Sajak nyaéta salasahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi).
Sajak téh mangrupa karya sampeuran anu jolna tina sastra deungeun, nyaéta pangaruh tina sastra Éropa. A
Asup tur jadi banda sastra Sunda ti mimiti kira-kira taun 1946, nyaéta nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngaréka basa dina wangun sajak.
Pangarang Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis WS.
Adegan lahir :
Wangun Sajak (Tipografi)
Pilihan Kecap (Diksi)
Citraan (Imaji)
Gaya Basa (Figuratif)
Purwakanti
Adegan Batin :
Jejer (sense)
Rasa (feeling)
Wirahma (tone)
Amanat (intention)
Sajak anu sifatna ngalalakonkeun, ngadadarkeun, atawa nyaritakeun.
Sajak anu henteu ngalalokan
Aya sawatara padika dina nyusun parafrase sajak, di antarana waé:
a. Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan gemet;
b. Catetkeun kekecapan anu dianggap hésé, geus kitu paluruh harti jeung sinonimna;
c. Tulisakeun deui sajak anu dibaca atawa diregepkeun maké basa sorangan,
d. Tepikeun deui hasil parafrase téh ku cara dibacakeun di hareupeun babaturan.
Dumasar kana carana, parafrase téh aya dua rupa, nyaéta:
1. Parafrase kauger, nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna.
2. Parafrase bebas, nyaeta ngarobah sajak kana basa lancaranmake kekecapan sorangan. Kecap-kecap anu aya dina sajak aslina bisa dipake bisa oge henteu.
Diajar ngahontal asa
Barudak, naon nu bisa nyalamatkeun urang
Di dunya jeung aherat
Nu puguhmah iwal elmu nu bisa dicepeungan
Sabab duitmah tangtu aya beakna
Ayena rek isuk ogé sarua sing garetol diajar
Elmu mah moal beurat dibabawa
Ku si mamah jeung bapak gé matak bangga
Sing luyu jeung babaturan komo jeung sararéa
Keur leutik kudu sing bageur
Ngarah ngalampah elmu nu ka ugeur
Sing matak jadi jalma nu mulia
Bisa mawa indung bapa ka surga
Keun bae ngarasa cape
Da puguh aya usaha nu dilakonan
Da jaga mah moal jeung saha-saha
Jang urang keur matak bisa bagja
Tugas Vidio Sajak