Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga). Kawih nyaéta rakitan basa anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak, boh kawih tradisional boh wanda anyar.
Sumber: https://su.wikipedia.org/wiki/Kawih
Kawih aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Kawih teh jadi bagian tina kabeungharan basa, sastra, jeung seni Sunda.
Kakawihan mah méh sarua jeung kawih. Bédana kakawihan mah dihaleuangkeunana the dina kaulinan barudak. Ku kituna, kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Conto kakawihan nyaeta “Oray-Orayan”, “Pacicipoci”, jeung sajaba ti éta.
Pupuh nyaeta salah sahiji jenis kasenian sunda anu mangrupa kakawihan puisi anu tangtu polana, boh engang (suku kata) atawa sorana. Satiap pupuh ngagaduhan masing-masing watek atawa ciri nu ngagambarkeun hiji kaayaan atawa kajadian.
Sumber:
Buku Panggelar Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK Kelas X
Dumasar kana sajarahna, aya tilu rupa kawih nurutkeun jamanna, nyaeta kawih jaman baheula atawa jaman buhun, jakwih jaman Jepang jeung kawih jaman ayeuna atawa kiwari. Tah eta klasifikasi kawih nurutkeun jaman atawa waktuna. Tapi aya oge anu ngabagi kawih jadi du rupa nyaeta anu disebut kawih klasik jeung kawih pop.
Sacara singget, anu dimaksud kawih Sunda klasik nyaeta kawih anu ngagunakeun 5 nada atawa pentatonik (da, mi, na, ti, la), conto kawih Sunda anu ngagunakeun 5 nada nyaeta saperti kawih Sabilulungan. Sedengkeun anu dimaksud, kawih Sunda pop nyaeta kawih anu ngagunakeun 7 nada atawa diatonik (do, re, mi, fa, sol, la, si), conto kawih Sunda pop nyaeta sapert kawih Peuyeun Bandung.
Sumber: https://brainly.co.id/tugas/12936942
BASA SUNDA
Cipt: Ubun R Kubarsih
Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda
Sapopoe kade lali
Sasauran basa sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hade budi
Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda
Disakola kitu deui
Sasauran basa sunda
Ka ibu bapa guru
Ka sobat babaturan
Sing giatna hormat diajarna
Diajar basa sunda diajar basa sunda
Titenan dina kamusna
Ka koran jeung majalah
Sing ngarti ulah salah
Resep temen maca buku sunda
Diajar basa sunda diajar basa sunda
Ditekan dina laguna
Apalkeun haleuangna
Sing bentes kalimahna
Resep temen ngawih lagu sunda
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
Kawih ''Basa ''Sunda''
Tema: Pangajaran Basa Sunda
Rasa: Gumbira, Semangat, Atoh
Nada: Modern (do, re, mi, fa, sol, la, si), Gumbira
Amanat: Basa Sunda téh nyaéta Basa indung urang anu kedah di leustarikeun. Minangka urang sunda, arurang sadaya téh kudu bisa basa sunda, jeung nganggunakeun basa sunda di kahidupan sapopoé. Kalimah na ogé kudu béntés.
Kawih ''Es lilin''
Tema : Anu dicaritakeun dina kawih Es Lilin, nyaeta yen salaku hiji wanoja, kudu bisa ngajaga harga dirina.
Rasa : Gumbira,Sedih,Sumanget
Nada : Modern (do, re, mi, fa, sol, la, si)
Amanat : Hiji wanoja, sanajan mikacinta pisan ka hiji jajaka, ulah sok wani bareng paduduaan umpama can jadi salaki pamajikan anu geus resmi (saperti ditunjukkeun dina kalimah "abdi alim dunungan paduduaan"). Salaku hiji wanoja oge kudu boga rasa kasieun, nyaeta sieun di bawa ka mana-mana (saperti ditunjukkeun dina kalimah "sok sieun mah dibantun ka mana-mana").