Sajak nyaeta karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Dina sastra Sunda, aya dua rupa puisi, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sajak kaasupna kana puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.
Sajak sarupa jeung kawih, nyaeta puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Umpama sajak kungsi disebut "sajak bebas", kawih sering disebut "lalaguan Sunda bebas. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan anu aya dina pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan sajak henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina nyieun sajak aya sawatara unsur anu perlu diperhatikeun supaya sajak alus tur endah, aya klasifikasi sajak, sarta unsur-unsur intrinsik.
Unsur-unsur anu kudu diperhatikeun dina nyieun sajak nyaeta saperti unsur imaji, simbol, irama, tema, gaya bahasa, wirahma jeung purwakanti. Salian ti eta, dina sajak oge aya sabaraha rupa atawa klasifikasi. Klasifikasi atawa rupa-rupa sajak anu aya nyaeta saperti saperti sajak lirik, sajak epik, sajak dramatik, sajak satirik, jeung sajabana ti eta. Unsur-unsur intrinsik anu ay dina sajak nyaeta tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat.
Struktur sajak nyaeta unsur lahiriah sajak jeung unsur batiniah sajak anu ngawangun eta sajak. Unsur lahiriah sajak nyaeta unsur imaji, simbul/lambang, musikalitas (wirahma), jeung gaya basa. Sedengkeun unsur batiniah sajak nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa sarta amanat. Dina mimiti asupna sajak kana sastra Sunda, aya nu pro aya oge nu kontra kana sajak. Tapi akhirna sajak bisa ditarima asup kana bagean sastra Sunda.
1) Sajak Epik
Sajak epik teh sajak panjang nu nyaritakeun tokoh-tokohna gagah perkasa ngabela bebeneran. Ieu sajak nyaritakeun para pahlawan nu aya patalina jeung legenda, kepercayaan, atawa sajarah. Sajak epik dibedakeun antara folk epic jeung literary epic.
Folk epic mah biasana dilagukeun, mun di urang mah carita pantun nu ngadongengkeun para paraja Pajajaran. Sedengkeun Literary epic mah pikeun dibaca, keur dipikapaham maksudna. Nu mimiti nulis sajak epik (literary epic) dina bahasa Sunda nyaeta Ajip Rosidi, judulna “Jante Arkidam”, taun 1956.
2) Sajak Naratif
Sajak naratif nyaeta sajak nu ngagambarkeun kapahlawanan atawa kasangsaraan hirup nu karakter palakuna basajan.
Dina ieu sajak ngandung suasana carita, lakon, perwatakan, setting, atawa runtuyan kajadian nu tangtu nepi ka saperti carita biasa dina wangun prosa, ngan ditulisna dina wangun sajak.
Balada kaasup kana ieu sajak naratif. Kudu dibedakeun antara folk ballad jeung literary ballad, minangka ragam sajak nu nyaritakeun kisah kahirupan manusa ku sifat-sifat kamanusaan nana: kanyaahna, katimburuna, dengki, sieun, kahariwang, kasangsara, kabungah, cinta, jsb.
Rupa sajak sejen nu kaasup kana ieu sajak nyaeta poetic tale minangka sajak nu eusina dongeng-dongeng rakyat. Conto sejen epik naratif nyaeta “Madraji” karya Sayudi.
3) Sajak Lirik
Sajak lirik teh sajak nu ngebrehkeun eusi jeng batin panyajakna. Tangtu bae lahirna ieu sajak dibarengan ku pangalaman, sikep, jeung suasana batin panyajakna. Sajak lirik kiwari nu loba ditulis ku panyajak Sunda.
4) Sajak Dramatik
Sajak dramatik nyaeta sajak nu objektif ngagambarkeun paripolah hiji jalma, boh ku wanda lakon, boh ku wanda dialog, boh ku wanda monolog, nepi ka katangen ayana gambaran kisah nu tangtu. Dina sajak dramatik, panyajak nyaritakeun dirina atawa jalma sejen ngaliwatan tulisan monologna.
5) Sajak Didaktis
Sajak didaktis nyaeta sajak nu eusina sacara umum mipikaboga ajena-ajen atikan tur jelas katiten dina basana.
6) Sajak Satir
Sajak satir atawa satirik nyaeta sajak nu ngandung sindiran atawa kritik kana ka teu adilan jeung ka teu beresan nu aya di masarakat.
7) Sajak Romance atawa Romansa
Ieu sajak eusina ngeunaan carita atawa ekspresi cinta hiji jalma ka jalma nu dipikaasihna.
8) Sajak Elegi
Sajak elegi teh sajak kasedih ti panyajak ka nu ditujulna dina sajakna.
9) Sajak Ode
Sajak ode nyaeta sajak nu eusina puja-puji ti panyajak ka hiji jalma atawa hal-hal nu ditujulna, biasa mibanda jasa atawa sikep kapahlawanan. Dina Semi mah (1984: 95), Ode teh bagian tina Epik Naratif.
10) Sajak Himne
Ari sajak jenis himne teh sajak nu eusina mangrupakeun puja-pujian ka Gusti atawa ekspresi mikacinta kana lemah cai, sareng lain sajabana.