Cerita wayang nyaéta carita tradisional anu dipagelarkeun ngalangkungan seni wayang, saperti wayang kulit, wayang golek, atawa wayang wong. Biasana carita wayang dumasar kana epos Mahabarata jeung Ramayana, anu eusina ngandung nilai-nilai moral, filosofi, jeung ajaran spiritual. Wayang henteu ngan ukur jadi hiburan, tapi ogé médium pikeun medarkeun ajaran agama, budaya, sarta pedoman kahirupan. Seni tradisional ieu penting pikeun ngajaga tur neraskeun warisan budaya Indonesia.
- Ngandung Nilai Moral jeung Filosofi
- Aya Unsur Humor jeung Hikmah
- Pagawean Karakter Ku Gunungan atawa Wayang
- Aya Dialog jeung Sora Dalang
1. Tokoh: karakter utama, anatgonis
2. Latar: tempat jeung waktu
3. Alur: bubuka, konflik, puncak, dan panutup
4. Amanat
5. Tema: moral bermakna
6. Dialog: percakapan antar tokoh
7. Dalang: narator
8. Unsur seni: wayang, gamelan
݁˖ . ݁Proyek . ݁₊ ⊹
Anggota Kelompok
- Isaura Catraliya
- Isma Alhusna
- Kinar Kaisya
- Nasya Indira
Pikeun bab ieu, kelompok dibagi dumasar kana jajaran korsi. dina bab ieu urang kudu nampilkeun pintonan wayang kalayan alur carita anu bermakna.
Eusi proyekna :> Penampilan carita wayang
Kelompok kuring mutuskeun nyandak ide awal ti Isaura anu nyarioskeun ngeunaan jalma anu sombong saolah-olah anjeunna tiasa ngalakukeun sadayana. tapi nalika anjeunna naek ka gunung, kacilakaan kajantenan.
"JAMADAGNI"
https://docs.google.com/document/d/19rU8cVdrroMbigA5fN35z0A7n63yftfyvBmMw6cFCjc/edit
https://youtu.be/iSqZzgqkBOM?si=Q11-xmZL-Oaktv_X
SCRIPT 'JAMADAGNI'
Karakter Wayang Jaman Baheula:
Rahwana (Jamadagni)
Rama (Si nu ngingetan)
Karakter Wayang Jaman Ayeuna:
Bhuta (Jamadagni)
Semar (Si nu ngingetan)
Cépot
Pas jaman baheula, aya saurang jalmi anu dikenal ku kapinteranna sangkan anjeunna ngamilikan julukan JAMADAGNI. Ngan di saat nu sarua, kapinteuranna téh ngajieun anjeunna sombong, namina nyak eta Rahwana. Rahwana gaduh babaturan nu ngaranna Rama, anu sok ngemutan ulah sombong sareng ngajak waé diajar sanaos geus loba elmuna.
Dina hiji poé, Rahwana ngawartosan ka Rama yén anjeunna hoyong ka gunung.
Rahwana: abdi téh asa bara rosen, hoyong nyobian hobi nu anyar gening.
Rama: Muhun, sarua abdi ge.
Rahwana: kumaha mun urang muncak ka gunung da can pernah, asa gampil ninggalina.
Rama: Sok ngan kedah disiapkeun heula, kedah diajar heula sateuacan muncak téh
Rahwana: Ah nanaonan éta mah bari kiceup gé jadi, ngan butuh fisik nu kuat we bari pinter siga abdi
Rama: Si dodol tos weh kumaha anjeun, emang bade naek ka gunung naon?
Rahwana: Ciremai lah
Rama: Ai anjeun nu bener we, toh mah pertama kali, diajar gé alimeun, ieu langsung muncak ka gunung pang jangkungna sajabareun, siga bodor wae anjeun téh
Rahwana: Tingali we ngke, gancang abdi mah nepi ka puncakna ge. Anjeun mah loba kasieun, hirupna teh kitu wungkul, teu aya gebrakan, butut.
