Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku aturan. Kawih nyaeta mangrupakeun rakitan basa sabangsa dangding anu henteu make patokan pupuh. Pupuh teh nyaeta wangun puisi lisan tradisional Sunda anu kalimahna kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Jadi kawih teh nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Tapi sanajan henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih mangrupakeun hiji lagu anu miboga unsur seni, nyaeta unsur seni musik jeung seni sastra. Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruan dina hal sarua mangrupakeun lagu Sunda bebas, anu henteu kaiket ku patokan pupuh. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta kakawihan mah sok dipake keur kaulinan atawa keur digawe, sedengkeun kawih mah ngan saukur dipake keur ngalagu wungkul.
Jenis jenis kawih nu aya nyaeta :
Kawih tangtung
Kawih panjang
Kawih lalangunan
Kawih bongbongkaso
Kawih parerane
Kawih sisindiran
Kawih bwatuha
Kawih babatranan
Kawih porod eurih
Kawih sasambatan
Kawih igel-igelan
Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik nu aya dina hiji kawih. Kawih nyaeta salah sahiji rupa lagu Sunda. Aya sawatara rupa lagu Sunda, nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung tembang. Umapama ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan nyaeta karya sastra wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Jadi kawih jeung kakawihan mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Bedana kawih jeung kakawihan nyaeta ari kawih mah biasa dihaleuangkeun di mana wae jeung iraha wae, sedengkeun ari kakawihan mah biasana dihaleuangkeun dina waktu keur ulin, kakawihan biasa dihaleuangkeun dina kaulinan barudak. Ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan oge mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Salian ti kawih jeung kakawihan, aya oge lalaguan Sunda lianna nyaeta tembang.
Aya 2 kawih nu bade abdi analisis, nyaeta kawih "Basa Sunda" sareng "Sancang"
Kawih Basa Sunda
Tema Kawih eta nyaeta tentang basa sunda.
Perasaan jeung suasana panulis kana kawih ieu nyaeta seneng jeung gembira.
Nadana lembut jeung halus.
Amanatna urang kudu belajar, ngagunakeun, jeung ngalestarikeun basa sunda.
Cover Basa Sunda
Anggota:
Azka Zulkahfi (8)
Garvan Dwiyasykur Prasetya (13)
Krisna Yudha Ganesha Putra (14)
Mahesa Alif Nur Fauzzi (16)
Muhammad Deryl Komara Putra (20)
Cover Manuk Dadali
Anggota:
Azka Zulkahfi (8)
Garvan Dwiyasykur Prasetya (13)
Krisna Yudha Ganesha Putra (14)
Mahesa Alif Nur Fauzzi (16)
Muhammad Deryl Komara Putra (20)