Naon anu disebut carpon teh?
Carpon téh akronim tina "Carita Pondok". Hartina mah, carpon Sunda téh nyaéta carita rékaan (fiksi) anu wangunna pondok, ditulis dina basa Sunda, sarta biasana eusina museur kana hiji kajadian atawa masalah. Bédana jeung novel, carpon mah leuwih ringkes, palakuna saeutik, latar nu digambarkeun teu loba, sarta fokus kana hiji konflik.
Unsur-Unsur Carpon
• Téma: Gagasan atawa ide pokok anu jadi dadasar carita.
• Galur/Alur (Plot): Runtuyan kajadian dina carita ti mimiti nepi ka ahir (bubuka, konflik, klimaks, anti-klimaks, jeung réngsé).
• Tokoh jeung Penokohan (Karakter jeung Karakterisasi): Palaku anu ngalakonan carita sarta gambaran sipat-sipatna.
• Latar (Setting): Gambaran ngeunaan tempat, waktu, jeung suasana lumangsungna carita.
• Sudut Pandang (Point of View): Posisi pangarang dina nyaritakeun carita (misalna jalma kahiji "kuring/kami" atawa jalma katilu "anjeunna/maranéhna").
• Amanat (Pesan): Pesen moral atawa pelajaran hirup anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca.
• Gaya Basa: Cara pangarang ngagunakeun basa sangkan caritana leuwih éndah tur hirup
Nu Kudu Diperhatikeun Dina Nulis Carpon
• Keringkesan: Eusi kudu padet jeung langsung kana intina, teu loba lalakon nu teu perlu.
• Fokus: Museurkeun carita kana hiji konflik atawa gagasan utama wungkul.
• Pilihan Kecap (Diksi) jeung Basa: Gunakeun basa Sunda anu merenah tur matak kataji, saluyu jeung karakter tokoh jeung suasana carita.
• Amanat Jelas: Sanajan caritana pondok, pesen anu ditepikeun kudu tetep karasa ku nu maca.
• Daya Tarik: Bubuka carita kudu bisa langsung narik perhatian nu maca.
Step-Step Nyieun Carpon Sunda
1. Nangtukeun Téma jeung Gagasan Utama: Pikirkeun heula naon nu rék dicaritakeun, pesen naon nu hayang ditepikeun.
2. Nyieun Rangka/Kerangka (Outline): Susun gambaran umum carita: saha palakuna, di mana lumangsungna, konflikna naon, jeung kumaha réngséna.
3. Ngembangkeun Tokoh: Gambarkeun sacara singket karakter palaku utama jeung palaku séjénna.
4. Nulis Draft Kahiji: Mimitian nulis carita dumasar kana rangka anu geus disusun. Tong sieun salah, tuliskeun waé heula.
5. Ngoméan/Révisi: Sanggeus réngsé nulis, baca deui carpon anjeun. Parios kecapna, kalimahna, galurna, jeung eusina. Pastikeun geus padet tur matak pikaresepeun.
6. Ménta Pendapat: Upami tiasa, pasihkeun ka réréncangan atanapi guru kanggo diparios sareng dipasihan masukan.
Carpon Kuring
MISTERI MALING KUEH
Di hiji imah leutik di pinggiran kota, aya budak ngarana Dika. Anjeunna kacida bogohna kana kueh kukis coklat anu sok diadumaniskeun ku indungna. Sakali sabulan, indungna nyieunan kueh kukis éta pikeun kulawarga, jeung biasana kueh éta sok disimpen dina toples di dapur.
Dina hiji soré, Dika ngadagoan indungna réngsé nyieun kueh kukis. Sanggeus kueh kukis asak, indungna nyimpen éta kueh dina toples, terus ngingetkeun Dika supados ulah mawa kueh éta saacan waktu nyarekan. Dika nurut, sanajan haténa hoyong sakaligus ngareuwas kueh anu seungit.
“Duh, Mah meni seungit kueh teh. Dika janten palay kuehna hehehe.” Saur Dika bari jalan ka dapur.
