Carita pantun nyaeta carita Sunda buhun anu sok dipagelarkeun kalawan dipirig make kacapi. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebutna Tukang Pantung atawa Juru Pantun. Umumna umurna geus kolot sarta loba diantarana anu lolong.
Ayeuna mah kasenian pantun teh geus meh tilem. Juru Pantun loba nu geus pangsiun tina profesina. Pangna kitu lantaran ayeuna mah geus langka anu nanggap. Sanajan kitu aya keneh Juru Pantun anu ngeureuyeuh.
Genteng-genteng ulah potong cenah, sataun sakali mah aya keneh anu sok manggung, utamana dina acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina rengse panen.
Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.
Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".
Bagian rajah teh biasana sok ditembangkeun ku juru pantun samemeh mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rek ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk teh hartina menta idin, menta pangrakarsa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh eta lembur sangkan saralamet. Menta kasalametan teh lain keur nu dipangmantunkeun bae tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo eta pantun.
Nilik eusina, rajah teh lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu, mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama anu ngabedakeun carita pantun jeung seni (sastra) sejenna. Nu matak mantes upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.
Rajah teh salilana aya dibagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung beda-bedana rajah henteu gumantung ka juru pantunna. Sanajan caritana beda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu sarua, bisa jadi rajahna oge heunteu beda.
Bagian narasi atawa nyaritekeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Beda jeung rajah katut kajadian deskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger bae dipirig ku kacapi najan ukur digalantangkeun bae oge.
Bagian deskripsi nyaeta bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lengser lumpat, satria perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti eta, bagian deskripsi te ngagambarkeun oge pangrasa hate saperti sedih, ngangres, ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian deskripsi teh sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut oge papantunan. Kaasup bagian nu pikareuseupeun, lantaran umumna juru pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.
Bagian dialog atawa paguneman nyaeta paguneman antara parapalakuna. Sakumaha umuna dina karya sastra lainna, dialog teh di antarana pikeun ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta nepikeun gagasan-gagasan.
Monolog teh nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hate. Contona monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung,
Pengertian rajah panutup teh hampir sarua jeung pengertian rajah dilihur. Ngan ari rajah panutup mah dihaleuangkeunana pas diakhir carita pantun.
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Séjén ti éta, dina istilah karawitan sarua jeung sekar irama merdika nyaéta, wirahma bébas nu kauger ku aturan nu tangtu tur mibanda watek nu ngagambarkeun masing-masing pupuh.
Asmarandana, kalayan téma nafsu, kanyaah batur pikeun pameget, babaturan, sareng kulawarga. Balakbak, kalayan téma komédi, guyon ngeunaan kahirupan sadidinten.
Dangdanggula, kalayan téma katengtreman, kaagungan, kabagjaan.
Durma, dina téma ambek, reueus, sumanget.
Gambuh, kalayan téma kasedihan, kasusahan, kanyeri. Gurisa, téma imajinasi batur.
Jurudemung, kalayan téma bingung, masalah hirup.
Kinanti, téma ngantosan batur.
Lambang, téma komédi kalayan aspék réfléksi.
Magatru, dina téma kasieun.
Maskumambang, kalayan téma kasedihan anu jero, raos prihatin.
Mijil, téma kasedih anu ngahudangkeun harepan.
Pangkur, téma perasaan sateuacan ngalaksanakeun padamelan anu tangguh.
Pucung, téma ambek diri.
Sinom, dina téma kabungah.
Wirangrong, ngagaduhan tema éra tina kalakuan nyalira.
Ladrang, kalayan téma sisindiran.
Biasana pupuh dinyanyikeun sareng dipirig ku suling sareng suling sareng alat musik pelengkap sanésna.
Sajak kaasup kana wangun puisi anu eusina henteu mengrupa carita. Conto puisi Sunda lianna, salian ti sajak, anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti guguritan, sisindiran, mantra jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaéta saperti wawacan jeung carita pantun. Sajak kaasup kana wangun puisi Sunda anu henteu kaikat ku aturan, saperti ogé mantra jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta saperti wawacan jeung guguritan. Wawacan jeung guguritan kaiket ku aturan pupuh.
Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang dina unggal padalisan pupuh atawa puisi. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Kusabab sajak teu kaiket ku aturan, sajak bisa oge disebut wangun puisi anu henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Contona nyaéta Lutung Kasarung.
Pantun teh hiji wangun kasenian titinggal karuhun urang. Beda jeung kasenian lianna, anu jadi lulugu dina pantun nyaeta karya sastrana anu mangrupa leunjeuran lalakon atawa carita. Lalakon anu turun tumurun nepi ka kiwari dina wujud lisan.
Hanjakal ku generasi kiwari mah kurang dipikaresep lantaran meureun karasana geus tinggaleun jaman, henteu nyaritakeun kaayaan jaman kiwari. Padahal carita pantun teh pituin milik urang Sunda.
Kusabab kitu, urang kedah ngalestarikeun sareng ngahudangkeun budaya lokal urang, khususna budaya Sunda. Kusabab upami urang henteu ngalestarikeunana, saha anu bakal?
“Nyukcruk catur juru pantun
Ngaguar carita buhun
Nu di teundeun urang sampeur
Nu di teundeun urang sampeur
Nu di tunda urang ala
Masing rambay caritana
Héjo lembok caritana
Ahuung
Pun sapun ka maha agung
Ka manggung neda papayung
Kuring rék diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
Ngaguar carita buhun
Ngahudang carita lana
Da puguh da kuring catur
Ngebat mapatahan carita
Molongpong jalan sorangeun
Ti mendi pipasinieun
Ti mana picariteun
Tetep mah ti Kahyangan”
Kacarioskeun dimulai ti wanci Munding Sanggawati atos barobah kaayaan hanten raja di Nusa Bali. Badak Pamalang janten pamuk (senapati) sarta Poek Nyawang barobah kaayaan janten jaksa,sedengkeun Parawakalih barobah kaayaan janten patih. Sedengkeun Demang Patih Naga Bali barobah kaayaan janten tukang menyabit jukut sarta ngurus kuda dalapan puluh buntut seueurna. Pagawean eta abot pisan,ku kituna teu aya wamtos kanggo beristirahat.
