Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumeberna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna oge tara kapaluruh, hese diteangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan sejenna. Ukuran carita dongeng ilaharna parondok, meh sarua jeung carpon
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
a. Fabel atawa dongeng sasatoan, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa. Upamana wae bisa nyarita jeung bisa mikir.
Contona: dongeng “Gajah jeung Sireum”.
b. Parabel atawa dongeng jalma biasa, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen.
Contona: dongeng “Si Kabayan Ngadeupaan Lincar”.
c. Legenda atawa dongeng sasakala, nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
Contona: dongeng “Sasakala Tangkubab Parahu”.
d. Sage atawa dongeng babad, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.
Contona: dongeng “Sunan Permana di Puntang”.
e. Mite atawa dongeng kapercayaan, nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lalembut atawa perkara-perkara anu goib.
Contona: dongeng “Nyi Roro Kidul”.
Sumber: Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
Unsur Intrinsik
a. Tema, nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu aya dina dongeng. Tema mangrupakeun jiwa ti sakabeh bagian carita nu aya dina dongeng. Umpama ditilik tina cara nepikeunana, aya tema anu ditepikeun ku sacara tersurat atawa sacara jelas jeung ku sacara tersirat atawa sacara samar-samar.
b. Latar, nyaeta sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carita dongeng. Aya tilu unsur anu dianggap poko nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana.
c. Galur, nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carita dongeng.
d. Tokoh, nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji dongeng. Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.
e. Watak Tokoh, nyaeta unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran fisik tokoh.
f. Amanat, nyaeta pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita dongeng.
g. Sudut Pandang, nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina dongeng ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
h. Gaya Basa, nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun dongeng anu hirup jeung endah.
Unsur Ekstrinsik
Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik nu aya dina dongeng nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji dongeng. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina dongeng nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.
Sumber: https://brainly.co.id/tugas/5307545
Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran yeuh…. kieu geura …!!
” Itu lain langlayangan
Manuk heulang puputeran
Hirup teh henteu sorangan
Kudu daek silih tulung. “
= Selesai =
sumber : https://basasunda.com/5-cerita-dongeng-fabel-bahasa-sunda/
Sasakala Gunung Wayang
Analisis :
Jenis dongeng : Legenda, lantaran nyaritakeun asal muasal hiji hal.
Unsurna,
1. Tema :
Aya hiji pamuda nu jenenganna Gagak Taruna ngahianatan cinta ka saurang puteri sabab bogoh ka anu leuwih geulis, nu matak pamuda éta cilaka.
2. Latar
Tempat : Gunung Wayang, Lembah Ci Tarum, Makam Nyi Kantri, Hutan.
Waktu : beurang, wengi , maghrib.
Suasana : sedih, kasmaran, ambek.
3. Galur : maju
4. Tokoh : Pangeran Jaga Lawang, Puteri Langka Ratnaningrum, Gagak Taruna, Nyi Kantri Manik.
5. Watak Tokoh :
- Gagak Taruna : gampang kabuay jeung teu bijaksana.
- Nyi Kantri : Ambek jeung sedih
- Pangeran Jaga Lawang : Ambek jeung sedih
- Puteri Ratna Ningrum : sedih
6. Amanat :
Jadi jalmi téh kedah setia, sabab mun hianat bakal cilaka.
7. Sudut Pandang : urang Ka tilu
8. Gaya Basa :
- Majas hiperbol