Dongeng nyaeta carita rekaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan.
Sumebarna sacara lisan
Teu kanyahoan saha anu ngarangna (anonim)
Ngagunakeun basa lancaran
Eusi caritana mangrupa rekaan
Ukuranana ilaharna pondok
a. Jejer (tema)
Tema nyaeta ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita.
b. Latar (setting)
Latar nyaeta patempatan, waktu/mangsa, atau suasana lumangsungna carita.
c. Palaku (tokoh)
Palaku nyaeta jalma/sasatoan/tutuwuhan/bangsa jin jeung siluman anu ngalalakon tur dilalakon dina carita.
d. Galur (alur)
Galur nyaeta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur.
e. Amanat (pesen)
Amanat nyaeta rupaning hal atawa perkara nu rek ditepikeun ku pangarang dina karyana. Raket patalina jeung tema.
Fabel : dongeng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa.
Conto :
Dongeng "Gajah jeung Sireum", dongeng "Gagak Hayang Jadi Merak"
Parabel : dongeng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun tapi lenyepanen.
Conto :
Dongeng "Si Kabayan Ngadeupaan Lincar", dongeng "Si Kabayan Ngala Nangka"
Legenda : dongeng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan
Conto :
Dongeng "Sasakala Tangkuban Parahu", dongeng "Sasakala Uncal Tandukan"
Mite : nyaeta dongeng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib
Conto :
Dongeng "Nyi Roro Kidul", dongeng "Ngipri ka Siluman Oray"
Tema : Legenda tempat anu aya di Jawa Barat
Latar tempat : Gunung Wayang, Makam Nyi Kantri Manik, Hulu Walungan Citarum
Latar waktu : Beurang jeung peuting
Latar suasana : Asmara, hariwang, sedih
Palaku : Pangeran Jaga Lawang, Nyi Putri Ratna Ningrum, Pangeran Gagak Taruna, Nyi Kantri Manik
Galur : Maju
Judul : Sasakala Talaga Warna
Jaman baheula aya hiji raja nu kacida beungharna, tapi hanjakal anjeunna teu gaduh putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan prameswari tiasa ngagaduhan putra.
Dikersakeun ku anu kawasa nya prameswari teh ngandung. Kanjeng Raja kacida bingahna ningal prameswari ngandung teh. Nya dina waktosna lahir hiji putri nu kacida geulisna. Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh taya nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan.
Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja putri adat tabeatna awon pisan kanu janten sepuhna ngalawan, sakita sagala kahoyongan tara aya anu dipungpang teh. Raja sareng prameswari sering nangis upami emut kana talajal nu janten putrana teh.
Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana, sirikna heunteu kana pameunteu raja sareng prameswaro ngawurkeunana teh. Kitu kersana nu Maha Kawasa, na atuh ari burial teh cai tina taneuh, beuki lila beuki ngagedean, nu ahirna karaton kakeueum. Leungit karaton, timbul talaga.
Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal saripaning warna-warni matak endah katingalna. Ceunah eta teh Inten permata anu diawurkeun ku putri tea.