Kukituna,kaemutan baginda Munding Sanggawati sangkan serat anu kapungkur dibikeun ibuna sateuacan mios ninggalkeun Pajajaran. Serat eta disimpen rapet-rapet,margi talatah ibunda: Ulah serat eta dibuka sateuacan manehna barobah kaayaan janten raja. Nanging ulah deui dugi ical,lamun serat eta ical,nyawalah gantina.
Carita Badak Pamalanv versi ka dua ieu nyaritakeun raja di Nusa Bali, raja na ngaranna Munding Sanggawati. Munding boga para pati jeung senapati.
Dina hiji poe, Munding nemu surat ti indung na. Isi suratna nyaeta kudu nikah jaung putri Kilat Bancana. Lamun berhasil di nikahkeun, Munding bakal aman jadi raja. Tapi lamun teu berhasil nikah, artina kabahagiaan Munding teu sempurna. Putri Kilat Bancana tinggalna di Kuta Tambaga. Tuluy dina carita pantun ieu, raja menta Badak Pamalang keur neangan Putri Kilat Bancana.
Latar waktu : peuting
Latar suasana : putus asa, sepi, reuwas
"kasohor nangtung gelungna kasohor malang sigangna
geulis leucir weuteuh peungkeur parĕnama angin-angin
bulu bitis museur-museur
di nagara kuta tambaga, ua"
"hĕr geulis, ua mah geus kolot
teu sanggup teu kaduga, geulis
can nyaho nyaho acan
nyao kidul nyao kulon nyao kaler nyao wetan nagara kuta tambaga
leuheung-leuheung lamun kĕrta
kumaha mun belok geulis
hĕnteu sanggup teu kaduga, geulis"
harempoy bae ka sunan ua
" u a " ka sunan ua gelap nyawang
"aya iwateun
ka nagara kuta tambaga
ka nu geulis kilat bancana
ka saderek demang rangsang bentang
ais demang rindu jaya
geulis adina bĕdas rakana
hayang tulus jadi ratu
hayang waluya jadi menak"
"hĕnteu sanggup teu kaduga
ua geus kolot
lamun leuheung lamun kĕrta
kumaha mun belok" (geuning)
harempoy cenah ka sunan ua
ka ua patih parawakalih
"ua bubuhan galihna ti pajajaran aya iwateun, ua
kudu manggul piutus ratu ngĕmban piwarangan menak
anu geulis kasingkirkeun
kami geuning rek nyaritakeun sésébitan nu kamari
popotongan nu bareto
beubeulahan nu baheula
kamari cacan kasébit
bareto cacan kapotong
baheula cacan kabeulah
deuk dilanja malém ayeuna
teureuh-teureuh munding deuleu
seke-seler langga lawe
suan kala bélah tunggal
mécat ti sasaka domas
kami sapun na paralun
"Pun sapun ka sang rumuhun
Pun sapun ka maha agung
Paralun ka para karuhun
Nu bihari mangka widi
Ka bujangga hampurana
Bisi gantar kakaitan
Bisi tali ruruhitan
Nempuh rucuk nyorang cugak
Pangnyinglarkeun
Pangmusnahkeun
Lastari anu di pamrih
Cag tepi ka dieu"
Ajip Rosidi, babar di Jatiwangi, Jawa Barat, 31 Januari 1938 –ngatunkeun di Magelang, 29 Juli 2020 dina yuswa 82 taun. Anjeunna nyaéta salah sahiji sastrawan Indonesia, penulis, budayawan, dosen, pendiri, jeung redaktur beberapa penerbit, pendiri sareng ketua Yayasan Kebudayaan Rancage.
Ajip Rosidi ngawitan sakolana di Sekolah Rakyat Jatiwangi (1950), teras ngalanjutkeun ka Sekolah Menengah Pertama Negeri VIII Jakarta (1953) jeung Taman Madya, Taman Siswa Jakarta (1956). Cacak anjeunna henteu neruskeun diajar di SMA, Nanging anjeunna dipercanten ngawulang janten dosen di perguruan tinggi Indonesia, sareng sejak 1967, ogé ngawulang di Jepang. Pada 31 Januari 2011, anjeunna nampi gelar Doktor honoris causa bidang Ilmu Budaya ti Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran.
Latar belakang dijieunna carita pantun badak pamalang : Dipantunkeun ku Ki Samid. Pantun ieu nyaeta bagian kedua lakon Badak Pamalang. Badak pamalang ieu nyaeta transkripsi malam kadua. Ki Samid ngalanjutkeun carita ti malam pertama. Badak Pamalang oge loba adegan nu dipotong. Contona adegan kacantikan awewe, mandi anu asup ka jero kendi.
Nilai agama : allah moal masihan hambana ujian anu leuwih ti kamampuanana.
Nilai budaya : ngarengsekeun masalah umumna leuwih ngagunakeun adu kakuatan tibatan negosiasi.
Nilai moral : hormat jeung nurut ka papatah sepuh, utamina indung, kudu amanah lamun di pasihan wasiat atawa talatah.
Nilai sosial: tanggel waler kana jangji anu tos diucapkeun sareng serius pikeun ngalakukeunana.