Dina kagiatan ieu, runtuyan upacara adat Sunda miboga makna spiritual, sosial, jeung budaya. Kagiatan ieu dilaksanakeun pikeun ngajarkeun ka siswa ngeunaan pentingna bakti ka sepuh, penyucian diri, jeung silaturahmi minangka bekel kanggo ngaléngkah ka tahap kahirupan salajengna. Prosesi nu dilaksanakeun nyaéta ngaras, siraman, Jeung ngeyeuk sereuh.
Ngaras nyaéta panyuhunan restu ka kolot ku cara ngumbah sukuna. Prosesi ieu ngalambangkeun rasa bakti jeung kahormat ka kolot anu parantos maparkeun pangajaran, pitutur, jeung bimbinganna. Dina prosesi ieu, pangantén nyanggakeun nuhun ka kolot, teras ngumbah sukuna nu hartina panyucian diri, sarta ngadugikeun rasa syukur jeung pikahormat ka kolot ku doa jeung silaturahmi.
Salajengna, aya prosesi Siraman, anu mangrupakeun prosesi penyucian diri boh lahir boh batin, ngalambangkeun kasucian dina kahirupan salajeungna. Prosési ieu dilaksanakeun ku cara pangantén disiram ku cai nu suci di siraman ku kolot atanapi sesepuh, minangka lambang kasucian. Cai siraman biasana dicampurkeun ku rupa-rupa kembang anu ngalambangkeun kahadéan jeung kaharmonisan. Prosési ieu ditutup ku doa supados pangantén salamet jeung meunang berkah dina kahirupan salajengna.
Teras, aya ogé prosési Ngeuyeuk Sereuh, anu mangrupakeun ritual anu dieusi ku piwejang ti kolot jeung sesepuh ka pangantén. Prosesi ieu ngalambangkeun silaturahmi, naséhat, jeung pangbagéa jang kahareupna. Dina prosési ieu, sesepuh atawa sepuh kulawargi mérékeun piwejang ngeunaan hirup anu kudu dilaksanakeun ku pangantén. Pangantén diajakan ngobrol pikeun diajar nilai-nilai kahirupan, sapertos tanggung jawab, duduluran, jeung kahadéan. Sajaba ti éta, simbol-simbol adat, sapertos sirih jeung gambir, nyaéta lambang kaharmonisan jeung duduluran.
Konsum dan Pengantin
݁˖ . ݁Proyek . ݁₊ ⊹
Anggota Kelompok
link pengumpulan tiap divisi
https://drive.google.com/drive/folders/1-0ZvB_bBY4_lx-XCfg9vMXOV_pX0Ome0
RD & Juklak
https://docs.google.com/spreadsheets/d/1AorlXmNRW6Y_Rc93maP_8kCuCWYcwmYCXSyyIeaQzjo/edit?gid=2018364530#gid=2018364530
link peranna
https://docs.google.com/spreadsheets/d/1CbQ2CNx4-fLZ4uuRsn79LZbaCVZKY7B9sEA7JlYgC70/edit?usp=sharing
link after movie
https://www.instagram.com/reel/DF2kZwupTC0/?igsh=MWFsbzRxYzIwY3B0Zw==