Wawancara dina Bahasa inggris disebutna interview, asalna tina kecap inter (antara; lolongkrang) jeung view (panitén; panempo). Nilik kana rucatan kecap kitu, wawancara téh bisa dihartikeun kagiatan guneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber; réspondén). Ku ayana téknologi, wawancara gé bisa dilaksanakeun jarak jauh ngaliwatan média internét anu disebut vidéo conference. Dina widang jurnalistik, kagiatana wawancara téh penting keur salasaurang jurnalis atawa wartawan keur nyangking atawa maluruh informasi keur nulis warta. Anapon dina kagiatan panalungtikan, wawancara dilaksanakeun pikeun tujuan maluruh atawa néangan data keur bahan panalungtikan.
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
Aktualitas fakta nyaéta mastikeun bener atawa henteuna kajadian éta téh.
Nyangking pamadegan resmi ti narasumber.
Ngaguar pamanggih ahli.
Konfirmasi keur babandingan data.
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
Muguhkeun informasi nu dék dikumpulkeun
Nangtukeun narasumber na
Nangtukeun dék iraha jeung dimana wawancara na téh
Nyusun angket wawancara, nyaéta 5W+1H: what(naon), when(iraha), where(dimana), why(kunaon), who(saha), jeung how(kumaha)
Pas keur wawancara, hadéna mah ngagunakaeun Basa Sunda anu merenah
Nyatet informasi anu penting, leuwih hade lamun dirékam, difoto, atawa disyuting.
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
Nu ngawawancara téh kudu nétral, maksudna teu menang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancénna ngan ukur nyatetkeun, ngarekam, jeung ngadokuméntasikeun.
Nu ngawawancara kudu sopan, maksudna téh nu ngawawancara kudu némbongkeun pamulu anu soméah.
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
1) Nyatetkeun
2) Ngarékam
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
Dumasar ka na carana
Wawancara Mandiri
Hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.
Wawancara Kelompok
Wawancara kelompok biasana jumlah pawawancarana lobaan.Narasumberna mah bisa saurang bisa waé kelompok. Pawawancara biasana ngasongkeun pananya anu béda-béda
Wawancara Konférénsi
Wawancara konférénsi hartina kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber. Upama waé acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi publik.
Dumasar ka na sifatna
Wawancara Kauger
Wawancara Kauger sok disebut ogé wawancara tertutup, hartina pawawancara kudu bisa nyekel rusiah rupaning informasi tina hasil wawancara. Narasumber mah pancénna ngeusian jeung milih jawaban anu dianggap luyu atawa bener.
Wawancara Bébas
Wawancara bébas téh kagiatan wawancara anu pananya teh dirumuskeun ku pawawancara.Narasumber ge biasana mere jawaban-jawaban anu ngadadak kapikir harita kénéh. Wawancara bebas sok disebut ogé wawancara terbuka, hartina pawawancara teu kauger kudu ngarusiahkeun identitas narasumber.
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X