Naon anu disebut warta teh?
Sipat Warta
• Faktual: Eusina kudu bener-bener kajadian, lain rékaan atawa opini.
• Aktual: Kajadianana kudu anyar kénéh, karek waé atawa keur lumangsung.
• Objektif: Nepikeunana kudu sacara jujur tur teu mihak, pisahkeun antara fakta jeung opini.
• Penting: Informasi anu ditepikeun boga nilai penting pikeun kahirupan balaréa.
Struktur Warta
Struktur warta sacara umum mah ngagunakeun pola piramida tibalik (inverted pyramid), anu hartina informasi pangpentingna ditepikeun ti heula:
• Judul (Headline): Bagian pang luhurna, biasana pondok tur narik perhatian, ngagambarkeun eusi warta sacara umum.
• Téras Warta (Lead/Paragraf Bubuka): Ieu mangrupa paragraf kahiji dina warta. Eusina ngawengku inti warta anu nyumponan unsur 5W+1H (Naon, Saha, Dimana, Iraha, Kunaon, jeung Kumaha). Ieu téh bagian anu pangpentingna.
• Awak Warta (Body): Ngawincik informasi anu geus disebutkeun dina téras warta. Ngalengkepan katerangan jeung fakta-fakta anu leuwih jéntré.
• Écéhan Warta (Ekor/Ending): Bagian ahir warta, eusi informasina geus teu pati penting, biasana mangrupa kasimpulan atawa informasi tambahan anu sifatna latar belakang.
Jenis Warta
Dina dunya jurnalisme, aya dua jenis warta utama:
• Straight News (Warta Langsung): Ieu jenis warta anu paling umum. Sipatna lugas, langsung kana intina, ngalaporkeun fakta-fakta naon adanya tanpa analisis anu jero. Pokona mah langsung waé 5W+1H. Conto: Laporan kajadian tabrakan, hasil rapat, harga bahan pokok.
• Depth News (Warta Jero/Analitis): Warta jenis ieu leuwih jero tur ngandung analisis. Sanajan tetep dumasar kana fakta, tapi ditambah ku latar belakang, konteks, sudut pandang, atawa implikasi tina hiji kajadian. Biasana leuwih panjang tur butuh riset anu jero. Conto: Analisis ngeunaan dampak inflasi kana ékonomi masarakat, latar belakang konflik politik, proyék pangwangunan anu mangaruhan lingkungan.
Warna Kalimah (Jenis Kecap)
• Kalimah Pagawéan (Kecap Pagawéan/Verba): Kecap anu nuduhkeun pagawéan atawa tindakan.
• Conto: maca, nulis, dahar, nginum, lumpat, nyarita.
• Kalimah Barang (Kecap Barang/Nomina): Kecap anu nuduhkeun ngaran barang, jalma, tempat, atawa konsép.
• Conto: méja, korsi, buku, budak, Sakola, Ciamis, kadeudeuh, karaharjaan.
• Kalimah Sipat (Kecap Sipat/Adjektiva): Kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan hiji barang atawa jalma.
• Conto: geulis, kasep, pinter, bodas, tiis, haneut, rajin.
• Kalimah Bilangan (Kecap Bilangan/Numeralia): Kecap anu nuduhkeun jumlah atawa urutan.
• Conto: hiji, dua, tilu, loba, saeutik, kahiji, kadua.
Video Maca Warta Kuring
Catetan-Catetan