PANGAJARAN 1

HIRUP SAUYUNAN

A. Ngaregepkeun Pupujian


1. Téks Pupujian


leu di handap aya pupujian. Ku Ibu/Bapa guru baris dinadomkeun. Bisa waé dinadomkeun ku salasaurang, siswa séjénna ngaregepkeun !

TAUHID


Hayu urang babahanan

pibekeleun di ahéra

sing loba amal-amalan

ibadah sing husu pisan


Lamun ajal waktu datang

urang moal bisa mungpang

moal bisa dihahalang

geus waktuna jadi bugang


Harta banda nu ngaleuya

urang moal bisa mawa

ngan amal anu dibawa

batur urang anu béla



Mana sobat jeung baraya

di kubur henteu maturan

umur gé henteu nambihan

nu puguh jadi karunya


Hanjakal aduh hanjakal

teu getol sadia amal

padahal geuning padahal

nu jadi bekel ngan amal


Teu guna hahanjakalan

pan teu kurang nu ngélingan

pék geura tunggu hisaban

geura jawab ku sorangan

2. Ngajawab Pananya


Sangkan leuwih paham kana eusi pupujian, pék jawab pananya ieu di handap.


  1. Naon pibekeleun di ahérat téh?

  2. Naon lamun datang teu bisa dipungpang?

  3. Naon bakal béla ka urang di ahérat?

  4. Kumaha sobat jeung baraya mun geus dikubur?

  5. Bakal kumaha amal urang di ahérat?

3. Harti Kecap


leu di handap aya kecap tina pupujian di luhur, titénan hartina jeung larapna!


ajal = pati

Percumah lamun geus datang ajal urang tobat.

Percumah lamun geus datang pati urang tobat.


bugang = bangké

Domba anu leungit téh geus jadi bugang.

Domba anu leungit téh geus jadi bangké.


hanjakal = kaduhung

Hanjakal jajan rujak lada, jadi nyeri beuteung.

Kaduhung jajan rujak lada, jadi nyeri beuteung.

dihisab = diitung

Dina poé ahir, sagala kalakuan urang bakal dihisab.

Dina poé ahir, sagala kalakuan urang bakal diitung.


maturan = marengan

Di alam kubur, nu maturan téh amal kahadéan.

Di alam kubur, nu marengan téh amal kahadéan.


mungpang = teu nurut

Ulah mungpang kana kersana sepuh.

Ulah teu nurut kana kersana sepuh.


paur = inggis

Sok paur upami ninggal seuseukeut péso téh.

Sok inggis upami ninggal seuseukeut péso téh.


sobat = batur

Dudi téh sobat kuring.

Dudi téh batur kuring.

2. Ngajawab Pananya


Sangkan leuwih paham kana eusi pupujian, pék jawab pananya ieu di handap.


  1. Naon pibekeleun di ahérat téh?

  2. Naon lamun datang teu bisa dipungpang?

  3. Naon bakal béla ka urang di ahérat?

  4. Kumaha sobat jeung baraya mun geus dikubur?

  5. Bakal kumaha amal urang di ahérat?