Ujian Praktek Sunda
Ujian Praktek Sunda
foto latihan di kelas. keur latihan ujian praktek Sunda ngeunaan acara nikahan. Aya abdi jeung sababaraha babaturan nu keur latihan sungkeman bari pura-pura nyuhunkeun hapunten jeung nyuhunkeun restu. abdi Nu jadi kolot panganten ogé masihan naséhat siga dina acara nikahan beneran, sedengkeun babaturan séjén katingali sibuk sorangan ku bagianna masing-masing.
Saméméh poé H ujian praktek, arurang di gazebo atas keur latihan acara nikahan Sunda. Dina éta latihan aya abdi oge jeung sababaraha babaturan nu keur nyobaan latihan sungkeman ka kolot panganten bari nyuhunkeun hapunten jeung nyuhunkeun restu. Suasana katingali siga latihan acara nikahan beneran supaya pas poé H engké sadayana bisa ngalakukeun bagianna kalayan lancar.
HARI H UJIAN PRAKTEK NIKAHAN
Ngeuyeuk seureuh nyaéta salah sahiji prosesi dina adat nikahan Sunda anu dilakukeun saméméh akad nikah. Ieu prosesi biasana dipingpin ku sesepuh pikeun méré naséhat ka calon panganten ngeunaan kahirupan rumah tangga.
Sungkeman nyaéta prosesi nalika panganten nyuhunkeun hapunten jeung nyuhunkeun restu ka kolotna ku cara sujud atawa ngahormat. Ieu prosesi ngalambangkeun rasa hormat jeung bakti ka kolot.
Siraman nyaéta prosesi ngamandian calon panganten ku cai kembang anu dilakukeun saméméh acara nikahan. Tujuanana pikeun ngalambangkeun beberesih diri lahir jeung batin saméméh ngamimitian kahirupan anyar.
Kesan abdi nalika ngalaksanakeun ujian praktek basa Sunda téh karasa capé pisan sabab kudu latihan jeung ngalakukeun sababaraha prosesi, tapi sanajan kitu tetep karasa pikaresepeun sabab dilakukeun babarengan jeung babaturan jadi loba kenangan anu seru. Suasana ogé jadi leuwih rame jeung nyenangkeun sanajan keur ujian. Pesen abdi kanggo guru basa Sunda, mugia ka hareupna tiasa langkung pas waktos nalika sumping ka sakola supaya ujian tiasa dimimitian leuwih lancar.