Carita wayang téh nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang, asalna ti India, kalawan babonna (sumberna) tina Ramayana karya Walmiki jeung Mahabarata karya Wiyasa.
Nurutkeun kamus Danadibrata mah wayang téh asalna tina kecap bayang. Hartina lalakon wangwangan adeg - pangadegna jelema, boh lahirna boh batina, diwujudkeun ku peta - peta wayang jeung dilakakonkeun ku dalang bari dipirig gamelan.
Asalna ti India. Asup ka urang bareng jeung asupna agama Hindu. Ku parawali média pikeun nyebarkeun agama Islam. Di Tatar Sunda, wayang mimitina sumebar sacaa lisan, laju ditarulis dina naskah kuno jeung wawacan. Mimiti aya pagearan wayang kulit (pangaruh ti Jawa), tuluy urang Sunda nyiptakeun wayang golék (gelung) nu populér anu dipikaresep nepi ka kiwari.
Wayang Golek
nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana
Wayang Klithik (krusil) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan jeung Menakjingga
Wayang Suluh
nyaritakeun lalakon sajarah Indonésia pikeun penyuluhan
Wayang Potéhi
mainkeun carita carita klasik Tiongkok sepertos legenda dinasti-dinasti anu aya di Tiongkok, terutama lamun dimainkan di kelenteng.
Wayang madya (Jawa) ngagunakeun unsur “carita sanggeus zaman purwa”, anu ngisahkeun para raja Jawa anu dianggap katurunan Pandawa.
Orientasi/Pendahuluan, nyaeta bagian awal anu jadi pembuka pambahasan nu eusina ngajelaskeun sacara singkat suatu paristiwa atawa kajadian anu bade dicaritakeun.
Urutan Peristiwa, nyaeta bagean eusi pokok teks anu ngajelaskeun paristiwa atawa kajadian sacara rinci atawa sacara kronologis.
Reorientasi/Penutup, nyaeta bagean panutup teks anu eusina kasimpulan atawa komentar pribadi ti panulis carita.
Unsur tema, nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu aya dina carita wayang. Tema mangrupa jiwa ti sakabeh bagian carita nu aya dina carita wayang.
Unsur latar, nyaeta sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carita wayang. Aya tilu unsur anu dianggap poko nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana.
Unsur galur, nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carita wayang.
Unsur tokoh, nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji carita wayang.
Unsur watak tokoh, nyaeta unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran fisik tokoh.
Unsur amanat, nyaeta pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita wayang.
Unsur sudut pandang, nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina carita wayang ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.
Unsur gaya basa, nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun carita wayang anu hirup jeung endah.
Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik nu aya dina carita wayang nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji carita wayang. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina carita wayang nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.
Dina carita wayang aya istilah kakawén, murwa, nyandra, suluk, garap, jeung antawacana:
Kakawén asalna tina kecap kakawian nyaéta lagu dina basa Kawi nu sok dihaleuangkeun ku dalang.
Murwa nyaéta dalang ngamimitian ngawayang.
Nyandra nyaéta nataan wayang nu keur dipaénkeun.
Garap nyaéta cara ngigel atawa merangkeun wayang.
Antawacana nyaéta caritaan dalang.
Suluk nyaéta ngagambarkeun hiji hal ku cara dihaleuangkeun/ dinyanyikeun ku dalang.
Hapunten bapa lamun aya beberapa "scene" anu muka sareng suarana teu singkron.
Hatur Nuhun.
-Adhika MF