PANGAJARAN 1

KAULINAN BARUDAK

KAULINAN BARUDAK

Hidep bisa congkak, sapintrong, jeung ambil-ambilan? Éta téh kaasup kana kaulinan barudak urang Sunda. Kaulinan téh mibanda mangpaat pikeun ngasah kaparigelan uteuk, numuwuhkeun karakter hadé (ngadalikeun émosi), jeung ngalatih kakuatan awak (kaséhatan jasmani; olahraga). Cindekna, kaulinan bisa ngamekarkeun fisik jeung non-fisik.

Ku kituna, hidep ulah maén Game Online atawa PS (Playstation) waé, tapi kudu bisa ogé kaulinan urang Sunda.

KECAP GALEUH

  • KAULINAN

  • KECAP BARANG

  • KALIMAH AKTIF

A. Pamekar basa

1. Maca Pedaran


leu di handap aya bacaan ngeunaan kaulinan ambil-ambilan. Pék baca dina jero haté! Cing, aya nu apal kumaha cara ulinna? Mun aya, pék polahkeun!


Ambil-Ambilan


A. Pamekar basa

Pasosore, Didi jeung babaturanana, arulín ambil-ambilan di buruan imah Bi Cucu. Barudak jumlahna aya 10 urangna. "Urang ambil-ambilan yu!" ceuk Didi ngajorowok. "Hayuuuu!" témbal babaturanana saur manuk.

Maksudna Didi téh ngajak babaturanana kaulinan ambil-ambilan. leu kaulinan téh sakapeung sok disebut ogé "Bulan Béntang". Cara harita, Didi jeung babaturanana tuluy ulin ambil-ambilan. Galumbira pisan kacirina téh.

Mimiti Didi jeung Ita pahareup-hareup, leungeunna pacekel-cekel bari rada di kaluhurkeun. Ari Nana jeung barudak nu séjénna ngantay silih cekel taktak. Barudak anu ngantay, kudu asup ngolongan leungeun nu pacekel-cekel duaan téa.

Barudak anu ngantay téh bari kakawihan:


Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu

Saha nu diambil

Kami mah budak pahatu


Purah nutu purah ngejo

Purah ngasakan baligo

Purah tunggu balé gedé


Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé

Aya ubarna urat gunting sampuragé

Tiguling nyocolan dage.


Mun budak pangpandeurina dina antayan geus aya dina hareupeun nu dugon, terus dikurungan (ku leungeun nu dikaluhurkeun téa) bari terus ditanya, "Rék milih mana? Bulan atawa béntang?" ceuk nu duaan.

Lamun némbal milih bulan kudu terus ngaléos (nyalingker) ka beh katuhu. Lamun milih béntang ka belah kénca. Lamun budak nu ngantay geus kabéh milih, engké barudak anu ngagunduk di belah kénca jeung katuhu terus silihcekel jeung silihbetot. Kelompok anu éléh nyaéta nu kabetot sarta sok terus diajak lumpat.

Basa ti masjid kadéngé aya sora nu pupujian, ciri téréh magrib. Barudak bubar, balik ka imahna séwang-séwangan.



2. Maham Eusi Bacaan

Sangkan hidep paham kana eusi bacaan di luhur, pék jawab pananya ieu di handap!


  1. Rék naon Didi jeung babaturanana ngarumpul di buruan?

  2. Kaulinan ambil-ambilan téh sok disebut?

  3. Ari Nana jeung barudak séjénna mah ngantay silih cekel?

  4. Barudak anu ngantay téh bari ngahariringkeun?

  5. Budak nu kumaha anu kudu dikurungan bari terus ditanya téh?

  6. Naon anu ditanyakeun ku budak anu ngurungan?

  7. Kudu kumaha lamun némbalan milih bulan?

  8. Kudu kumaha lamun némbalan milih béntang?

2. Maham Eusi Bacaan

Sangkan hidep paham kana eusi bacaan di luhur, pék jawab pananya ieu di handap!

  1. Rék naon Didi jeung babaturanana ngarumpul di buruan?

  2. Kaulinan ambil-ambilan téh sok disebut?

  3. Ari Nana jeung barudak séjénna mah ngantay silih cekel?

  4. Barudak anu ngantay téh bari ngahariringkeun?

  5. Budak nu kumaha anu kudu dikurungan bari terus ditanya téh?

  6. Naon anu ditanyakeun ku budak anu ngurungan?

  7. Kudu kumaha lamun némbalan milih bulan?

  8. Kudu kumaha lamun némbalan milih béntang?




  1. B. Pamedar Basa


  2. 1. Mikawanoh Kaulinan Barudak


  3. Pék ayeuna hidep nyieun kelompok. Geus kitu, tuluy sawalakeun kumaha molahkeun kaulinan ieu di handap. Engké unggal kelompok kudu malahkeun di kelas atawa di lapang sakola. Dituyun ku Ibu/Bapa Guru!


  4. a. Congkak


  5. Kaulinan ieu bisa ku budak awéwé atawa lalaki. Ngan loloban mah ku barudak awéwé. Caraña, sayagikeun alat anu dijieunna tina kai, tapi aya ogé jualan anu bahanna tina plastik. Wangunna jiga parahu. Ukuranana 80 cm x 15 cm, kandelna 10 cm. Dina dua tungtungna aya dua liang, disebutna liang indung. Di antara dua liang indung téa, aya deui dua jajar liang, anu lobana dina unggal unggal jajaran téh aya tujuh liang. Alat-alat séjénna nyaéta sisikian, atawa kewuk.