NYALAMETKEUN MAHLUK

Menyelamatkan Mahluk

Tujuan Pengajaran

Sanggeus kagiatan pangajaran carpon nyalametkeun mahluk réngsé, dipiharep siswa bisa :

1. maca carpon pikeun maham eusina;

2. nyaritakeun deui eusi carpon;

3. nyebutkeun harti kecap;

4. nyusun kalimah pananya;

5. ngawangun kecap dirarangkénan tengah;

6. nyieun ringkesan tina bacaan; jeung 7. nyaritakeun gambar kalawan merenah.

A. MACA CARITA PONDOK

TEKS CARITA PONDOK

leu di handap aya carita pondok. Eusina ngeunaan nyalametkeun mahluk hirup. Ayeuna ku hidep baca dina jero haté!


KABAWA ANGIN

Wawan jeung Dudi téh adi lanceuk. Wawan adina Dudi. Duanana sakola di SD Bojongbuah. Wawan sakola di kelas 4, ari lanceukna, Dudi, sakola di kelas 6. Imahna henteu pati jauh ti tempat sakolana.

Buruan imah Wawan téh kaitung lega. Réa kekembangan di hareupeun imahna téh. Aya kekembangan nu langsung dipelak dina taneuh buruan, aya nu dipelak dina pot. Malah tangkal buah ogé aya, rada jangkung. Handapeunana aya bangku nu dijieun tina awi. Di tukangeun imahna, aya sawah jeung balong.


Wawan resep ulin dina bangku handapeun tangkal buah. Harita ogé kitu. Waktu keur ulin di buruan, Wawan gegeroan ka lanceukna.


"A... Aa... ka dieu!" ceuk Wawan ngageroan lanceukna.

"Aya naon, Dé?"

"A, aya sayang manuk murag, kabawa angin."

"Mana?" ceuk Dudi.

"Tuh, A, nyangsang dina tangkal kembang."

"Tangkal kembang nu mana, Dé?" Dudi nanya.

"Itu tuh, tangkal kembang nu di juru imah!" ceuk Wawan bari nunjuk ku curukna. Dudi muru tangkal kembang panuduhan Wawan.


Barang geus deukeut kana tangkal kembang, ku Dudi katémbongeun aya sayang manuk. Tuluy ku manéhna dicokot, dibawa ka hareupeun adina.


"Enya, Dé, aya sayang manuk piit. Tah, anakna aya tilu, guméndol kénéh."

Nempo anak manuk dina sayangna, Wawan atoheun pisan. Pok ngomong ka lanceukna,


"A, urang piara wé anak manuk téh!"

"Enya, karunya. Hayu, urang simpen dina kardus!"

"Tapi, kumaha mun aya ucing atawa beurit?" ceuk Wawan.

"Moal nanaon. Saheulanan mah urang simpen di kamer urang wé,samémeh aya kurungna." ceuk Dudi.

Anak manuk pilit téh dibawa ka jero imah, tuluy disimpen dina kardus urut cai gelas. Manuk dipiara ku duaan. Adi jeung lanceuk téh pohara geténna dina miara manukna. Unggal isuk diparaban jeung dibéré nginum. Parabna béas beunang ngaréndos sangkan lalembut. Ari nginumna mah cal atah beunang nyluk tina bak.


Ganti poé ganti minggu, anak manuk téh beuki gedé. Mimiti leuleumpangan, tuluy bisa hiber najan can jauh. Bisi kabur, anak manuk diteundeun dina kurung. Kabeneran bapana Wawan jeung Dudi meuli kurung manuk ti pasar. Puguh wé Wawan jeung Dudi téh atoheun kacida.


Kurung manuk téh digantungkeun di hareupeun imah, handapeun palapon. Mun aya ucing atawa beurit ogé aman. Malah nyokotna gé, Wawan mah kudu diganjelan maké korsi. Da puguh teu katepieun.


Lamun rék diparaban jeung dibéré nginum, kurung manuk téh diturunkeun. Tuluy dibukakeun panto kurungna. Kakara anak manuk téh diasongan parab jeung cai nginumna. Kitu jeung kitu wé, gawéna Wawan jeung Dudi téh sapopoéna. Najan bari ngurus manuk, duanana tara poho kana diajar.


Waktu kurung manuk digantungkeun, sok katémbong aya indung manuk nu ngageleber, tuluy eunteup dina kurung. Ceuk bapana Wawan téh, "Keun isuk mah urang eupanan sangkan beunang indung manuk téh."


