A. Wawancara nyaeta kagiatan guneman atawa tanya-jawab antara dua atawa leuwih jelma sacara langsung.
B. Sawatara ahli komunikasi nétélakeun yén wawancara teh mibanda tujuan (udagan) pikeun:
1) Mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebu ogé aktualitas fakta,
2) Nyangking pamadegan resmi ti narasumber,
3) Ngaguar pamanggih ahli, jeung
4) Konfirmasi keur babandingan data.
C. Mun urang rék ngayakeun kagiatan wawancara, aya sawatara hal anu perlu diéstokeun:
1) Muguhkeun informasi naon anu rék dikumpulkeun,
2) Nangtukeun saha anu rék diwawancarana (narasumber),
3) Nangtukeun iraha jeung di mana rék diwawancarana,
4) Nyusun angket wawancara, nyaéta daptar pananya (pertanyaan) anu rék ditanyakeun. Biasana nyoko kana Prinsip 5W+1H: What (Naon), Where (Di mana), When (Iraha), Why (Ku naon), Who (Saha), jeung How (Kumaha).
5) Dina derna ngawawancara, hadéna mah ngagunakeun basa Sunda anu merenah.
6) Nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber. Bakal leuwih hadé lamun dirékam, difoto, atawa disyuting.
D. Aya sawatara tatakrama anu kudu dilaksanakeun mun urang rék ngawawancara, di antarana:
a) Nu ngawawancara kudu nétral, hartina teu meunang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara mah pancénna gé ngan ukur nyatetkeun, ngarékam atawa ngadokumentasikeun hasil wawancara.
b) Nu ngawawancara kudu sopan, hartina dina prungna ngawawancara kudu némbongkeun pamulu anu soméab réngkak jeung paripolah anu natakrama, jeung nyarita maké basa Sunda anu luyu jeung tatakrama.
Lian ti aya tatakramana, nu ngawawancara gé kudu ngalaksanakeun dua hal ieu di handap, nyaéta:
(1) Nyatetkeun, pawawancara kudu nyatetkeun naon wa tina hasil wawancara. Pawawancara kudu nyiapkeun alat tulis keur nyatetkeun informasi anu kacangking tina hasil wawancara Dina waktu nyatotkeun jawaban narasumber basana mah pawawancara teh ukur nyatetheun hal-hal pentingna wingkul Geus kitu tuluy disusun jadi laporan wawancara kalayan bener tur informatif.
(2) Ngarekam, pawawancara biasana ngarékam kagiatan wawancara make alat rekaman boh sacara audio atawa audio-visual. Alat rekaman biasana keur ngadokumentasikeun kagiatan wawancara, nepi ka sakabeh informasi wawancara téh bisa kacangking sacara lengkeps Pawawancara biasana mah nyusun transkrip kaman geus kitu nyusun laporan hasil wawancara. Usama dibandingkeun jeung wawancara nu dicatetkeun, wawancara anu direkam biasana hasilna leuwih lengkep.
E. Dumasar ka nu carana, kagiatan wawancara dibedakeun adi tilu rupa, nyaéta wawancara mandiri, wawancara kelompok jeung wawancara konferensi Wawancara individual sok disebut ogé wawancara mandiri,
a. Wawancara Mandiri, hartina saurang pawawancara ngayakeun wawancara ka saurang narasumber. Wawancara mandiri biasana dilaksanakeun ku saurang wartawan waktu keur maluruh narasumber keur nulis hiji warta.
b. Wawancara Kelompok, wawancara kelompok mah biasana jumlah pawawancarana lobaan. Narasumberna mah bisa saurang bisa wać kelompok. Upamana wao, sababaraha urang wartawan ti sawatara média TV, radio jeung koran ngawawancara grup band, artis, atawa tokoh politik. Pawawancara biasana ngasongkeun pananya anu beda-beda.
c. Wawancara Konférénsi, wawancara konferensi hartina kagiatan wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber. Upamana wae acaro talkshoco dina TV atawa kagiatan diskusi publik. Wawancara kelompok ge bisa dilaksanakan boh sacara langsung boh feu langsung (teleconference), upamana geus réa disiackeun ku sawatara TV. Dumasar kana sipatna, kagiatan wawancara dibedakeun jadi dua rupa, nyaéta wawancara kauger jeung wawancara bebas.
Video Wawancara Kepala Dinas Pendidikan Jawa Barat - Bapak Dedi Supandi.
Waktos: Salasa, 29 Maret 2022
Tempat: Kantor Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.