naon anu disebut pupuh teh?
Pupuh nyaeta wangun ugeran dina sastra Sunda anu miboga aturan anu pasti. Aturanana contona nyaeta ku ayana guru wilangan sareng guru lagu.
Guru wilangan nyaeta jumlah engange (suku kata) tiap padalisan (larik/baris)
Guru lagu nyaeta vocal ahir dina padalisan.
naon wae sipat-sipatna pupuh teh?
Sipat-sipat pupuh teh bergantung kana tipe pupuh anu bade didugikeun. Unggal pupuh mibanda sipat husus kusabab eusina oge beda-beda. Aya pupuh anu watekna prihatin, sapertos Pupuh Kinanti, aya oge pupuh anu watekna silih asih jeung silih pikanyaah, sapertos Pupuh Asmarandana.
ciri-ciri pupuh
Ciri-ciri pupuh yen nyaeta:
Miboga patokan guru lagu.
Miboga patokan guru wilangan.
Sok dinyanyikeun.
Aya sababaraha pada (bait)
fungsi pupuh
Pupuh téh émang ngagaduhan seueur peran penting. Ieu sababaraha diantarana:
Minangka Médium Pangajaran: Pupuh téh sering pisan dijantenkeun wadah kanggo nepikeun piwuruk kahadéan sareng ajén moral dina kahirupan. Janten, eusina pinuh ku nilai-nilai positif.
Sarana Hiburan sareng Kasenian: Teu ukur kitu, pupuh ogé dianggo dina tembang-tembang atanapi lagu tradisional Sunda. Fungsina tangtos kanggo hiburan sareng ogé salaku bentuk ékspresi seni anu éndah.
Bagian tina Sastra: Dina dunya sastra, pupuh téh mangrupikeun jinis puisi anu dianggo kanggo nyarioskeun carita atanapi nepikeun amanat/pesen penting ka anu ngadangukeunana.
Sumber Ajén Kahirupan: Pupuh ogé ngandung ajén-ajén luhur kahirupan, kapercayaan, sareng pitutur wijak anu diturunkeun ti generasi ka generasi.
Ngamumulé Budaya: Peran pupuh dina kabudayaan téh ageung pisan, hususna dina tradisi sareng upaya ngajaga kalestarian basa Sunda.
macem-macem pupuh
video pupuh kelompok kuring
catetan pupuh