PANGAJARAN 2

NGIRIT ENERGI

Tujuan Pangajaran


Sanggeus ngoréngsékeun ieu pangajaran, dipiharep: Siswa bisa maca téks arguméntasi

Siswa bisa paham kana eusi téks argumentasi Siswa bisa ngalarapkeun tanda koma ()

Siswa bisa ngalarapkeun rarangkén tukang -keun jeung -na

Siswa bisa nyetetkeun istilah ngirit énergi

Dina kahirupan sapopoé, urang kudu ngabiasakeun hirup basajan,

ngirit, jeung apik kana barang. Urang ogé kudu ngirit jeung apik kana énergi. Contona kudu apik jeung ngirit maké listrik,

bénsin, gas, jeung cai.

1. Maca Téks Arguméntasi


Ieu di handap aya téks argumentasi. Pék baca sing bedas. Nu séjénna ngaregepkeun!


Tarékah Ngirit Listrik

Tina hasil kamekaran teknologi, aya énergi listrik. Listrik geus jadi kabutuh dina kahirupan sapopoé Geura wé, méh kabéh barang éléktronik merlukeun listrik. Televisi, radio, komputer, lampu, jeung kulkas, kabéhanana bisa hurung atawa hirup ku lantaran listrik. Hapé (HP) ogé bisa hirup ku lantaran aya listrik Matak mun daya batré HP ngurangan, kudu di-cas maké listrik.

Dina maké listrik, urang kudu apik. Contona, mun urang bérés lalajo, tivi kudu dipareuman. Ulah sina hirup sorangan, bari teu dilalajoanan. Kitu deui lampu, kudu dipareuman mun geus teu dipaké. Barang éléktronik anu séjén gé sarua, kudu dipaké luyu jeung kabutuh. Komo listrik téh mahal. Mun teu apik jeung ngirit, urang kudu mayar mahal ka PLN (Perusahaan Listrik Negara).

Dwun Murid SD/MI


Ku kituna, urang kudu apik jeung ngirit kana énergi listrik. Ari énergi téh sumberna geus sadia di alam. Sumber énérgi anu aya di alam, mun dipaké wać, lila-lila bisa béak atawa korédas. Contona: bensin solar, minyak tanah, batu bara, timah, emas, jeung pérak. Ku kitung urang kudu apik jeung ngirit dina makena. Engké bisa kapaké lila jeung diwariskeun ka anak-incu urang.

Ku kituna, tarèkah apik jeung ngirit dina maké listrik téh penting kocida leu téh lain waé pancén urang, tapi pancén sakumna manusa.


2. Maham Eusi Bacaan


Pék jawab pananya ieu di handap!


1 Ku naon listrik jadi kabutuh dina kahirupan sapopoé?

............................................................................................................................................................................................................................................

2 Tataan barang elektronik naon wae nu maké listrik?

............................................................................................................................................................................................................................................

3. Kumaha conto apik dina maké listrik téh?

............................................................................................................................................................................................................................................

4. Kudu mayar ka mana mun urang maké listrik?

............................................................................................................................................................................................................................................

5. Naon wae sumber énérgi ti alam téh?

............................................................................................................................................................................................................................................

6. Ku naon sumber énergi di alam lila-lila bisa béak?

............................................................................................................................................................................................................................................

7. Pancén saha ari ngirit listrik téh?

............................................................................................................................................................................................................................................

8. Tarékah naon anu sok dilaksanakeun ku hidep dina ngirit listrik?

............................................................................................................................................................................................................................................



3. Niténan Stiker jeung Brosur Hémat Energi


Ngirit atawa apik kana énergi teh lain pancén urang wae, tapi pancén sakumna manusa. Ku kituna, urang gé perlu ngabewarkeun ka batur sangkan milu hemat kana energi. Carana bisa nyieun stiker jeung brosur.


Hidep apal naon ari stiker atawa brosur? Mun acan, titénon conto stiker jeung brosur teu di handap!


a. Stiker


Ieu di handap aya stiker dina basa Sunda. Baca sing gemet!

poster