A. Bubuka (Pendahuluan)
Pengertian resensi teh sacara sederhana bisa diartikeun ngulas hiji karya, atawa aya oge nu ngartikeun resensi teh meunteun (mengapresiasi) hiji karya. Ngaresensi teh sok diidentikkeun kana karya tulis, utamana mah buku. Ka belah dieunakeun aya istilah ngaresensi pilem, ieu minangka proses nyaluyukeun kana kamajuan jaman. Tapi naha ngan saukur buku jeung pilem anu bisa diresensi teh? Ke urang jawab ieu pertanyaan dina pedaran materi.
Samemeh urang asup kana pedaran materi aya alusna lamun urang ningali heula ieu hal teh sacara umum. Nu kumaha resensi teh? Naha urang kudu nyaho jeung bisa ngaresensi? aya deui pertanyaan nu kudu dijawab yeuh, tapi ke urang jawabna sakaliguskeun dina pedaran materi.
B. Ulikan Pustaka (Kajian Teori)
Dina bagian ieu urang kudu paham heula istilah nu aya patalina jeung Ngaresensi. Tah sabenerna mah dina Google oge pabalatak pengertian resensi mah, hidep ge pasti bisa manggihan. Tapi sahenteuna lamun rek searching rada pinter saeutik. Kumaha maksudna? Teangan ti sababaraha sumber, analisis naon nu sarua, simpulkeun, tuluy jieun pengertian nu anyar tina hasil analisis tadi. Bisi hidep lieur, kieu contona Searching rada pinter sautik teh. Naon ari resensi? Ieu sababaraha jawabanna :
Resensi menurut Sitepu (2013)
Sacara etimologi resensi teh dicokot tina bahasa Latin (recensere atau revidere) jeung bahasa Inggris (review), resensi boga makna dasar “memeriksa, mencermati, meninjau atau melihat kembali” sesuatu.
Resensi menurut Gorys Keraf (1994;274)
Resensi didefinisikeun mangrupa tulisan atawa ulasan ngeunaan nilai hiji karya atawa buku.
Resensi menurut Yus Rusyana (1996;1)
Mere definisi yen resensi nya eta tulisan ngeunaan buku pengetahuan, sastra, kamus, ensiklopedia, jeung sajabana nu mere ikhtisar, ngagambarkeun, ngajelaskeun, jeung meunteun buku.
Tah tina tilu pengertian resensi diluhur, boga sasaruaan dina hal tulisan jeung meunteun karya. Ayeuna urang bisa nyimpulkeun yen resensi teh kagiatan meunteun (menilai) jeung mere gambaran tina hiji karya, ari resensi teh biasa dijieunna dina wangun tulisan. Paham sakitu nya?
C. Pedaran Materi
Ditingali tina bentukna resensi teh sipatna persuasif atawa ngajak. Saluyu jeung tujuanna resensi teh nya eta
Ngarah bisa mere pamahaman jeung informasi sacara komprehensif ka hiji golongan masyarakat atawa ka pamaca sejen ngeunaan eusi buku nu diresensi.
Ngajak pamaca sangkan ngadiskusikeun jeung maham leuwih jero ngeunaan masalah nu diangkat dina buku eta.
Mere pertimbangan ka pamaca sejen, naha buku eta teh pantes dibaca atawa henteu.
Mere sugesti ka nu can maca yen buku eta teh resep keur dibacana.
Ayeuna urang jawab pertanyaan kahiji. Naha ngan saukur buku jeung pilem anu bisa diresensi teh?
Jawabanna, enya bener. Salila ieu nu umum keur diresensi teh buku jeung pilem. TAPI... kamampuh urang dina ngaresensi bisa dipake pikeun hal anu sejen. Naon conto REAL na? Dina platform YouTube aya sababaraha content creator anu make kamampuh ngaresensi. Saha wae?
David GadgetIn (Review produk elektronik)
Jagat Review (Review produk elektronik)
Nex Carlos (Review sakaligus Food Vlogger)
Ria SW (Review sakaligus Food Vlogger)
Codeblu (Food review)
Conto content creator diluhur nya eta sababaraha jalma anu boga kamampuh pikeun meunteun jeung mere gambaran tina hal-hal anu ditekuni ku maranehna. Tah hidep oge lamun bisa ngareview jeung meunteun, skill eta bisa dipake kana hal sejen, henteu dina resensi wungkul. Hal ieu ngajawab pertanyaan Naha urang kudu nyaho jeung bisa ngaresensi?
