Sajarah pantun Sunda ti jaman Siliwangi. Dina naskah anu ditulis taun 1518 Masehi, Siksa Kanan Karesyan, disebutkeun kasenian pantun téh mangrupa kasenian anu geus kolot. Kasenian ieu geus dipaké ti jaman Langgalarang, Siliwangi, jeung Banyakcatra. Urang Sunda baheula anu mikaresep pisan kana seni pantun nya éta urang Kanekes. Biasana dina acara-acara ritual ngagunakeun wirahma, gelar anu biasa digunakeun nyaéta Langgarsari Kolot jeung Langgarsari Ngora.