DongΓ©ng atawa dangiang nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna.
Palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeng ngagunakeun akan pikiran.
Eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, arang sasatoan awata tutuwuhan
Nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sejarah.
Nyaritakeun jalma biasa.
Patali jeung kapercayaan masyarakat.
Eusina mangrupakeun tuladan pikeun manusa
Jejer (tema)
Tema nyaeta ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita.
Latar (setting)
Latar atawa setting nyaeta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita.
Palaku (tokoh)
Palaku atawa tokoh nyaeta naon-naon (bisa jalma, palaku, sasatoan, tutuwuhan, atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalakoan tur dilalakonkeun dina carita.
Galur (alur)
Galur atawa alur nyaeta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur.
Amanat (pesen)
Amanat atawa pesan nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana.
Sumebarna sacara lisan
Teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim)
Ngagunakeun basa lancaran
Eusi caritana mangrupa rekaan malah rea anu pamohalan
Review Dongeng
Dongeng anu dicarioskeun di radio ku salah sahiji murid SMAN 3 Bandung nyaeta dongeng anu dijudulan " Sasakala Gunung Wayang. " Dongeng kasebat dibacakeun kalawan sae ku siswa kasebat. Nada sarta intonasi luyu kalawan naon anu dicarioskeun, ku kituna urang tiasa ngadangu kawas lamun urang aya dina carios kasebat.
Analisis Unsur Dongeng "Sasakala Gunung Wayang"
Jejer (tema)
Legenda
Latar (setting)
Gunung, Malam (maghrib
Palaku (tokoh)
Pangeran Jaga Lawang, Puteri Langka Ratnaningrum, Gagak Taruna, Nyi Kantri
Sudut Pandang
Orang Katilu
Galur (alur)
Maju
Amanat (pesen)
Ulah gampil kabengbat margi perkawis anu sae,margi tiasa janten eta teh jebakan anu ngabantun urang ka rugel. Sarta ulah kabengbat ku hiji hal anu henteu tangtos kawit usul na
π―ππππππ π°ππππ π°πππ
Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah.
Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan.
Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, βDuh, Gustiβ¦ mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. β . Mang Julin teh dahar ngan jeung uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah.
Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas.
Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. βBisa dijual ieu mah, β¦β gerentesna.
Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin.
Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog.
Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake kabutuhan sapopoena.
Pesan Moral :
Tah ti dongeng kasebat tiasa urang bantun palajaran yen dina didamel urang kedah kersaan sarta didamel teuas sarta teras berdoa ka anu di luhur Sarta ulah urang migawe egois sarta sarakah karna tangtos bade ngarugikeun diri urang sorangan.
kalimah anu dipake pikeun maksa batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona : Cing pangmawakeun ember ka dieu
kalimah anu dipake pikeun ngajak batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona : Hayu urang meresihan kelas!
Kalimah anu eusina ngebrehkeun harepan atawa kahayang. Contona: Mugia wae kapalay saderek tinekanan!
Kalimah anu dipake pikeun nyarek atawa nyaram batur migawe hiji pagawean. Contona: Ulah ulin dijalan bisi katabrak!
Kalimah anu dipake pikeun nganjurkeun atawa ngawawadian ka batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona: Sawadina saderek kedah lapor ka RT heula!
Kalimah anu dipake pikeun ngajurungkeun batur sangkan migawe hiji pagawean. Contona: Gancang atuh geura mandi ari rek milu mah!
Kalimah anu eusina ngebrehkeun pementa anu lumengis sangkan batur karunyaeun. Contona: Emh, wayahnya Nyai sing daek prihatin!