Isukna, kurung manuk téh disekat ku anyaman awi cararang. Atuh aya dua rohang dina kurung manuk téh. Rohang kahiji dieusian ku anak manuk, ari rohang kadua rada lega dikosongkeun. Malah panto kurungna ogé dibukakeun, ngan ditalian ku benang. Ari benangna ditalikeun kana tungtung panto kurung belah luhurna. Tungtung benang nu hiji deui ditalikeun kana nyéré. Engké lamun nyéréna katincak ku manuk nu asup ti luar, panto kurung téh nutup sorangan. Enya wé indung manuk téh asup kana jero kurung, lawang kurungna katutup ku pantona.


Ayeuna mah, Wawan jeung Dudi téh jadi boga manuk opat. Tilu anak manuk, hiji deui indungna manuk. *


NGAJAWAB PANANYA

Sanggeus maca Carpon di luhur, ayeuna ku hidep jawab pananya ieu di handap !


  1. Kunaon aya sayang manuk nyangsang dina kekembangan ?

  2. Anak manuk piit teh dikumahakeun ku Wawan jeung Dudi ?

  3. Lamun rek mere nginum manuk, dikumahakeun kurungna ?

  4. Kumaha sikep wawan jeung Dudi kana manuk piaraanana ?

  5. Jadi sabaraha hiji Wawan jeung Dudi miara manukna ?



HARTI KECAP


Pók tengetan harti kecap ieu di handap!

  1. diplara = dilngu

Manuk dipiara ku duaan.

Manuk diingu ku duaan.

  1. kaitung = kaasup

Buruan imah Wawan téh kaitung lega.

Buruan imah Wawan téh kaasup lega.

  1. getén = perhatian

Adi jeung lanceuk téh pohara geténna dina miara manukna.

Adi jeung lanceuk téh pohara perhatianana dina miara manukna. .

  1. disekat = dihalangan

Kurung manuk téh disekat ku anyaman awi cararang.

Kurung manuk téh dihalangan ku anyaman awi cararang.

  1. saheulaanan = sementara

Saheulanan mah urang simpen di kamer urang wé.

Sementara mah urang simpen di kamer urang wé.



NYUSUN KARANGAN

Téks Deskripsi

leu di handap aya téks déskripsi ngeunaan tutuwuhan langka. Ayeuna baca dina jero haté, tuluy jieun ringkesanana!

KANTONG SEMAR

Kantung semar (Nephentes) Sumber http://biologiedutainment.blogspot.co.id

Tutuwuhan kantong semar (basa Laténna: Nepenthes) jangkungna bisa nepi ka 15-20 méter, ku cara naék atawa némpél kana tutuwuhan lianna, sok sanajan teu sakabéh ieu tutuwuhan téh mangandeuh kana tangkal lian. Tina tungtung daun aya sulur atawa alat nu bisa ngawangun kantong. Hal ieu téh mangrupa bubu pikeun nangkep mangsana (misalna waé sabangsa reungit, pacét, atawa anak bangkong) anu asup ka jerona.

Umumna, kantong semar mibanda tilu rupa wangun kantong. nyaéta kantong luhur, kantong handap. jeung kantong rosét. Kantong luhur nyaéta kantong tutuwuhan anu geus déwasa, biasana ngawangun corong atawa silinder, teu mibanda jangjang. Bagian sulur nyanghareup ka tukang sarta bisa muteran rangrang tatangkalan nu lian. Kantong luhur ogé mibanda pancén pikeun nangkep sasatoan nu ngapung, saperti reungit atawa laleur. Kantong handap nyaéta kantong nu dihasilkeun ku bagian tangkal nu masih ngora sarta biasana ngagolér luhureun taneuh. Ari kantong rosét, mibanda wangun nu sarua saperti kantong handap. Ngan kantong rosét mah jadi tina bagian daun nu ngawangun rosét.


Manpaat kantong semar rupa-rupa. Lian ti pikeun hiasan, leu tutuwuhan téh mibanda guna nu teu kurang pentingna. Di antarana pikeun indikator iklim. Lamun hiji daérah atawa wewengkon loba dipelakan kantong semar atawa Nepenthes gymnamphora, hartina éta wewengkon téh curah hujanna cukup gedé, kelembabanana di luhureun 75%, taneuhna miskin unsur hara.


