Wawancara mangrupakeun komunikasi lésan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun menangkeun katerangan ngeunaan tujuan anu geus ditangtukeun saméméhna. Pihak anu ngawawancara ilaharna ngajukeun pananya, sedengkeun pihak anu diwawancara ngajawab pananya. Wawancara mangrupakeun salah sahiji cara anu dipaké wartawan dina rarangka ngumpulkeun katerangan wartakeuneun ka balaréa. Wawancara ogé dipaké panaliti atawa juru elmu (peneliti) pikeun ngumpulkeun data ti respondén.
1.) Bubuka
2.) Eusi
3.) Panutup
Tujuan tina wawancara nyaeta pikeun meunangkeun informasi anu bener ti narasumber kompeten anu informasi eta diperlukeun ke anu ngawawancara. Wawancara teh nyaeta obrolan lisan tanya jawab, dua arah, dua orang atawa leuwih. Jalma anu aya dina wawancara, fungsina dibagi dua, nyaeta nu ngawawancara jeung nu diwawancara atawa sok disebut oge narasumber. Dina ngalakukeun wawancara anu ngawawancara kudu bisa miboga sikep netral jeung objektif.
Nangtukeun naon jejer wawancara.
Nangtukeun waktu jeung tempat wawancara.
Milih saha nu rek diwawancara (narasumber).
Nyieun daptar pertanyaan.
Nyiapkeun parabot keur wawancara.
Nalungtik jeung maca kabeh elmu nu ngadukung kanu jejer wawancara.