Biantara nyaeta ekspresi pikiran dina wangun kecap anu ditujukeun ka balarea (pidato)
Struktur Biantara
1. Salam pamuka atawa salam pembuka (Assalamualaikum Wr Wb atawa ku salam kawilujengan.
2. Mukadimah, bubuka anu dieusi ku omongan muji ka pangeran jeung nepikeun solawat ka Rasulullah.
3. Ngahaturkeun pangwilujeung kanu hadir, nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasampatan ka dirina pikeun nepikeun biantara.
4. Eusi biantara
5. Panutup anu ngawengku sanduk- sanduk bisi salila cacarita aya kecapan anu salah atawa teu merenah.
6. Nepikeun dua sareng salam panutup
Padika Biantara :
Aya sawatara faktor anu ngalantarkeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balarea, diantarana:
a) Tatag Nyarita, hartina urang kudu nyarita bari tatag atawa tetela, henteu karagok atawa loba ngarandeg.
b) Aktual Temana, tema kudu aktual lain tema-tema anu geus basi.
c) Munel Eusina, biantara anu ditepikeun eusina loba pulunganeunana atawa loba manpaatna.
d) Alus Basana, anu dipake basana teh alusna mah dirembeuy ku mamanis basa, diselapan ku babasan jeung paribasa atawa bisa oge ku sisindiran.
e) Ngandung Wirahma, omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Kudu make lentong anu hade
Jenis :
💟 Biantara Impromtu, anu ditepikeun sacara spontan henteu make persiapan atawa teks.
💟 Biantara Memoriter, anu dihafalkeun teksna sateuacan biantarana diucapkeun.
💟 Biantara Naskah, anu ditepikeun sabari ngabaca teks biantara.
💟 Biantara Ekstemporan, anu ditepikeun sacara bebas teu make teks tapi geus nyieun garis besarna.