A. Sajak nyaeta salasahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi).
B. Unsur - Unsur sajak teh diantarana:
Adegan Lahir
Nu dimaksud adegan lahir téh nyaéta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, di antarana:
1) Wangun Sajak (Tipografi)
Sajak téh ditulisna béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada, jeung saterusna. Tina sapadana gé teu matok siga sisindiran atawa pupuhu, bébas kumaha panyajakna. Lian ti éta, naha huruf-hurufna maké aksara leutik atawa gedé (kapital), ieu gé mangaruhan kana wanguna sajak.
2) Pilihan Kecap (Diksi)
Sajak nu alus téh gumantung kana kecap-kecap anu dipaké ku panyajakna. Biasana sok kapanggih kecap-kecap anu geus langka dipaké (arhaik), tuluy dipaké nuliskeun sajak. Upamana waé, kecap asih diganti jadi kecap duriat, atawa kecap sedih diganti jadi kecap tunggara.
3) Citraan (Imaji)
Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon anu karasa, katempo, jeung kadéngé ku nu maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak. Citraan dina sajak sifatna bisa citraan swara (auditif), citraan panempo (visual), jeung citraan pangragap (taktil). Sajak nu alus téh taya lian sajak anu bisa ngabalukarkeun nu macana téh milu ngarasakeun kana naon anu ditepikeun dina éta sajak.
4) Gaya Basa (Figuratif)
Gaya basa dina sajak téh bisa ngabalukarkeun ayana harti konotatif. Gaya basa dina sajak bisa nimbulkeun harti nu beunghar kana eusi sajak. Sajak téh jadi psimatis, hartina bisa mibanda harti anu mundel, jero, tur loba. Dina basa Sunda aya sawatara gaya basa, upamana mijalma, ngasor, kadalon, rarahulan, jsté.
5) Purwakanti
Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah. Nilik kana perenahna, purwakanti téh bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan. Ku lantaran kitu, purwakanti teh aya nu ngajajar (purwakanti rantayan), anu ngaruntuy (purwakanti runtuyan), atawa gabungan boh rantayan boh runtuyan.
Adegan Batin
Adegan batin sajak mah teu katémbong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirarasakeun. Carana bisa dibaca sababaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna.
1) Jejer (sense)
Jejer téh poko pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa téma téh gagasan poko anu rek ditepikeun ku panyajak ka nu maca. Téma dina sajak rupa-rupa, aya téma kaagamaan kamanusaan, cinta ka lemah cai, jsté. Upamana wae sajak "Tanah Sunda" di luhur téh nyaritakeun kaayaan tanah Sunda anu keur harénghéng. Jadi bisa dicindekkeun témana téh ngeunaan cinta ka lemah cai (sarakan).
2) Rasa (feeling)
Rasa téh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih sabada dibaca. Naha dibacana téh digorowokeun digalantangkeun, dihariringkeun atawa dilenyepan dina jero haté. Sajak "Tanah Sunda" upamana, moal kapanggih rasa eusina mun dibacana ukur dina jero haté. Sabalikna baris kapanggih tur karasa kumaha keueungna, mun macana digorowokkeun atawa digalantangkeun.
3) Wirahma (tone)
Nada téh sikep panyajak ka nu maca.
4) Amanat (intention)
Amanat téh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Tapi najan kitu, amanat dina hiji sajak ditangtukeunana téh gumantung nu maca. Hartina urang dibéré kabébasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.
Video Sajak "Pahlawan Kiwari"
Anggota:
Muhammad Deryl Komara Putra (20)
Muhammad Helmi Kinan Firdaus (22)
Muhammad Raffi Faisal (24)
Teks Puisi "Pahlawan Kiwari"
Para pahlawan anu parantos berjuang
Ngasah pakarang jeung pedangna
Demi Ngalawan penjajah
Pikeun ngabéla nagara urang
Demi nagara…
Anjeun ngorbankeun waktos Anjeun
Demi bangsa...
Anjeun ngorbankeun hirup anjeun
Awi runcing nu satia marengan anjeun
Tataranjang suku nu teu beralas
Anu ayeuna mawa Indonesia
Ka karaton kamerdékaan
Hei Pahlawan Indonesia...
Anjeun teu pernah bosen ngabdi...
Ngorbankeun sakumna jiwa, raga, sareng nyawana pikeun nagara ieu…
Teu gentar sumanget dina jiwa anjeun...
Hei, para Pemuda…
Anjeun generasi harepan pikeun nagara ieu...
Bangun nagara sareng lindungi ibu pertiwi...
Ngahurungkeun sumanget dina jiwa sareng ngobarkeun bendéra mérah putih...
Perjuangan anjeun teu siga baheula...
Ngalawan seueur penjajah dugi ka pertumpahan getih…
Anjeun mangrupikeun harepan bangsa ieu
Jalma anu kudu terus maju tanpa nyaho kecap pasrah.