Kawih teh nyaeta lalaguan Sunda bebas, anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Kawih kauger ku aturan birama jeung ketukan waktu dihaluangkeun.
Bedana kawih jeung pupuh nyaeta dina kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, lamun pupuh kalimahna kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Ari kakawihan mah meh sarua jeung kawih. Bedana kakawihan mah dihaluangkeunana teh dina kaulinan barudak.
Dumasar kana sajarahna, aya tilu rupa kawih nurutkeun jamanna, nyaeta kawih jaman baheula atawa jaman buhun, jakwih jaman Jepang jeung kawih jaman ayeuna atawa kiwari. Tah eta klasifikasi kawih nurutkeun jaman atawa waktuna. Tapi aya oge anu ngabagi kawih jadi dua rupa nyaeta kawih klasik jeung kawih pop.
Sacara singget, anu dimaksud kawih Sunda klasik nyaeta kawih anu ngagunakeun 5 nada atawa pentatonik (da, mi, na, ti, la). Conto kawih Sunda anu ngagunakeun 5 nada nyaeta saperti kawih Entog Mulang, Ekek Paeh, jeung Awi Ngarambat. Sedengkeun, anu dimaksud kawih Sunda pop nyaeta kawih anu ngagunakeun 7 nada atawa diatonik (do, re, mi, fa, sol, la, si). Conto kawih Sunda pop nyaeta sapert kawih Es lilin (Mursih), Lembur Kuring (R. T. A Soenarya), Mojang Priyangan (Iyar Winarsih), Bubuy Bulan (Benny Corda), Bajing Luncat (Kosaman Jaya), Kalangkang (Nano S.), jrrd.
Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda
Sapopoe kade lali
Sasauran basa sunda
Ka indung jeung ka bapa
Ka lanceuk jeung ka adi
Sing tarapti bari hade budi
Basa sunda, basa sunda
Basa indung urang sunda
Disakola kitu deui
Sasauran basa sunda
Ka ibu bapa guru
Ka sobat babaturan
Sing giatna hormat diajarna
Diajar basa sunda diajar basa sunda
Titenan dina kamusna
Ka koran jeung majalah
Sing ngarti ulah salah
Resep temen maca buku sunda
Diajar basa sunda diajar basa sunda
Titenan dina laguna
Apalkeun haleuangna
Sing bentes kalimahna
Resep temen ngawih lagu sunda
Tema : Basa sunda
Rasa : Bahagia
Nada : Semangat
Amanat : Salaku urang sunda, urang kudu bisa basa sunda.
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung partentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyanan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali manuk siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia
Tema : Nasionalisme
Rasa : Bahagia (Nyemangatkeun)
Nada : Semangat
Amanat : Manuk dadali teh maksudna sarua jeung manuk garuda, nyaeta lambang nagara, anu mangrupakeun manuk anu gagah jeung wanian, anu dipikasieun ku sasamana. Tapi, sanajan kitu, manuk dadali teh manuk anu resep ngahiji, rukun jeung sasama, hirup babarengan henteu pahiri-hiri, silih mikaasih jeung henteu sieun maot. Eta sifat-sifat manuk dadali anu kitu teh jadi perlambang bangsa jeung nagara Indonesia.