempat, waktu, jeung suasana carita.
• Alur: Jalan carita ti mimiti nepi ka ahir.
• Amanat: Pesen moral atawa pelajaran anu hayang ditepikeun.
• Gaya Basa: Pamakéan basa anu khas wawacan.
Hubungan Wawacan sareng Pupuh
Pupuh mangrupa tulang tonggong (struktur utama) tina wawacan. Wawacan disusun ku runtuyan pupuh anu béda-béda. Hartina, lamun euweuh pupuh, moal aya wawacan. Unggal bab atawa bagian dina wawacan bisa ngagunakeun jenis pupuh anu beda, disaluyukeun jeung suasana carita anu rék digambarkeun. Contona, lamun adegan sedih bisa maké pupuh Kinanti atawa Maskumambang, ari adegan sumanget bisa maké pupuh Dangdanggula atawa Asmarandana.
Umar Maya ti Kerajaan Arab
Analisis Unsur Intrinsik
Catetan-Catetan