Pengertian Karangan
Karangan nyaéta hiji wangun tulisan nu ngungkapkeun pikiran jeung perasaan panulis dina kasatuan téma anu utuh. Karangan dihartikeun ogé ku hasil runtuyan pamikiran atawa ungkapan perasaan kana wangun tulisan anu teratur. Sacara umum, Karangan ditempo salaku polah atawa kagiatan komunikatif antara panulis jeung pamaca dumasar téks nu geus dihasilkeun.
karangan dibagi kana jenis-jenis dihandap ieu :
Karangan narasi
Karangan narasi téh nyaéta hiji karangan nu nyaritakeun peristiwa atawa kajadian ku tujuan supaya nu maca saolah-olah ngalaman kajadian nu dicaritakeun.
Karangan Deskripsi
Karangan deskripsi nyaéta karangan nu ngagambarkeun hiji obyék nu tujuana supaya nu maca ngarasa saolah-olah ninggali sorangan objek anu digambarkeun éta.
Karangan Eksposisi
Karangan éksposisi nyaéta karangan anu ngajéntrékeun sajumlah pangaweruh atawa informasi jeung pangaweruh anu sajelas-jelasna.
Karangan Arguméntasi
Karangan arguméntasi nyaéta karangan anu boga tujuan pikeun ngabuktikeun hiji bebeneran supaya nu maca yakin kana éta bebeneran. Pikeun ngabuktikeun téh butuh data jeung fakta anu ngayakinkeun.
Karangan Persuasi
Karangan persuasi nyaéta karangan anu boga tujuan pikeun mangaruhan nu maca.[rujukan?] Karangan ieu ogé butuh data salaku pangrojong.
Ieu di handap mangrupa lengkah-lengkah dina nulis karangan dumasar pengalaman jeung kamampuh.
Tangtukeun rek nulis karangan jenis nu mana,
Tangtukeun tema atawa topik karangan,
Nangtukeun pijuduleun,
Susun kerangka karangan
Kembangkeun kerangka karangan jadi karangan anu mundel sarta jentre,
Istirahat (15-25 menit),
Editing, perenahkeun deui karangan nu geus jadi,
Finishing.
Ngabantuan panulis nalika nyieun penulisan karya tulis sangkan jadi leuwih sistematis jeung rapih,
Nyingkahan panulis kaluar tina ide awal nu baris dibahas dina hiji karangan nu rek dijieun,
Nyingkahan panulis sangkan teu ngabahas deui hal nu geus pernah dibahas,
Ngabantuan panulis neangan informasi nu mangrupa data jeung fakta,
Ngabantuan panulis ngembangkeun ide-ide nu rek ditulis dina hiji karangan sangkan karanganna leuwih variatif jeung matak ngirut.
Ieu video ngeunaan proses kreatif ngadamel karangan bahasan tradisi Sunda, mangga wilujeng nongton.
HATUR NUHUN