Tutuwuhan bisa dijadikeun salasahiji ubar tina pepelakan. Cairan tina kantong nu masih nutup, bisa digunakeun pikeun ubar batuk. Cal godogan akar jeung cairan tina kantong nu masih nutup bisa digunakeun pikeun ubar nyeri beuteung, nu ngompol waé, kulit nu kaduruk, jeung ubar nyeri panon. Watang tina kantong semar ini bisa digunakeun gaganti tali pikeun ngabeungkeut barang.

Ku kaahéngan sarta kaéndahanana, teu salah upama loba jalma nu hayang miarana. Tapi kalolobaanana mah dijarual, hususna di daérah Sumatera, nu masih mangrupakeun Nepenthes nu dicokot langsung ti ieu alam, lain tina hasil 'penangkaran' atawa budidaya.

Hal ieu ngajadikeun kaprihatinan, ngingetkeun habitat asli maranéhna kaancam ku kahuruan, 'pembalakan', muka lahan, jeung 'konversi lahan'.


Eksploitasi Nepenthes ti alam pikeun kapentingan ekonomi sarta 'degradasi leuweung' nungancam habitat alami ti Nepenthes, ngajadikeun ruksakna kaayaan alam. Kantong semar kaasup tutuwuhan langka nu hampir béak. LIPI ogé ngabéwarakeun yén ieu tutuwuhan kaasup paling langka di Indonésia.

Ku sabab éta, ditangtayungan dumasar Undang-undang No. 5 Tahun 1990 ngeunaan Konservasi Sumberdaya Hayati jeung Ekosistemna jeung Peraturan Pemerintah Nomer 7 Taun 1999 ngeunaan Pengawetan Jenis Tumbuhan dan Satwa. Covention of International Trade in Endangered Species (CITES) kateugorina dina Appendix-1 (2 spésiés) jeung Appendix-2. Eta hartina sagala wangun kagiatan dagang kacida diwatesanan (berbagifun).

Diropéa tina: Ensiklopédi Anak Nasional

Ngaringkes Karangan

Sanggeus maca téks di luhur, ayeuna jieun ringkesanana! Pigawé dina buku pancén!


Ngajawab Pananya

Pikeun ngajawab ieu pananya, pék hidep ngelompok limaan-limaan. Hadéna mah sawalakeun babarengan di kelas!


Kelompok 1

  1. Naon tema wacana di luhur ?

  2. Kumaha kaayaan jangkungna tutuwuhan kantong semar (Nepenthes)

Kelompok 2

  1. Naon gunana tina tungtung daun lulur anu aya dina kantong semar?

  2. Naon gunana kantong luhur dina kantong semar?


Kelompok 3

  1. Naon gunana kantong handap dina kantong semar?

  2. Naon gunana kantong rosét dina kantong semar?


Kelompok 4

Sebutkeun sarta jelaskeun mangpaatna tina kantong semar !

Kelompok 5

Ku naon kiwari kantong semar bisa disebutkeun tatangkalan nu langka? Pék jelaskeun!

Kelompok 6

Ditangtayungan ku naon nepi ka kantong semar dijadikeun tatangkalan anu langka? Kitu deui, ku LIPI !

Pék jelaskeun!

Rarangkén Tengah

Titénan contona !

  1. barudak -----> -ar- + budak

Barudak keur arulin di buruan.

  1. lalindeuk -----> -al- + lindeuk

Japati téh mani lalindeuk naker.

  1. humaseum -----> -um- + haseum

Buah téh ieu mah keur humaseum

  1. pinanggih -----> --in- + panggih

Mudah-mudahan hidep pinanggih jeung kabagjaan.

Conto séjénna kecap make rarangkén tengah dina kalimah :

1. Di balong lauk téh paraéh kabéh

2. Ka mana nya barudak téh wayah kieu tacan daratang,

3. Punten abdi moal tiasa dongkap da nuju rarépot.

4. Geuning hayam téh geus laleupas tina kandangna

5. Ari keur puasa mah biasa awak téh sok laleuleus.

Pancén

Larapkeun kecap leu di handap kana kalimah!

  1. baralik : .............................................................................................................

  2. arindit : .............................................................................................................

  3. guminter : .............................................................................................................

  4. baruruk : .............................................................................................................

  5. tinulis : .............................................................................................................

  6. ginanjar : .............................................................................................................

  7. arasup : .............................................................................................................

  8. baralageur : .............................................................................................................

  9. barala : .............................................................................................................

  10. laliar : .............................................................................................................

  11. binarung : .............................................................................................................

