Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku aturan. Kawih nyaeta mangrupakeun rakitan basa sabangsa dangding anu henteu make patokan pupuh. Pupuh teh nyaeta wangun puisi lisan tradisional Sunda anu kalimahna kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Jadi kawih teh nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Tapi sanajan henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih mangrupakeun hiji lagu anu miboga unsur seni, nyaeta unsur seni musik jeung seni sastra. Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruan dina hal sarua mangrupakeun lagu Sunda bebas, anu henteu kaiket ku patokan pupuh.
Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta kakawihan mah sok dipake dina kaulinan barudak. Kukituna, kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Ari kawih mah ngan saukur dipake keur ngalagu wungkul. Ari pupuh mah nyaeta wangun puisi lisan tradisional sunda.
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku aturan.
Lalaguan sunda anu sok dihaleuangkeun nalika barudak leutik keur arulin.
Ari kawih klasik mah nyaeta kawih anu biasana ngagunakeun 5 nada atawa pentatonik (da, mi, na, ti, la), ari pop Sunda nyaeta kawih anu ngagunakeun 7 nada atawa diatonik (do, re, mi, fa, sol, la, si). Conto kawih klasik nyaeta kawih sanga gancang, kawih Samoja, kawih enjing deui, jeung sajabanna. Conto kawih modern/pop nyaeta kawih mojang priangan, kawih manuk dadali, kawih peuyeum bandung, jeung sajabana.
gagasan pokok anu rek ditepikeun ku pangarang ka nu maca, jejer dina kawih teh rupa rupa aya nu ngeunaankaagamaan, kamanusaan, cinta ka lemah cai jeung sajabana
sikep pangarang nu jadi sabab aya suasana nu kurasa ku nu maca atawa ku nu ngahaleuangkeun kawih.
rasa dina kawih bakal karasa nalika dihaleuangkeun
pesen pangarang ka nu maca atawa ka nu ngaregepkeun kawih
sora sora nu sarua dina kawih, parwakanti aya dua dua rupa nyaeta aya disebut purwakanti rantayan jeung runtuyan, nu disebut purwakanti rantayan nyaeta padekeutna sora dana sabaris ka gigir. Purwakanti runtuuyan mah padekeutna sora di tutung baris nu ngaruntun ka handap dina sapada
Kusabab kawih miboga dua unsur nyaeta unsur seni musik jeung seni sastra, gunana kawih nyaeta pikeun hiburan jeung sarana pikeun ngebrehkeun jiwa atawa perasaan anu ngarang eta kawih.
a. Kawih buhun atawa tradisional. Buhun artina kuno, jaman baheula atawa bahari. Periode kawih buhun antara waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Conto kawih buhun nyaeta saperti kawih "Banjar Sinom".
b. Kawih jaman Jepang, dimimitian kira-kira waktu Jepang datang ka Indonesia. Sawatara kawih nu aya di jaman Jepang nyaeta saperti kawih "Es Lilin", "Balon Ngapung", "Gehger sore", "Bandowati", jeung sajabana ti eta.
c. Kawih wanda anyar atawa kawih jaman kiwari nyaeta kawih jaman ayeuna. kurun waktu kawi wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar diantarana nyaeta kawih "Anggrek Japati", "Cinta Nusa", "Angin Priangan", "Hujan Munggaran", jeung sajabana ti eta.