Wawancara dina basa inggris disebutna interview anu asalna tina kecap inter (lolongkrang) jeung view (panempo). Jadi wawancara teh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih secara langsung antara nu ngawawancara jeung anu di interview (narasumber).
Udagan Wawancara
Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut oge aktualitas fakta.
Nyangking pamadegan resmi ti narasumber
Ngaguar pamanggih ahli.
Konfirmasi keur ngababandingan data
Langkah Langkah
1. Muguhkeun informasi naon anu rek disampaikeun.
2. Nangtukeun saha anu rek diwawancara (narasumber).
3. Nangtukeun iraha jeung dimana wae rek diwawancarana.
4. Nyusun angket wawancara, nyaeta daptar pananya anu rek ditanyakeun. Biasa nyoko kana prinsip 5W + 1H.
5. Dina derna ngawawancara, hadena mah ngagunakeun basa sunda anu merenah.
6. Nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber jeung leuwih hade lamun direkam, difoto, atawa disyuting.
Tatakrama
Aya sawatara tatakrama anu kudu dilaksanakeun mun urang rek ngawawancara, di antarana:
💭 Nu ngawawancara kudu netral, hartina teu meunang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancenna ge ngan ukur nyatet jeung dokumentasikeun hasil wawancara.
💭 Nu ngawawancara kudu sopan, dina prungna ngawawancara kudu nembongkeun pamulu anu someah, rengkak jeung paripolah anu natakrama, jeung make basa sunda anu luyu
Wanda wawancara
Wawancara teh bisa dipasing-pasing jadi sawatara wanda dumasar kanu sipatna, aya tilu nyaeta;
a) Wawancara Mandiri ➡️ wawancara individual anu hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber, biasana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.
b) Wawancara Kelompok ➡️ jumlah pawawancarana lobaan, narasumberna mah bisa saurang atawa bisa wae kelompok. Biasana mah ngawawancara tokoh atawa artis, pawawancara sok ngasongkeun pananya anu beda-beda.
c) Wawancara Konferensi ➡️ kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber, upamana wae acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik. Bisa dilaksanakeun sacara langsung boh teu langsung (teleconference) anu geus rea disiarkeun kubsawatara TV.
Wawancara Konferensi aya dua macam sipat, diantarana:
💥 Wawancara Kauger (wawancara tertutup), hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupaning informasi tina hasi wawancara, ti mimiti identitas narasumber nepi ka perkara anu ditepikeun ku narasumber. Biasana pawawancara geus nyayagikeun angket anu patalekan jeung jawabanana geus disadiakeun.
💥 Wawancara Bebas, hartina wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ka pawawancara, biasana mah ngadadak ngasongkeun ka narasumber diluyukeun jeung situasi katut kondisi waktu kagiatan wawancara lumangsung. Wawancara teu kauger kudu ngarahasiakeun identitas narasumber.
https://youtu.be/AILkRtqIPpc ➡️➡️➡️ video wawancara