Carita pantun téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi, dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi.
Sajarah
Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa.
Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".
Rajah nyaéta ciri mangkat carita nu eusina sanduk-sanduk ka Nu Kawasa, sangkan salila mantun téh lancar. Bagéan rajah dihaleuangkeun ku juru pantun.
Narasi nyaéta bagéan carita anu ditepikeun ku juru pantun keur ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian dina carita. Dina nepikeun narasi, juru pantun téh aya nu digorolangkeun aya ogé nu dihaleuangkeun. arngan ku gamelan pikeun nyaritakeun kajadian dina adegan.
Dialog nyaéta guneman antara hiji tokoh jeung tokoh sejénna. gan.
Monolog mah nyaéta guneman hiji tokoh ka dirina sorangan. Biasana bagéan monolog mah sok dihaleuangkeun.