Carita wayang nyaéta carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang. Ari wayang téh robahan tina kecap bayang atawa bayang-bayang anu hartina 'kalangkang'.
(1) Wayang purwa: purwa téh robahan tina parwa nu hartina mimiti. Biasana lalakonna dibagi jadi sababaraha parwa, nyaéta lalakon Mahabarata jeung Ramayana sarta tuluy dianggap wayang (kulit) nu mimiti diayakeun di pulo Tawa;
(2) Wayang gedog: wayang kulit kénéh nu ngalalakonkeun carita Panji, saperti lalakon Panjisemirang; wayang gelung (golék elung) nyaritakeun lalakon Mahabarata jeung Ramayana; wayang golek iket (wayang cepak) nyaritakeun lalakon Prabu Damarwulan, Ménakjingga, jsb.;
(3) Wayang titi (potéhi) nyaritakeun lalakon ti nagri Tiongkok;
(4) Wayang bébér lalakonna digambar dina lawon, tuluy dibébérkeun;
(5) Wayang klitik cara wayang golek tapi laleutik, ditanggapna ti beurang; wayangna: Jan Pieterszoon Coen, Kaptén Tack isté.;
(6) Wayang krucil cara wayang golék kénéh (di Surabaya disebut wayang klitik) lalakonna Amirhamjah, Umarmaya jste.;
(7) Wayang wong nyaéta wayang jelema, lalakonna tina Mahabarata;
(8) Wayang lilingong (di Cianjur disebutna wayang klitik), lalakonna mupu kembang, jambatan beusi, jsb.;
(9) Wayang suluh tina kulit nyaritakeun lalakon ayeuna ngeunaan sajarah Indonesia jeung pikeun panyuluhan, tokohna jalma kaayeunakeun.
(10) Wayang golék dijieunna tina kai kawas bonéka, réa sumebar di Jawa Barat.
nyaéta suluk atawa siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana. Murwa. kaasup salasahiji jenis puisi padalangan.
nyaéta déskripsi adegan maké basa prosa pakeliran wayang. Aya dua rupa nyandra, nyaéta janturan jeung pocapan. Janturan mangrupa basa lancaran (prosa) dalang pikeun nyaritakeun jejer atawa adegan hiji nagara, watak wayang, jsté. anu teu dibarengan gamelan. Pocapan nyaéta nyandra anu teu dibarengan ku gamelan pikeun nyaritakeun kajadian dina adegan.
mangrupa basa Kawi "titiron" nu sok dipaké mamanis atawa pamantes dina ngadalang, minangka basa pamidanganana. Ngadalang anu henteu maké kakawén, lir balandongan nu teu dipapajangan atawa dipapaésam, moal pantes jeung moal ginding.
nyaéta caturan wayang dina adegan. Antawacana sami sareng dialog dina drama, bédana dialog drama diucapkeun ku lobaan, ari antawacana dicaturkeun ku sorangan. Dina antawacana dalang kudu bisa ngolah wanda sorana sangkan béda dina caturan wayang-wayangna.