Salah sahiji sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger kana patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan.
💐 Struktur sajak
1. Tema (jejer), gagasan pokok anu rek ditepikeun ku panyajak ka anu maca. Tema teh rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kemanusiaan, cinta ka lemah cai, jeung masih loba deui.
2.Nada jeung Suasana, nada mah sikep panyajak ka anu maca. Tina sikep panyajak ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ka nu maca.
3. Rasa, hartina ngajiwaan hiji sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Dibacana teh digorowokeun, digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan.
4. Amanat, pesan anu hayang ditepikeun ku panyajak ka nu maca.
💐 Rupa rupa sajak :
1. Sajak Epik, sajak panjang anu nyaritakeun tokoh-tokohna anu gagah perkasa ngabela bebeneran. Sajak ieu oge nyaritakeun pahlawan nu aya patalina jeung legenda, kepercayaan, atawa sajarah.
2. Sajak Naratif, sajak anu ngandung suasana carita, lakon, perwatakan, setting, atawa runtuyan kajadian tangtu nepi ka saperti carita biasa wangun prosa, ngan ditulis ku wangun sajak.
3. Sajak Lirik, sajak anu ngebrehkeun eusi jeung batin panyajakna nu dibarengan ku pangalaman, sikep, jeung suasana batin panyajak.
4. Sajak Dramatik, sajak anu objektif ngambarkeun paripolah hiji jalma, boh ku wanda lakon, dialog, monolog jeung ayana gambaran kisah nu tangtu.
5. Sajak Didaktis, sajak anu eusina mipikaboga ajena-ajen atikan tur jelas katiten dina basana.
6. Sajak Satir, sajak anu ngandung sindiran atawa kritik.
7. Sajak Romansa, sajak ngeunaan carita cinta hiji jalma ka jalma nu dipikaasihna.
8. Sajak Elegi, sajak kasedih ti panyajak ka nu ditujun.
9. Sajak Ode, sajak anu eusina puja puji ka hiji jalma atawa hal anu ditujuna ti si panyajak.
Sajak Himne, sajak anu eusina puja puji ka gusti atawa ekspresi mika cinta ka lemah cai.
https://drive.google.com/drive/folders/1_b6aw3o6FCb9YmWJ3NrvYbV9ooepmSdD
🪷 link video musikalisasi sajak kelompok 2