“Engke we isuk atuh meni teu sabar pisan hoyong kueh teh.” Saur Mamah Dika nembalan bari pakepuk ngalebetkeun kueh kukisna ka toples.
“Enya atuh Mah enjing we nya. Duh tos kabayang eta seungit jeung nikmatna kueh teh. Komo disuruput jeung teh amis mah.” Dika nyarios deui bari mantuan mamahna ngalebetken kueh ka toples.
***
Isukna, Dika hajat pikeun ngalaman hiji kukis saméméh sakola. Nalika anjeunna ngadeukeutan toples éta, anjeunna reuwas ningali yén kueh kukisna geus nyirian jauh! Ngan aya sababaraha potong deui sesana, bari jeung pabalatak. Dika ngarasa kuciwa pisan sarta timbul rasa curiga.
“Saha anu maling kukis éta, nya?” na jero hare Dika.
“Ah meureun didahar ku si Bapa kitu, nya?” Manehna ngagumam.
Salila sababaraha dinten, Dika ngahaja ngawaskeun toples éta pikeun manggihan saha anu maling kueh kukisna. Unggal-unggal, anjeunna ningali toples éta, kueh kukisna terus nyirian. Dika neraskeun misteri ieu, malah anjeunna kadang-kadang nepi ka ceurik sabab teu sanggup ngungkulan rasa panasaran.
“Ya Allah Gustiii geus tilu poe mantau tapi masih keneh teu kapendak eta maling kueh. Kudu kumaha deui atuh urang?!” Dika nyarios bari gagaro sirah.
“Cing ah wang tanyakeun ka si Mamah jeung si Bapa. Sugan we nempo saha nu maling eta kueh.” Saur Dika.
“Mamaaaaahhh.” Gorowok Dika ti dapur.
“Naon Ujang? Meni ngagorowok eta ngagandengan ka tatangga! Saur Mamah Dika ngagorowok ti buruan imah.
“Mah, iyeu kueh teh naha nya ngurangan wae ih?! Padahal Dika ngan emam sakedik we, eta ge mung hiji unggal dinten.” Dika protes ka mamahna.
“Teu nyaho atuh Mamah ge! Maenya aya tuyul kitu nu resep dahar kueh Mamah. Cing engke wengi Mamah naroskeun ka Bapa, nya. Sugan we Bapa anu ngadahar kuehna.” Mamah nembalan protes Dika.
***
Ba’da Isya, Dika naroskeun perkawis kueh teh ka
Bapa anu nuju lalajo TV di ruang kulawarga.
“Pa, punten Dika bade tumaros.” Dika nyarios bari calik dina sofa.
“Perkawis naon kasep?” Bapa ngawaler bari lalajo TV.
“Eta Pa, perkawis toples kueh anu aya di dapur. Naha nya Pa eta kueh teh ngirangan wae? Padahal Dika teh emamna ngan hiji-hiji wee unggal dinten teh.”
“Ah teu terang atuh, Ncep. Da Bapa mah pan tos aya jatahna khusus ti si Mamah. Sugan tuyul meureun nu ngadahar teh.” Bapa ngawaler bari ngaheureuyan Dika.
“Ih Bapa mah sok heureuy wae, ah! Serius Pa, Dika teh serius iyeu!”
“Nya atuh teu terang da Bapa mah, Jang Dikaaaa. Cing tanyakeun ka si De Rima atuh. Sugan we didahar ku si Ade.”
Teu aya jawaban anu pas, Dika teras we ka kamarna rek istirahat. Pas keur gogoleran di kamar, manehna masih keneh lieur mikiran misteri eta kueh teh laleungitan. Dika teh rada ngahuleng ku waleran bapana teh. Kusabab Rima teh nuju kemping pramuka di sakolana. Moal mungkin Rima anu maling kueh eta.
“Ah, tibatan lieur mah mending sare we lah!” Manehna ngagumam na jero hate.
***
Panon poe Minggon tos bijil, Dika geura-geura ka dapur rek ningali toples kuehna. Pek tek kuehna tos seep teu aya anu nyesa. Dika olohok we ningali eta toples anu tos kosong.
