Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah séjénna nu padeukeut jeung drama nya éta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut drama modern.
Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés. Kahiji ayana nasakah drama, kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku nu baris merankeun karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting. Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna kalimah langsung.
Sacara lahiriah, wujud karangan drama mah beda jeung karangan-karangan sejenna. Biasana sok aya pertelaan ngeunaan palaku jeung paripolah palaku. Dieuyeuban oge pertelaan sejenna, kayaning babak jeung adegan, deskripsi dina awal babak, guneman (dialog) para palaku, prolog jeung epilog. Sangkan leuwih tetela, baris dipedar hij-hiji ieu di handap:
1. Pertelaan Palaku, anu ngaberendelkeun ngaran jeung katerangan ngeunaan palaku. Sok sanajan aya oge drama anu henteu make pertelaan para palakuna,
2. Babak jeung adegan, anu ngabagi-bagi karangan drama. Dina hiji babak dilalakonkeun kajadian-kajadian di hij tempat dina saruntuyan waktu. Unggal babak dibagi jadi sababaraha adegan, nurutkeun robah na kajadian datang atawa inditna palaku. Aya drama anu diwangun ku sababak, jeung aya anu diwangun ku sababaraha babak.
3. Candraan dina awal babak, nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, kajadian jeung nu lianna. Biasa ditulis saperluna pisan, henteu mangrupa gambaran anu wincik. Dina sela-sela paguneman oge osok aya pituduh pondok ngeunaan paripolah palaku. Candraan dina awal babak jeung tuduh laku teh ditulisna ku aksara dengdek/condong (kursif, beda jeung paguneman anu ditulis ku aksara ajeg.
4. Paguneman (Dialog), kalimah langsung para palaku anu silih tempas. Mimiti ditulis ngaran palaku, ditema ku titik dua, tidinya ditulis omongan eta palaku. Ciri husus tina karangan drama mah nya ku ayana paguneman. Tegesna, paguneman teh mangrupa lulugu tina karangan drama.
5. Prolog jeung Epilog, loba drama anu henteu make prolog jeung epilog. Prolog teh ditulis dina awal drama, jadi manggalasastra, dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris disuguhkeun. Ari epilog mah ditulis dina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon jeung nasehat pangarang.
Unsur Drama :
• Pamaén
• Sutradara
• Produsér
• Panata musik
• Panata panggung
• Panata kostum
• Panata lampu
• Panata rias
• Séksi – séksi séjénna
Di drama kudu nataharkeun hal – hal ieu di handap :
a. Nyusun kapanitiaan
b. Nangtukeun para pamaén, sutradara, jeung jadwal latihan
c. Unggal pamaén kudu latihan vokal, lantaran aktor téater mah vokalna kudu ngoncrang
d. Unggal pamaén kudu latian ngolah paroman (mimik) jeung réngkak (éksprési tubuh)
e. Dina prungna pagelaran, kudu kompak tur tartib
Drama mibanda ciri pangutamana, nyaéta ayana konflik atawa émosi nu husus disusun pikeun pertunjukan téater. Drama ogé kaasup kana sastra lalakon, sabab nu digambarkeun dina drama mah paripolah palaku. Para palaku téh langsung maén (lahir jeung batinna), sarta dina paguneman (dialog), atawa ngomong jeung dirina sorangan (monolog).
Drama mah béda jeung dina carita (kisah atawa narasi), saperti novel, carita pondok, jeung carita pantun, anu dina nepikeun paripolah palaku ku jalan dicaritakeun ku nu lian, nyaéta ku juru catur. Ari dina drama mah éta téh dilampahkeun jeung diomongkeun ku palakuna sorangan. Paripolah palaku ngurung paripolah jasmani jeung rohani.
Ciri drama nyaéta :
A. Pertelaan Palaku
B. Babak jeung Adegan
C. Candraan dina Awal Babak
D. Paguneman
E. Prolog jeung Epilog
Ari carita drama teh nyaeta karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon ku dialog, diajangkeun pikeun dilakukeun ku para pamaen (aktor) dina pagelaran. Dina awal wacana, biasana mah ditataan heula palaku, watekna, umurna, jeung ditetelakeun oge di mana latarna, kumaha kaayaan di panggung, ilustrasi musik, jste. Dumasar kana wangunna, drama teh bisa dipasing-pasing jadi wangun lancaran jeung wangun ugeran. Drama wangun lancaran dibacana atawa diucapkeunana dina wirahma basa lancaran, sok sanajan bisa jadi ku cara direka.
Contona: Dakwaan (1954), Bubat (1955), jeung Jalan Lempeng karya RAF, Cahaya Maratan Waja (1964), Tukang Polkan (1966), Ngadagoan Si Jabang (1968), jeung Batu nu Ngahalangan Jalan (1987) karya Yus Rusyana, jste.
Ari dina wangun ugeran, paguneman teh diwangun dina basa ugeran, boh mangrupa sajak bebas boh nu mangrupa sajak teu bebas. Paguneman anu mangrupa sajak bebas biasana dideklamasikeun. Paguneman dina sajak teu bebas nyaeta paguneman dina wangun pupuh. Macana ge biasana mah dilagukeun (dikawihkeun atawa ditembangkeun). Drama anu pagunemanana ditembangkeun disebut Gending Karesmen. Contona: Ciung Wanara (1924, anonim), Sarkam jeung Sarkim (1928) karya R. Mahyar Angga Kusumahdinata.
Ayea drama nu disebut gending karesmen, lantaran dialog atawa monologna sok dilagukeun. Biasana ditulis dina rumpaka sisindiran, kawih, tembang, pupuh, pupujian, jste. Mang Koko, kungsi nyebut istilah dramaswara kana gending karesmen teh.