Sedeng Isola Bumi Siliwangi Liliwatan Bandung Lémbang Suku Tangkuban Parahu Ngabedega éndah agréng sigrong Isola pada muru ti jauhna Kajojo sa-Nusantara kader-kader keur harepan bangsa ti Isola mimitina Anu bieu dibaca ku Sadérék téh disebutna rumpaka kawih. Nilik kana wujudna mah, rumpaka kawih téh henteu béda jeung sajak. Rumpaka kawih téh saenyana mémang sajak ngan pédah sok dihaleuangkeun atawa dikawihkeun. Ilaharna dina rumpaka kawih mah aya unsur mélodi anu ngawéngku laras, surupan, wirahma, jeung susunan mélodi titi laras. Kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh; mangrupa sekar anu kauger ku embat atawa témpo kalawan rumpaka atawa sair nu tangtu. Kawih biasana dipirig ku gamelan. Kawih biasana disusun ku ahli husus nu disebut panyanggi Ind: komponis, sok dihaleuangkeun ku sindén atawa jurusekar. Wangun ugeran, puisi, atawa sair anu dipaké midangkeun lalaguan, kawih, tembang Indonesia: nyanyian, minangka katerangan tina téma atawa lirik lagu disebut rumpaka. Tina katerangan di luhur bisa disebutkeun yén rumpaka téh rék sarua jeung téks atawa lirik, anu duanana nuduhkeun harti puisi atawa sajak minangka bahan haleuangkeuneun kawihkeuneun atawa tembangkeuneun. Dina kawih jeung tembang, istilah rumpaka leuwih cocog pikeun dilarapkeun ti batan kecap lirik. Ari sababna, lirik mah kaasup kana basa Indonésia.
anu mangrupa lagu-lagu Sunda bébas, ngan Kakawihan mah leuwih idéntik jeung lagu-lagu Sunda anu mindeng dipaké dina kaulinan barudak lamun dina istilah Sunda disebut Kaulinan Barudak
VIDIO NGAWIH
Teu hon cewang sumoreang
tekadna pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
mun maksud ta can laksana
Berjuang keur lemah cai
lali rabi tur tega pati
Ta ya basa menta pamulang tarima ikhlas
rido keur korban merdeka
Sinatria dana laga
bela Bangsa jeung Nagara
Dibarengan tekad suci
berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
asal Nagri, Bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
jasa tujuan pahlawan Bangsa