Pikeun nepikaun pamanggih ngeunaan hiji obyék atawa hiji masalah. Dina ieu karangan téh sok dikuatan ku alesan anu asup akal atawa dirojong ku bukti jeung conto. Jerona ieu wanda karangan téh bisa nambah wawasan nu macana
Bubuka
Tulisan bisa nerangkeun gambaran tempat, nyaritakeun naon-naon nu rek dipedar, atawa nyaritakeun perkara sejen anu patalina jeung bahan pikeun babandingan
Eusi
Nyaritakeun inti bahasan
Panutup
Minangka pungkasan tulisan bahasan bisa ku kacindekan, harepan kahareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari boh nu hade boh nu goreng pikeun ngirut pamaca
Neangan ide atawa (ilham)
Biasana sok hese neangan ide keur nulis pedaran teh, teu kudu jauh-jauh neangan ide, cokot we tina pangalaman pribadi jeung objek sabudeureun urang
Nangtukeun jejer
Jejer teh inti tulisan pedaran. Sanggeus manggih ide, urang kari mikiran perkara naon wae nu rek dituliskeun teh, teu kudu rea teuing nu diperdar, hadena mah anu matak ngirut. Upamana ditempat sabudeureun hidep aya tradisi jeung budaya sunda
Nyusun rangka tulisan
Sanggeus nangtukeun jejer, jieun rangka tulisan dumasar kana struktur tulisan pedaran, nu ngawengku bagian bubuka, eusi jeung panutup
Basa anu digunakeun
Basa teh pakakas atawa alat utama dina nulis. Dina nulis bahasan ilaharna ngagunakeun basa loma.
Nangtukeun judul
Nangtukeun judul karangan teh hadena ku dua atawa tilu kecap nu luyu jeung jejer, matak ngirut, jeung ngahudang kapanasaran