Kawih nyaeta rarakitan basa anu ditulis ku para pujangga sarta miboga birasa anu ajeg. Kawih teh geus jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina elmu musik sunda, kawih mah teu kauger kana aturan birama jeung ketukan.
Perbedaan kawih, kakawihan, jeung tembang
💿 Kawih nyaeta lalaguan sunda anu teu kauger ku pupuh waditrana modern tur wirahmana bebas (Conto: Es lilin - mursih, Bubuy Bulan -Benny Corda)
💿 Kakawihan mah sarua jeung kawih, bedana kakawihan dihaleuangkeunana teh dina kaulinan barudak, sok disebut oge kawih murangkalih/kawih barudak (Conto: oray-orayan, cingciripit)
💿 Tembang nyaeta lagu sunda anu kauger aturan (Conto: Mupu Kembang, Papatet)
UNSUR UNSUR KAWIH :
Unsur-unsur kawih teh aya dua, nyaeta..
🤹🏻♀️ Adegan Lahir
unsur fisik rumpaka kawih
a.) Wangun (tipografi), dibangun beda-beda aya anu sapada, dua pada, jeung saterusna.
b.) Pilihan Kecap (diksi), rumpaka kawih anu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake. Biasa sok kapanggih kecap-kecap nu geus langka atawa disebutna arkaik.
c.) Citraan (imaji), aya citraan swara atawa auditif, citraan panempo atawa visual, jeung citraan pangrasa atawa taktil.
d.) Gaya Basa (figuratif), bisa ngabulularkeun ayana harti konotatif.
e.) Purwakanti, padekeutna sora kecap boh diawal, tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Purwakanti aya dua, aya anu rantayan nyaeta ngajajar ka gigir jeung aya runtuyan anu ngajajar ka handap.
🤹🏻♀️ Adegan Batin
anu teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun
a.) Jejer (tema), nyaeta poko pikiran anu aya dina rumpaka kawih, aya kaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai, jeung saterusna.
b.) Rasa (feeling), nyaeta ngajiwaan eusi rumpaka kawih.
c.) Wirahma (tone), nyaeta sikep pangarang ka anu maca.
d.) Amanat (intention), nyaeta pesen pangarang anu karasa ku nu maca rumpaka kawih.