Kawih nyaeta laguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Kawih teh mangrupakeun hiji lagu anu miboga unsur seni, nyaeta unsur seni musik sareng seni sastra.
Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta kakawihan mah sok dipake keur kaulinan, sedengkeun kawih mah ngan saukur dipake keur ngalagu wungkul. Ari pupuh nyaeta karya sastra anu bentukna puisi.
Anu ngabedakeun kawih Sunda sareng kawih modern nyaeta nada dasar anu digunakeunna. Kawih Sunda mah ngan 5 nada (pentatonik). Upami kawih modern mah ngagunakeun 7 nada dasar (diatonik). Kawih tradisional bahasana leuwih rumit sareng alat musik nu ngiringan na oge benten.
Basa Sunda, Basa Sunda
Basa indung urang Sunda
Sapopoe kade lali
Sasauran Basa Sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hade budi
Basa Sunda, Basa Sunda
Basa indung urang Sunda
Disakola kitu deui
Sasauran Basa Sunda
Ka ibu bapa guru
Ka sobat babaturan
Sing giatna hormat diajarna
Diajar Basa Sunda diajar Basa Sunda
Titenan dina kamusna
Ka koran jeung majalah
Sing ngarti ulah salah
Resep temen maca buku Sunda
Diajar Basa Sunda diajar Basa Sunda
Ditekan dina laguna
Apalkeun haleuangna
Sing bentes kalimahna
Resep temen ngawih lagu Sunda
Pentingna diajar Basa Sunda anu leres sareng praktekeun dina kahirupan sapopoe.
Modern (do re mi fa sol la si).
Sumanget, bingah, gumbira.
Sebagai urang Sunda, urang teh kedah reueus ngagunakeun Basa Sunda dina kahirupan sapopoe. Baik di bumi maupun di sakola. Kalimahna kedah bentes sareng sopan sesuai undak usuk basa na.
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karengrang kasieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Manuk dadali, manuk nu janten lambang Indonesia. Ngajelaskeun kumaha megahna manuk dadali teh.
Modern (do re mi fa sol la si).
Sumanget, gumbira, reueus, rame.
Urang sebagai rakyat Indonesia teh kedah nyontohan sikap-sikap manuk dadali salah sahiji na anu "resep ngahiji rukun sakabehna". Lantaran sikap eta teh positif sareng bermangpaat kanggo seluruh pihak.
Praktek Kawih
-"Basa Sunda"
-"Manuk Dadali"
https://drive.google.com/file/d/1h4WnnbtemTgz-S1dBaNWDaJzUYnL3-ok/view?usp=sharing