Rama: (cicing) nyak atos atuh kumaha anjeun weh, mugia mulih kalayan salamet nya
Rahwana téh der naék gunung peuting na, ngan kumargi Rahwana teu mawa alat panerangan nu tahan lami, akhirna anjeunna naek mopoek. Kusabab rahwana teu tiasa ningali nanaon da poek tea, jadina Rahwana teu kahaja labuh ke jurang teras ngantunkeun.
Sababaraha abad ti harita di hiji SMA aya ekskul pencinta alam nu ngaranna Jamadagni jeung sababaraha anggota dijerona, kabeneran aya 3 urang réréncangan anu ngiluan kagiatan ekskul diantarana Bhuta, Semar, sareng Cepot.
Sanajan babaturan, maranéhna boga kapribadian nu béda. Bhuta teh budakna bebeledagan, sakahayangna, jeung wanian. Lamun Semar mah tenang tuluy bijaksana. Hiji deui, si Cepot mah budakna nu pikaseurieun sareng teu gampang ambek.
Semar: Maraneh geus ngerjakeun tugas biologi teu acan?
Cepot: Alahsiah nu mana eta teh cik?
Bhuta: Ah nyantai we da tugasna siga nu gampang, eta mah 5 menit chatgpt ge geus beres
Semar: Entong kitu ai maneh, sok buru kerjakeun mumpung masih aya waktos
Cepot: Ari muncak ka Cikuray teh jadi teu isuk?
Semar: Ceuk si Kang Ikung ditunda heula ka minggu hareup ceunah da persiapanna can asak pisan, engke isuk kagiatanna diganti ku materi surpaipel
Bhuta: Hoream teuing materi wae kagiatanna teh, da urang geus ngarti sadaya ngan butuh kawani we
Semar: Entong angkuh kitu ah
Bhuta: Da eta kanyataanna Mar, urang teu ngaleuleuwihan. Isuk urang rek mangkat ka Gunung Cikuray, paduli bagong ku materi kikituan mah.
Cepot: Ih ai maneh, materi surpaipel teh penting bisi jol mane disitu disuruduk ku bagas, sok kumaha tah?
Bhuta: Saha Bagas?
Cepot: Bagong Ganas yeuh, maenya kitu wae nyaho.
Bhuta: Nu aya, sieta nu sieun ka urang
Isuk teh bener weh si Bhuta mangkat ka Gunung Cikuray bari jeung yakin manehna teh tiasa tektok ka gunung eta, ari babaturanna mah ngadangukeun omongan Kang Ikung yén materi survival teh penting diulik saacan urang patualangan di alam.
Awalna mah henteu aya nu aneh di poe eta teh, nepi isukna nembe aya nu janggal nyaeta si Bhuta acan balik wae padahal ngajanjikeun ngan sapoe diditu alias indit-balik, henteu mondok. Kajanggalan eta teh nganyieun babaturanna hariwang bisi si Bhuta aya nanaon. Akhirna pasukan ekskul Jamadagni teh indit ka Gunung Cikuray neangan si Bhuta, maranehna mah geus dibekelan ku Kang Ikung loba ilmu Ngeunaan eksplorasi alam.
Cepot sareng Semar: BHUTAA… BHUTAA… MANEH DIMANA BHUUT
Cepot: Di mana euy kaseeep, bageuurrr, soleeeh
Jol-jol aya sora anu ceurik
Cepot: Ih siah eta teh sora jurig sugan
Semar: Entong nyingsieunan ai maneh
Cepot: Aslinaa Semar, urang teu ngawadul
Bhuta: Naon jol ka jurig ih si onyon, tempo ka handap atuh
Semar sareng Cepot reuwaseun yen aya nu nimpalan obrolan maranehna, bari gempeur Semar Cepot teh ningali ka handap. Maranehna teh reuwas ninggali Bhuta keur ngagoler leuleus
Semar: Alahsiah Bhuta mane kunaon?
Bhuta: Tulungan urang, urang teu kiat Mar, urang haus pisan
Der weh si Bhuta ditulungan ka rumah sakit. Ari pek teh manehna tijalikeuh napak dahan lantaran di udag ku Bagas, tuluy manehna ngagolosor ka liang kelenci nepi kapanggih ku Cepot sareng Semar. Manehna kaduhung geus ngaremehkeun papatah babaturanna bari jeung manehna teh menta hampura.