Pantun
Pantun
Carita Pantun nyaéta carita buhun Sunda anu biasana dicaritakeun sacara lisan ku juru pantun bari ngagunakeun irama jeung pupuh. Eusina ngeunaan kahirupan masarakat, kahirupan di alam, ajén moral, jeung legenda.
Ciri-ciri carita pantun
Dicaritakeun ku juru pantun
Ngagunakeun basa buhun
Aya rajah bubuka jeung rajah pamunah
Lobana migunakeun pupuh
Caritana panjang jeung runtuy
Mindeng nyaritakeun perjalanan pahlawan, cinta, atawa kajadian gaib
Bagian-bagian carita Pantun
1. Rajah: Pupujian atawa doa bubuka pikeun ngamimitian carita.
2. Deskripsi: Pangalaman atawa gambaran tempat, suasana, atawa tokoh.
3. Narasi: Jalan carita anu nyaritakeun kajadian demi kajadian.
4. Dialog: Paguneman antawis tokoh-tokoh dina carita.
5. Monolog: Omongan tokoh ka dirina sorangan.
6. Rajah Pamunah (Panutup): Pupujian atawa doa pikeun nutup carita sanggeus pagelaran rengse.
Video Pantun