Dongeng teh carita rekaan nu anonimus dina wangun basa lancaran, Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaeta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sejenna. Ku kituna, pangarangna tara ieuh kanyahoan, malah ti iraha mimiti sumebarna oge tara kapaluruh, hese diteangan laratanana, alatan ukur dicaritakeun ti hiji riungan ka riungan sejenna. Ukuran carita dongeng ilaharna parondok, meh sarua jeung carpon.
Ku kituna, bisa disebutkeun yen ciri-ciri dongeng teh, diantarana wae, sumebarna sacara lisan, teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim), ngagunakeun basa lancaran, eusi caritana mangrupa rekaan malah rea anu pamohalan, jeung ukuranana ilaharna pondok.
Lian ti eta, aya deui ciri dongeng anu sejenna nyaeta dongeng mah sok ngandung ajen atikan, pangpangna anu patali jeung akal budi. Nu delaka jeung culika, bisana sok cilaka. Ari nu sabar jeung tawekal, pinanggih bagja.
Jejer (tema) . Tema nyaeta ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan cerita. Upamana dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu" temana teh perkara moral.
Latar (setting). Latar nyaeta patempatan, waktu/mangsa, atawa suasana lumangsungna carita. Dina dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu" nu jadi latar tempat nyaeta aya di leuweung, karaton, jeumg ranggon. Latar waktu nyaeta jaman baheula, beurang, peuting, jeung janari. Ari suasana aya nu geueuman aya nu pikasediheun.
Palaku (tokoh). Palaku atawa tokoh nyaeta naon-naon (bisa jalma sasatoan, tutuwuhan, atawa bangsa jin jeung siluman) anu ngalalakon tur dilalakonkeun dina carita. Saban palaku boga pasipatan atawa watek sewang-sewangan, naha sabar, ambek, bageur, atawa angkara murka. Palak dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu" di luhur nyaeta raja, Wayungyang, Dayang Sumbi, Si Tumang, jeung Sangkuriang.
Galur (alur). Galur atawa alur nyaeta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur. Galur dina dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu" di antarana kasang tukang pangaresep raja Karajaan Priangan anu resep moro, ditema ku lahirna Dayang Sumbi, tuluy lahirna Sangkuriang, ditema deui ku pundungna Sangkuriang alatan ditakol ku sinduk ku Dayang Sumbi, Sangkuriang tepung deui jeung Dayang Sumbi tuluy ngajak kawin, niat Sangkuriang bolay, tug kajadian nalapung parahu nepi ka nangkub.
Amanat (pesen). Amanat atawa pesan nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana. Amanat biasana raket patalina jeung tema. Amanat dina dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu" di antara hirup teh kudu asak sasar jeung asak jeujeuhan, kudu panjang pikiran jeung ulah ukur tumamprak kana kaayaan tapi kudu dibarung ku do'a jeung usaha (ihtiar).
Fabel atawa dongeng sasatoan, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa. Upamana wae bisa nyarita jeung bisa mikir. Contona: dongeng "Gajah jeung Sireum", dongeng "Gagak Hayang Jadi Merak".
Parabel atawa dongeng jalma biasa, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepanen. Contona: dongeng "Si Kabayan Ngadeupaan Lincar", dongeng "Si Kabayan Ngala Nangka".
Legenda atawa dongeng sasakala, nyaeta dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona: dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu", dongeng "Sasakala Uncal Tandukan",
Sage atawa dongeng babad, nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun hij kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah. Contona: dongeng "Sangiang Borosngora", dongeng "Sunan Permana di Puntang".
Mite atawa dongeng kapercayaan, nyaeta dongeng anu rakeut patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib. Contohna : dongeng "Nyi Roro Kidul", dongeng "Ngipri ka Siluman Oray".
Dongeng teh asalna sumebar sacara lisan, ngan ayeuna geus aya sawatara dongeng anu geus dibukukeun, upamana wae Dongeng-Dongeng Sasakala (Ki Umbara), Aker Dangse (Wahyu Wibisana), Jurig Kabayan (Tini Kartini), Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet (Ami Raksanagara), jeung Salawe Dongeng-dongeng Sunda (CM Playte).
Tina sajumlahing dongeng anu aya di Tatar Sunda, aya sawatara dongeng anu geus dipagelarkeun dina wangun drama atawa teater, malah aya anu geus dijieun pilemna, contona dongeng "Sangkuriang" jeung "Si Kabayan".
Ngadongeng teh dina basa Indonesia mah disebutna bercerita (basa Inggris: storytelling). Kagiatan ngadongeng teh kaasup kana kagiatan seni teater, lantaran juru dongeng biasana mah mibanda kamampuh dina nepikeun carita atawa dongeng kalayan sora, peta, jeung pasemon anu diluyukeun jeung carita anu didongengkeunana.
Dina kahirupan urang Sunda, dongeng teh kungsi dipiwanoh minangka hiburan dina radio. Mimiti taun 1980-an nepi ka taun 1990-an, dongeng Sunda dina radio kawilang kawentar di tatar Sunda. Meh saban radio nyiarkeun dongeng Sunda. Nu kungsi sohor teh dongeng Si Rawing karangan Yat R. Didongengkeunana ku Wa Kepoh, kasohor juru dongeng anu geus moyan lantaran bisa ngabedakeun sora. Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy. Ku sohor-sohorna dongeng Si Rawing, kungsi dipilemkeun ku PT Kanta Indah Film. Anu merankeun Si Rawing dina pilem, taya lian Barry Prima, aktor laga pangsohorna jaman harita. Dongeng sejenna nu kungsi rame dina radio teh Ajag Bodas, Si Buntung Jago Tutugan, Si Bongkok, Nyi Ganting, jste. Lian ti Wa Kepoh (sandiasma Ahmad Sutisna), aya oge juru dongeng anu sohor sejenna, nyaeta Mang Barna, Mang Jaya, Mang Engkos, Aki Balangantrang (sandiasma), jeung Mang Bahar. Ari pangarang dongeng anu sohor nyaeta Yat R., Ahmad Afandi Asgar, jeung Ki Leuksa (sandiasma).
Ramena dongeng dina radio taun 1980-1990-an, jadi kacapangan di masarakat, pangpangna nu aya di pilemburan. Malah dina ngadengekeun dongeng tina radio, di lembur mah sok ngarariung. Sohorna dongeng jaman harita, kawas sinetron atawa FTV jaman kiwari.