Ngawangun Kalimah

Kalimah Pananya

Titénan conto kalimahna!

Tangkal kembang nu mana, Dé?

Kalimah anu aya di luhur téh, disebutna kalimah pananya. Ari sababna, nanyakeun hiji hal tur miharep jawaban. Dina wangun tinulis ditungtungan ku tanda tanya (?) atawa maké kecap pananya saperti saha, iraha, mana, naon, jeung sabaraha.

Contona :

  1. Saha nu mimiti manggihan anak manuk téh?

  2. Iraha Wawan manggihan anak manukna?

  3. Di mana manggihan anak manukna?

  4. Manuk naon nu dipiara ku Wawan?

  5. Aya sabaraha hiji manuk Wawan téh?

Pancén

Larapkeun kekecapan ieu di handap kana kalimah!

  1. saha : Saha ngaranna éta budak awéwé téh?

  2. di mana : .............................................................................................................

  3. ka mana : .............................................................................................................

  4. ti mana : .............................................................................................................

  5. ti saha : .............................................................................................................

  6. ku saha : .............................................................................................................

  7. nu saha : .............................................................................................................

  8. sabaraha : .............................................................................................................

  9. tina naon : .............................................................................................................

  10. ku naon : .............................................................................................................

  11. mana : .............................................................................................................


Nyaritakeun Gambar

leu di handap aya sababaraha gambar, pék caritakeun. hésé mah bisa disawalakeun jeung babaturan di kelas!

Waktu balik sakola, Agus

Anak-anak manuk téh ku Agus tuluy

Anak-anak manuk téh ku Agus dibawa balik

Satepina ka imah, tuluy wé anak-anak manuk téh.

Unggal poé, éta anak-anak manuk téh ku Agus

Sababaraha poé ti dinya, éta anak-anak manuk téh geus bisaeun ngapung.


Ngajén Sikep

Ku hidep béré ajén, lamun kagiatanana alus contréng (). lamun goréng cakraan (X)!

1. Ulah sok nyiksa sasatoan.

2. Beunit mah kudu dibasmi, da bisi népakeun panyakit.

3. Laleur sato nu taya gunana.

4. Cacing mah sato nu loba mangpaatna.

5. Maung mah punah gé teu nanaon, da sato galak.

6. Kuring resep miara sasatoan.

7. Ulah resep miara sasatoan, taya gunana. 8. Cucunguk mah dibasmi gé teu nanaon.

9. Urang kudu bisa nyalametkeun sasatoan nu ampir punah.

10. Endog penyu téh sakuduna mah ulah dijarualan kitu baé.


===============================================================================

Latihan Ulangan

===============================================================================

Pilih jawaban nu benerna!

1. Urang kudu... ka sasatoan.

  • nyaah

  • keuheul

  • héman

  • ngajaga

2. Lamun urang miara manuk, kudu daék....

  • ngurungan

  • maraban

  • ngamandian

  • moyankeun

3. Anak manuk anu can buluan, sok disebut....

  • bilatung

  • titit

  • guméndol

  • utek-utek

4. Tempat cicingna anak manuk dina tangkal kai, disebutna....

  • kurung

  • jowok

  • daun

  • sayang

5. leu di handap anu teu kaasup kana kecap dirarangkénan tengah, nyaéta.....

  • kumaki

  • tinemu

  • lumého

  • barala

6. Kecap anu henteu dirarangkénan tengah -ar-, nyaéta .....

  • barudak

  • karadak

  • barungah

  • baroga

7. Kecap anu henteu dirarangkénan tengah -in-, nyaéta ....

  • tinulis

  • sinatria

  • binatu

  • pinanggih

8. "... ngaranna budak anu anyar pindah sakola téh?" Kecap pananya anu merenah keur ngalengkepan éta

kalimah, nyaéta .....

  • iraha

  • saha

  • mana

  • naon

9. Manuk plit mah baranahanana ku jalan.....

  • anakan

  • ngalahirkeun

  • nyileungleum

  • ngendog

10. Manuk piit téh kabeukina kana......

  • paré

  • dangdaunan

  • cacing

  • hileud


II. Esey

Jawab pananya ieu di handap!

  1. Manuk tejh hiberna make nan?

  2. Jieun kalimah maké kecap manuk ontal

  3. Sebutkeun opat kecap nu dirarangkénan tengah!

  4. Jieun kalimah pananya maké kecap di mana, iraha, kumahal

  5. Anggota awak manuk paranti macokan hakaneun, disebut naon?