“Beuh meni seak kieu kueh teh?! Pokona mah urang kudu bisa newak saha nu maling kuehna! Manehna ngagumam na jero hate.
Teu lila, Rima torojol ka dapur neangan kueh bari masih keneh make baju pramuka anu lengkap.
“Aa, keur naon olohok di dapur?” Rima nyarios ka Dika.
“Iyeu kueh kukis teh geus seak deui. Ade maling kueh anu jatah Aa, nya?!” Dika nembalan Rima bari nuduh Rima anu maling kueh teh.
“Naon eh, tutuduh wae! Urang ge nembe sumping, iyeu kalahkan langsung maen tuduh wae!” Rima keuheul ku Dika.
“Atuh da kueh teh laleungitan wae jaba barala pabalatak. Kan geuleuh atuh Aa teh. Hanas tos diimpen-impen kueh teh.” Dika nembalan deui.
“Matakan tong sok ngampihan kadaharan di lomari dapur geura! Nyaho aya si Marmo nu sagala resep. Didahar ku si Marmo meureunan.” Rima mamatahan Dika bari rada keuheul.
“Ah, maenya ucing bisa ngadahar kueh. Sok aya-aya wae si Ade mah.” Dika teu percanten kanu ucapan Rima.
“Eh si Aa mah teu percanten geura. Enya emang ucing teh seuseueurna mah ngadahar daging. Tapi da si Marmo mah beda, A. Nyaho kan tempe tahu ge sok didaharan ku manehna. Eta suplir ge kuat ka gundul kitu beak didahar ku si Marmo.” Rima tuluy ngawaler.
“Enya oge sih. Tapi teu mungkin ah. Asa ngahayal pisan!” Angger Dika masih keneh teu percaya.
“Nyanggeus ari teu percanten ka Dede mah, kumaha dinya we lah!” Rima nyarios bari keuheul tur ngaleos.
“Eh, geura kalahkah nyiar-nyiar pikakeuheuleun bae si Ade mah.” Dika masih keneh angger ngajak debat Rima.
Rima teu ngadangukeun omongan Dika. Manehna langsung asup ka ruang tengah teras ka kamar mamah neangan mamahna. Di kamar mamah, Rima ngagorowok.
“Maaaaah, naha sih si Aa nuduh dede anu maling kuehna? Pan dede mah teu apal atuh mah da kemping tea.” Rima ngadu ka mamahna, teu nampi dituduh maling kueh.
“Teuing ah si Aa mah sok ribut wae ari nanaon teh, komo ari urusan kueh mah nomor hiji tah ramena teh.” Mamah ngawaler bari gigideug.
“Mah, ari kueh kukis jatah anu Dede aya?” Rima nanyakeun jatah kuehna.
“Ya Allah Dede punten nya, Mamah hilap teu nyesakeun kanggo Ade. Engke sonten atuh nya bantosan Mamah ngadamel kueh, nya.” Mamahna ngajakan Rima kanggo ngadamel kueh.
“Ah si Mamah mah! Angger abong-abong Ade keur kemping teh, sok hilap wae. Muhun atuh Mah, ku Ade dibantosan. Upami bahan-bahanna aya keneh, Mah?” Rima naroskeun bahan-bahan pikeun ngadamel kueh kukis coklat teh.
“Asana mah aya keneh da.” Mamahna ngawaler.
“Muhun atuh Mah, aman ari kitu mah. Dede bade ibak heula nya, Mah.” Rima nyarios bari kaluar kamar.
Rima geura-geura indit ka jamban keur ibak tur bebersih diri. Kusabab manehna tilu poe teu mandi, janten badanna bararau jeung arateul.
***
Ba’da Asar, Rima jeung Mamah tos siap di dapur bade ngadamel kueh kukis deui. Jol Dika teh torojol ka dapur.
“Mah sareng Rima, nuju naraon?” Dika nanya ka mamahna jeung ka Rima.
“Ngadamel kueh, Ujang Dika.” Saur mamahna.
