A. Dongeng nyaeta karya sastra anu mangrupa carita rekaan atawa khayal dina wangun lancaran atawa prosa.
B. Ciri-ciri dongeng nyaeta sumebarna sacara lisan, teu kanyahoan saha nu ngarangna, ngegunakeun basa lancaran, ilaharna pondok, jeung eusina mangrupa rekaan.
C. Struktur carita dina dongeng:
Jejer (Tema), nyaeta ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita.
Latar (Setting), nyaeta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
Palaku (Tokoh), nyaeta naon-naon anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita, bisa jalma, sasatoan, jeung sajabana.
Galur (Alur), nyaeta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngeleunjeur.
Amanat (Pesen), nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana.
D. Papasingan Dongeng
Tina sajumlahing dongeng anu sumebar di masyarakat, bisa dipasing-pasing jadi sawatara bagian:
Fabel atawa dongeng sasatoan, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusia.
Parabel atawa dongeng jalma biasa, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa.
Legenda atawa dongeng sasakala, nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal.
Sage atawa dongeng babad, nyaeta dongeng nu nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma anu aya patalina jeung sajarah.
Mite atawa dongeng kapercayaan, nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat.
E. Kalimah Parentah
Kalimah panitah, nyaeta kalimah anu dipake pikeun maksa batur sangkan migawe hiji pagawean.
Kalimah pangajak, nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajak batur sangkan migawe hiji pagawean.
Kalimah pangharepan, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun harepan atawa kahayang.
Kalimah panyarek, nyaeta kalimah anu dipake pikeun nyarek batur migawe hiji pagawean.
Kalimah pangwawadi, nyaeta kalimah anu dipake pikeun nganjurkeun ka batur sangkan migawe hiji pagawean.
Kalimah pangjurung, nyaeta kalimah anu dipake pikeun ngajurungkeun batur sangkan migawe hiji pagawean.
Kalimah panggeuri, nyaeta kalimah anu eusina ngebrehkeun pamenta anu lumengis sangkan batur karunyaeun.
Aya 2 dongeng nu abdi pilari di Youtube, nu kahiji judulna Sireum Jeung Japati, nu kadua judulna Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet...
Review:
Kwalitas ngadongengna alus pisan, abdi resep ngadengerna, dongengna oge alus jeung loba palajaranna.
Eusi Dongeng:
Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hibeur.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Unsur Intrinsik:
Tokoh: Japati jeung Sireum.
Latar Tempat: Sisi walung.
Latar Waktu: Isuk.
Alur Kajadian: Galur maju.
Amanat: Nulungan batur anu rek meunang cilaka teh wajib, geus jadi kawajiban sarerea kudu daek silih tutulung ka batur.
Ieu Video Tugas Ngadongeng Abdi Nu Judulna "sireum Jeung Japati"