HARTI
Pedaran nyaeta mangrupa wacana atawa karangan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung naon kagunaanana. karangan pedaran gede mangpaat na pikeun ngalegaan pangaweruh ngenaan hiji jalma.
STRUKTUR
Minangka bubuka atawa panganteur tulisan bisa ku nerangkeun gambaran tempat, nyaritakeun naon-naon nu rék dipedarhätawa nyaritakeun perkara séjén anu patalina jeung bahan pikeun babandingan.
Bagian eusi mah nyaritakeun inti bahasan.
Sedengkeun bagian panutup minangka pungkasan tulisan bahasan bisa ku kacindekan, harepan kahareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari boh kiwari boh nu hadé boh nu goréng pikeun ngirut pamaca.
JENIS
1. Argumentasi
Argumentasi teh wacana anu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
2. Deskripsi
Déskripsi téh tulisan nu ngagambarkeun objék, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dian wacana.
3. Narasi
Narasi téh tulisan an nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti manga ka manga kalawan ngaruntuy turut runut.
4. Eksposisi
Eksposisi téh wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana. Tulisan bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan campuran contona déskripsi jeung narasi, atawa narasi jeung argumentasi.
NULIS PEDARAN SUNDA
1. Néangan idé atawa (ilham)
biasana sok hésé neangan idé keur nulis bahasan téh, teu kudu jauh-jauh néangan idé, cokot we tina pangalaman pribadi jeung objék sabudeureun urang.
2. Nangtukeun jejer
jejer téh inti tulisan bahasan. Sanggeus manggih ide, urang kari mikiran perkara naon waé nu rék dituliskeun téh, teu kudu réa teuing nu diperdar, hadéna mah anu matak ngirut. Upamana ditempat sabudeureun hidep aya radisi jeung budaya sunda.
3. Nyusun rangka tulisan
Sanggeus nangtukeun jejer, Jieun rangka tulisan dumasar kana struktur tulisan bahasan, nu ngwengku bagian bubuka, eusi jeung panutup.
4. Basa anu digunakeun
basa téh pakakas atawa alat utama dina nulis. Dina nulis bahasan ilaharna ngaggunakuen basa loma.
5. Nangtukeun judul
Nangtukeun judul karangan téh hadéna ku dua atawa tilu kecap nu luyu jeung jejer, matak ngirut, jeung ngahudang kapanasaran