Pikeun Ujian Praktek Nikahan Basa Sunda XII MIPA 6 teh mimitina dibagi jadi dua kelompok. Rencanana dilaksanakeun dina 25 Pebruari 2023. Peran abdi nyaeta dokumentasi.
Dinten Ahad, 5 Pébruari 2023, kelompok ganjil ngalaksanakeun latihan praktek nikahan kahiji di Masjid al-Ukhuwah. Dina latihan ieu, urang nyobian séri prosesi nikahan ti awal nepi ka ahir. Salaku tim dokuméntasi, kuring ngadokuméntasikeun prosés latihan sareng ngawincik gerak unggal peran dina wangun catetan pikeun arsip.
Dinten Rebo, 8 Pébruari 2023, tim dokuméntasi diskusi pikeun ngajieun rancangan dokuméntasi. Diskusi ieu ngahasilkeun kasapukan ngeunaan instrumén dokuméntasi jeung pambagean peran dokuméntasi.
Dinten Kemis, 9 Pebruari 2023, dina latian kadua tim dokuméntasi nyobian ngadokuméntasi nurutkeun peran nu geus ditangtukeun.
Dinten Rebo, 15 Pebruari 2023, dina latian katilu tim dokumentasi ngarombak peran dokuméntasi lantaran aya peran anu nabrak.
Kaping 17 Pebruari 2023, kelompok ganjil & genap mutuskeun pikeun ngagabung dina hiji kelompok atas nama XII MIPA 6. Ku sabab aya peran nu ganda, dilakukeun pambagean peran anyar. Peran abdi nyaeta dokumentasi & panitia (WO).
Panganten
Peran
Dinten Salasa, 21 Pebruari 2023, dilaksanakeun latian perdana XII MIPA 6. Salaku dokumentasi, abdi ngadokumentasikeun proses latian.
Dinten Kemis, 2 Maret 2023, dilaksanakeun diskusi urutan acara anu fix. Tim panitia (WO) nyusun rancangan pambagean tugas.
Hasil diskusi:
https://docs.google.com/document/d/1-9Tw6k1vy1ZJ9bkujMdnKxjGxAPHhXoP5HiGVO19Gzw/edit
Dinten Jumat, 3 Maret 2023, tim dokumentasi ngadakeun diskusi pikeun ngabagi peran dokumentasi.
Dinten Ahad, 5 Maret 2023, dilaksanakeun gladi bersih di Aula Baru. Tim panitia (WO) ngadamel finalisasi alur kerja. Tim dokumentasi latian posisi dokumentasi anu bakal diterapkeun dina acara.
Dinten Senen, 6 Maret 2023, dilaksanakeun ujian sakola mangrupa prosesi nikahan adat sunda di Aula Baru. Salaku dokumentasi, abdi ngadokumentasikeun prosesi mapag calon pangantén nepi ka akad. Salaku WO, abdi ngarahkeun lumangsung na upacara adat.
Sungkeman mangrupikeun tanda bakti jeung hormat panganten ka ibu sareng rama na. Prosesi ieu némbongkeun tanda kumawula sarta sukur kana hidayah nyaéta tiasa nikah.
Sawér téh mangrupa papatah ti ibu rama, mekelan kanggo palaputra na anu nembé ngarumah tangga. Aya simbol anuangrupa béas, ngalambangkeun kasuburan, artos ngalambangkeun dunya brana, permén mah kedah amis budi atanapi mamanis, sareng konéng perlambang kajujuran.
Prosesi meuleum harupat ngandung harti yén panganten supados tiasa ngarengsekeun masalah anu aya dina rumah tanggana salawasna. Harupat anu dihurungkeun téh perlambang pameget anu sipatna getas harupateun, gampil kahuru. Upami raka nuju bendu, istri kedah tiasa meper amarah carogé. Ieu dilambangkeun dina harupat nu dilebetkeun kana kendi, diangkat, dipotongkeun, teras dipiceun kapengker. Miceun getas harupat tanda na miceun sipat anu kirang saé.
Nincak endog dilakukeun ku pangantén pameget. Prosesi ieu ngalambangkeun yén pangantén istri masih kénéh gadis, salian eta ngagambarkeun kamampuh panganten lalaki pikeun méré turunan turun-tumurun kulawarga. Perlambang binih endog téh mugia hidep duaan tiasa ngarundaykeun putra anu shaleh shaleha. Istri ngawasuh dampal sampean tuang raka tawis bakti istri ka carogé.
Meupeuskeun kendi dilakukeun ku cara kadua pangantén nyepeng kendi teras dijatohkeun. Prosesi ieu mangrupikuen perlambang yén upami aya masalah dina rumah tangga kedah dipilari jalan kaluarna ku duaan.
Ngalepaskeun japati dilakukeun ku ibu sareng rama pangantén. Prosesi ieu migaduh harti yén ibu sareng rama parantos ridho ngalepas putra sareng putri na. Anaking manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna.
Huap Pangjajap
Huap pangjajap ti ibu rama hidep duaan mungkas mangsa lalagasan omat kedah tiasa macakal, milarian rejeki anu halal.
Huap Pangbagea
Prosesi ieu dipigawe kalawan ngahuapan pasangan panganten ku kadua pasang sepuh. Ieu ngalambangkeun teu aya beda antawis nyaah ka anak sarta minantu. Sarta oge ngalambangkeun
yen ieu teh kali pamungkas sepuh bade ngasuh anak-anakna.
Huap Teuteup
Panganten pameget sareng wanoja silih masihan neda anu hartina bade ngambah kapal laki-rabi duaan minangka salaki sarta pamajikan.
Pabetot bakakak dilakukeun pangantén ku cara megang pingping hayam teras dibetot. Prosesi ieu ngalambangkeun yen saban perkawis anu maranehanana peroleh minangka salaki-pamajikan kedah dibagikeun kalawan adil. Hayam teh simbol sato anu sarwa guna, seueur mangpaatna, tah urang ge kedah tiasa janten jalmi anu aya mangpaatna kanggo nu sanes.