“Tong hilap nya, Aa dibagi satoples.” Dika pesen ka mamahna.
“Yeuh upami palay kueh teh atuh bantuan ngadamelna, da leukleuk. Meni hayang daharna we hungkul.” Rima nyoroscos bari keuheul ka Dika.
“Eh, bae atuh pan Aa mah sibuk, sibuk ulin hahahahaha.” Dika nembalan Rima bari seuseurian.
“Awas we moal dibagi tah!” Rima ngancem Dika.
“Enya atuh enya, engke Aa we anu bagian ngasupkeun kana toplesna, nya.” Dika nembalan deui.
“Enya we lah.” Rima nembalan bari hoream.
Mamah sareng Rima mulai mukaan buku resep kueh anu geus buladig jeung rapuh. Muka bukuna ge kedah lalaunan da bisi ruksak.
“Cing, Neng teangan tah resep kueh kukis coklat!” saur mamahna.
“Muhun Mah. Iyeu parantos aya judulna.” Rima nembalan.
“Sok atuh sebatkeun naon wae cara-cara ngadamel kueh teh.” Mamah miwarang Rima kanggo nyarioskeun langkah-langkah kanggo ngadamel kueh kukis coklat teh.
“Hiji, tarigu 500 gr diayak kanu mangkok, lelehkeun coklat batang, sareng siapkeun oven heula mah.” Rima nyebatkeun langkah-langkah ngadamel kueh.
“Cing, Ujang Dikaaaaa bantuan Mamah kaluarkeun oven eta, teras panaskeun ovenna!” Mamah miwarang Dika kanggo nyiapkeun oven kanggo ngabakar kueh kukis.
“Muhun Mah.” Dika nyanggemkeun piwarang mamahna.
Sadayana saling bantosan kanggo ngadamel kueh kukis teh. Bari jeung aya we aambekanana teh. Sanggeus sadayana rengse, Dika ngalebetkeun kueh kukis anu tos mateng kana toples. Anjeunna ge bari ngampihan kueh kanggo nyalira. Ari pek teh manehnya nyiapkeun hiji toples anu leutik kanggo ngajebak maling kueh anu dugi ka ayeuna masih keneh janten misteri. Anjeunna nyimpen toples eta persis di rak handap kolong dapur.
***
Dina hiji soré, Dika nahan dirina pikeun henteu bobo gancang. Anjeunna nyumput di balik sofa di ruang dapur pikeun ngawas saha anu maling kueh kukis éta. Waktu jam tos nuduhkeun tengah wengi, anjeunna nyerang kaget nalika ningali sesosok leutik ngagerentes ka toples.
“Ya Allah, naon eta? Eh, si Marmo! Rek naon si eta teh” Dika ngagumam dina jero hate.
“Gusti ternyata salami iyeu teh, anu maling kukis teh si Marmo!” Dika ngagumam dina jero hatena. Anjeunna bari geleng-geleng sirah jeung tepok jidat hayang seuri.
Nyatana, anu maling kueh kukis éta sanés sasaha, tapi Marmo, ucing peliharaan kulawargana. Marmo ngaliwat kana dapur sarta kalayan licik ngagugulung tutup toples kalayan suku-suku lemesna, lajeng nyokot hiji kukis sarta ngaleos ka jero imah.
Dika ngahuleng sababaraha saat, terus ujug-ujug seuri. Anjeunna sadar yén Marmo henteu bisa dianggo salah, ucingna ogé bogoh kana kueh kukis coklat éta. Dika terus angkat ka kamar indungna sarta nyaritakeun misteri anu parantos kajawab. Indungna ogé seuri, sarta dina waktos anu sami, aranjeunna mutuskeun pikeun nyieun kueh kukis anu bénten kanggo Marmo, supados ucing éta ogé tiasa nampi bagianna tanpa kedah maling deui.
Ti saprak éta, Dika sareng Marmo ngagaduhan bagéan sorangan tina kueh kukisna, sarta kulawargina janten langkung harmoni sareng pinuh ku seuri.