CONTO RESENSI
Pertanyaan nu pamungkas. Nu kumaha resensi teh?
Judul: The Avengers : End Game
Sutradara : Joe Russo & Anthony Russo
Produser : Kevin Feige
Penulis Naskah: Christoper Markus, Stephen McFeely
Produksi : Marvel Studios
Pemain : Robert Downey Jr : Tony Stark
Chris Evans : Captain America
Mark Ruffalo : Bruce Banners
Chris Hemsworth : Thor
Scarlett Johansen : Black Widow
Jeremy Renner : Hawkeye
Don Cheadle : War Machine
Paul Rudd : Ant Man
Brie Larson : Captain Marvel
Josh Brolin : Thanos
Durasi : 181 menit
Sinopsis
Film ini nyaritakeun sababaraha superhero di bumi anu boga tujuan pikeun maehan thanos nu geus ngancurkeun sawareh populasi di bumi kaasup kelompok superhero sejen saperti Doctor Strange, Spiderman, Black Panther, jsb ku Infinity Stone (carita dina Avengers : Infinity Wars 2). Mimiti carita dibuka ku Captain Marvel nyalametkeun Iron Man jeung Nebula nu kalangsu di luar angkasa. Sanggeus baralik ka bumi, dicaritakeun sesa superhero teh ngumpul pikeun ngalacak si Thanos anu kabur galaksi sejen sanggeus nyieun "The Blip", misi utamana teh nya eta ngumpulkeun deui Infinity Stone tuluy ngabalikkeun deui populasi nu geus punah. Sanggeus ngalacak kurang leuwih 23 poe ti si thanos make infinity gauntlet horeng kapanggih si Thanos aya di planet leutik, keur ngebon. Atoh bisa manggih si Thanos kelompok eta tuluy ngontrog si Thanos, ari pas diinterogasi horeng cenah infinity stone nu dipakena teh geus ancur kabeh, bakating ambek ngadenge eta si Thor ngamuk tuluy ngadek beuheung si Thanos nepika buntung ku Stormbreaker. Tah bisa teu Infinity Stone jeung sawareh populasi bumi eta balik deui? Tuluyananan bisa ditongton dina film The Avengers : Endgame
Ulasan
Visualisasi dina film Avengers Endgame ieu mangrupa tekhnologi CGI anu geus teu kudu diragukeun deui. Efek visualisasi nu sarua tina kabeh seri fil marvel, teu pernah gagal jeung nguciwakeun anu nongton. Gambaran power sarta hal-hal fisis sejenna kacida pisan karasa jeung teu katingali kurangna.
Tokoh nu diperankeun ku artis artis papan atas dina film ieu nambah pisan kesan dramatisna, lian ti pamaenna professional, tangtuna totalitas dina ngagambarkeun tokohna sewang-sewangan. Marvel Studios memang geus moal gagal soal sinematografina. Ku lantaran ieu mangrupa film genre action jeung scientic fiction (Sci-FI), nu nongton bisa nambahan pangaweruh dina hal imajinasi jeung tehnologi astrofisika.
Alur nu dipake dina film ieu teh maju, tapi (Spoiler Alert) film ieu nyaritakeun ngeunaan tehnologi anu bisa mawa superhero dina carita ngajelajah waktu. Hal ieu mangrupa kaleuwihan sakaligus kakurangan dina film. kaleuwihanna mapay-mapay make mesin waktu teh mangrupa plot twist anu teu kapikiran samemehna, jadi nu nongton ge meunang shock therapy tina film ieu. Kurangna, penjelasan menjelajah waktuna kurang detil, jadi pikeun nu resep imu sain bakal karasa aneh kana teori Dunia Kuantum dina film ieu.
Kesimpulan
Film ieu cocok pisan ditongton sakulawarga. Sabab film ieu nyaritakeun kakompakkan dina mecahkeun hiji permasalahan. Sinematografi jeung visual nu keren nambahan nilai tambah pikeun ngawangun imajinasi jeung gambaran teknologi nu berkembang pesat. Hanjakalna penjelasan teori-teori ilmiahna kurang detil, nu ngakibatkeun film ieu boga kakurangan. Tapi kakurangan ieu moal karasa lamun urang nengetan jalan carita nepika klimaks komo parat nepika ending. Bener-bener sekeren itu !