A) Wangenan Dongeng
Dongeng teh nyaeta sastra lami nu nyaritakeun suatu kajadian mangrupa fiksi atanapi khayalan.
B) Jenis Dongeng
1. Dongeng sasatoan (fabel)
Dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana nyarita jeng ngagunakeun akal pikiran. Contona dongeng Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet.
2. Dongeng sasakala (legenda)
Dongeng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, arang sasatoan awata tutuwuhan. Contona dongeng Sasakala Situ Bagendit.
3. Dongeng sage (babad)
Dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sejarah. Upamana bae Dongeng Kian Santang.
4. Dongeng kahirupan jalma biasa (parabel)
Dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Contona dongeng Si Kabayan Ngala Nangka.
5. Dongeng kapercayaan (mite)
Dongeng anu eusina patali sareng kapercayaan masyarakat.
C) Unsur-Unsur Dongeng
1. Unsur tema, nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu aya dina dongeng.
2. Unsur latar, nyaeta sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, sarengsituasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carita dongeng.
3. Unsur galur, nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carita dongeng.
4. Unsur tokoh, nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji dongeng. Tokoh dibagi jadi tilu rupa, protagonis nyaeta anu jadi tokoh utama, antagonis nyaeta anu jadi tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama, jeung tritagonis nyaeta anu jadi Penengah antara tokoh utama jeung tokoh lawan.
5. Unsur watek tokoh, nyaeta unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran fisik tokoh.
6. Unsur amanat, nyaeta pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita dongeng.
7. Unsur sudut pandang, nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina dongeng ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
8. Unsur gaya basa, nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun dongeng anu hirup jeung endah.
(Unsur ekstrinsik: pesen nu tersirat, contona nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama).
D) Conto Dongeng
Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo.
Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah.
Ari minangka alat komunikasina antar sireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter.
Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag.
Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan.
“Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan.
“Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan.
Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang.
Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur.
Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jerona salaput gajah.
Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh.
Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa dilelewean, gajah teh beuki ambek.
Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat.
Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.
Dongeng
Kancil jeung Buaya
source:https://www.youtube.com/watch?v=eGtlNjMkuMg
hiji poe aya kancil anu kalaparan anjeun na hoyong tuang timun karesepna namun timun na aya disebrang walungan, kancil mikir sareng meunang ide anu sae, kancil ngajeurit "Buaya! buaya! hayu urang kaluar!" buaya kaganggu ku kancil "kalian hoyong daging segar?"tanya si kancil, buaya seneng pikeun tuang siang, kancil naroskeun pikeun jajaran lalu kancil luncat diawak buaya ka sabrang walungan si kancil hatur nuhun karek ngapunteun ka buaya, para buaya kesel ka kalakuan si kancil, tungtungna kancil tiasa tuang timun karesepna.
kwalitas ngadongengna
9/10 sabab ngagaduhan penyampaiannya anu sae sareng pikaresepeun kanggo ditonton
Unsur Intrinsik
Dongeng
source:https://www.youtube.com/watch?v=wGh-26XnV_s
Aya saurang turunan ratu. Pangeran Jagalawala tatapa di Gunung Wayang nu kacida tiiseunana. Pangeran kagungan putri, Ni Putri Ratna Ningrum jenenganana. Anjeunna tos kageungan calon. Nyaeta saurang pamuda turunan Galuh. Jenenganana Pangeran Gagap Taruna. Pamuda eta teh daekan. Beurang osok tani. Peuting tapa. Ngampar koneng tur subur. Leuwih muceukil ti taun kamari panen na. Manehna bade gancang kawin sareng Ni Putri geulis. Manehna tapa di hulu waleungan Citarum. Peuting harita, katembong hiji wanoja nu geulis ka wanti-wanti, endah na kabina bina, lucuna pisan. Gagap Taruna kaget. Cicing-cicing neundeun wanoja. Sanajan geus boga kabogoh, sok kabongroy. Putri geulis teh ngaleungit ka cingusru. Sadar etateh gogoda. Mulang, ngan hate jeung pikiranna ngait ka putri tadi. Gagap Taruna di pepelingan, seserehan ka calon istri. Pangeran widi ka walungan citarum. Naburkeun kekembangan, melati, cempaka, sajabana. Nyi Kantri Manik dituturkeun ku pangeran, jlep ka cai, ngambang. Ni Putri ngamuk. Jlep jadi kawah Gunung Wayang. Cai ngagolak di jeburkeun jadi kawah Cibolang Gunung Windu. Putri balik nyegruk nangis eweuh tujuan. Cai ceurikna jadi Curug Cibeurum di Gunung Bedil. Prajurit jadi babatuan. Pangeran dikubur di hulu walungan Citarum. Tong heran di Gunung Wayang aya sora gamelan. Eta teh sora panyambutan pangeran. Ngebul teh tanda kaluargi istri nuju sibuk tatahar masak.
Kwalitas Ngadongengna
8.7/10 Dongeng Sasakala Gunung Wayang teh ngandung pesen moral nu berguna kanggo kahirupan urang sadaya. Intina mah urang teh ulah ngaleupaskeun sesuatu nu tos tangtu ka suatu hal anu teu acan pasti.
Unsur Intrinsik
Link: Sasakala Situ Bagendit (Hafidz Abdillah Alfarizi)XA3
https://youtu.be/fCVQuz9R-Bc