NAON CARITA WAYANG TEH?
WANGENAN CARITA WAYANG
Wayang mangrupa wangun téater rahayat ti Indonésia. Réa jalma sok makaitkeun kecap wayang jeung bayang atawa kalangkang, sabab dina pagelaran wayang kulit digunakeun layar anu warnana bodas jadi jalma anu dilalajoan téh kalangkang di tukangeunana. Tapi, aya ogé nu boga pamadegan yén ku urang lalajo wayang saenyana mah jalma keur nalingakeun kalangkang hirup manusa nu ka gambar dina lalakon wayang. Di Jawa Barat wayang aya anu ngagunakeun bonéka (tina kulit jeung tina kai) jeung aya ogé nu dipaénkeun ku manusa (wayang orang). Anu maké bonéka tina kulit disebut wayang kulit sedengkeun anu maké tina kai disebut wayang golék. Wayang kulit umumna nyokot lakon tina Mahabarata atawa Ramayana, boh Galur boh Carangan, ayana di daérah kabudayaan Cirebon jeung daérah kabudayaan Batawi. Di daérah Cirebon ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon pélog, sedengkeun di daérah kabudayaan Batawi ngagunakeun basa Batawi dipirig ku gamelan Sunda (saléndro). Wayang golék aya dua rupa, nyaéta Wayang Golék Purwa di daérah Sunda ngagunakeun basa Sunda anu dipirig ku gamelan Sunda, jeung Wayang Golék Papak atawa wayang golék cepak nu ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan Cirebon. Wayang anu dipaénkeun ku manusa anu ngagunakeun pakéan jeung panutup hulu wayang nu niron wayang kulit, tapi antawacana dilakukeun ku dalang. Dalang nyaéta pamingpin pagelaran wayang, manéhna nu ngamaénkeun wayang, nembangkeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jrrd.
Sacara singget, Mahabarata nyaritakeun carita konflik para Pandawa lima jeung baraya misan maranéhanana nyaéta saratus Kurawa, ngeunaan sengkéta hak pamaréntahan tanah nagara Astina. Puncakna nyaéta perang Baratayuda di tegal Kurusétra sarta perang lumangsung salila dalapan belas poé.
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata kalawan ngagunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong), ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.
Ti taun 1920-an, salila pintonan wayang golék téh teu weléh dibarengan sindén. Malah harita mah sindénna bisa leuwih kawentar batan dalangna, utamana nalika jaman Upit Sarimanah jeung Titim Patimah taun 1960-an.
Dina pintonan wayang golék, lalakon nu ilahar dipintonkeun nyaéta lalakon carangan, lalakon galur mah teu pati mindeng. Ieu bisa dijadikeun cicirén kaparigelan dalang dina nyiptakeun lalakon carangan nu alus tur matak dipikaresep. Dalang wayang golék nu kawentar di antarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abéng Sunarya, Entah Tirayana, Apek, Asép Sunandar Sunarya, R.H. Cécép Supriadi, Dédé Amung Sutarya, Manan Dédé Sutarya, Apép Hudaya, jld.
Pola pangadegan wayang golék nyaéta (1) Tatalu, dalang jeung sinden naik panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawén, jeung biantara; (2) Babak unjal, paséban, jeung bébégalan; (3) Nagara séjén; (4) Patepah; (5) Perang gagal; (6) Panakawan/goro-goro; (7) Perang kembang; (8) Perang raket; jeung (9) Tutug.
Najan mibanda fungsi rélijius (misalna dina ngaruwat), wayang golék kiwari leuwih dominan dipaké salaku seni pintonan hiburan rahayat nu mibanda fungsi nu luyu jeung pangabutuh lingkungan masarakat, boh spiritual atawa materil. Hal ieu bisa ditempo dina sababaraha kagiatan masarakat nu diramékeun ku pintonan wayang golék, di antarana hajat/kariaan nyunatan, nikahan, jsb.
PANDAWA LIMA
Dicaritakeun ku Ahmad Bakri
Dang Hyang Dorna diangken, diajak bumén-bumén sasarengan di bumi sang Krépa, raka geureuhana di Gajahwaya, di luareun kota Hastinapura. Kaleresan sang Krépa téh guru para Kurawa sareng Pandawa nu masih marurangkalih kénéh. Anjeunna kagungan harepan, manawi-sareng manawi lami-lami mah tiasa kaangkir ngiring ngawulang para murangkalih di karaton.
Dina hiji énjing, nalika anjeunna nuju jalan-jalan, kadangu ti katebihan sora nu surak ayeuh-ayeuhan. Panasaran hoyong uninga aya naon, énggal waé ngabujeng. Ari srog téh murangkalih nu keru arameng di tegalan. Sabréhan ogé katawis, sanés murangkalih samanéa, taya semu buluh taneuh, siga tedak padamelan. Kasondong téh keur ngarubung-rubung sumur, tingterempo bangun aya nu dipilari.
“Nuju arameng nu karasép téh? Saur Dang Hyang Dorna bari nyaketan.
“Leres, paman” waler salahsawios murangkalih, “Dupi paman saha téa sareng di palih mana palinggihan? Asa nembé patepang.”
Ningali rengkuh-rengkuhna, ngadangu kasauranana, Dang Hyang Dorna jol teg waé, sangkaanna nu tadi téh teu géséh.
“Wasta paman pun Dorna, bibit-buit ti nu tebih. Kiwari nuju andon betah di Gajahwaya, di rorompok sang Krépa, lanceukna pun bojo. Dupi kang Putra saha téa?”
“Sim kuring sadaya urang karaton Astinapura. Kurawa sareng Pandawa.”
“Paingan béntén ulatna, horeng leres terusing ratu rembesing kusumah,” saur Dang Hyang Dorna, “Na aya naon di lebet sumur téh, bet bangun aya nu dipilarian?”
“Bal ragrag ka lebet sumur. Nuju resep-resep ulin.”
“Cik cobi ku paman bade dibantuan.”
“Moal tiasa kacandak, paman, sumurna jero teu kinten”
Dang Hyang Dorna nyaketan teras nempo ka jero sumur. Weu, sanés jero meueus-meueus. Bal téh semet témbong lapat-lapat. Kilang kitu, Dang Hyang Dorna teu kahémengan. Anjeunna metik daun eurih, didamel sarupa panah. Dikécéng, belesat panah eurih téh ngudal bal. Ceplok, ceb waéh. Marurangkalih kagét ningali kitu téh. Jol katawis kaahlianana sareng kamahéranana mentang panah. Lain jelema samanéa, cék gerentes marurangkalih téh.
Dang Hyang Dorna metik deui daun eurih, nya kitu sapertos tadi, panah melesat, pel kana tungtung panah nu tadi. Kitu sareng kitu waé pasambung-sambung dugi tiasa kahontal ku panangan. Saparantos kitu mah lajeng dipulut waé lalaunan. Bal téh hanjat deui sarta kaanggo deui ku marurangkalih.
Para Kurawa sareng Pandawa teu kinten ngaraos hélokna ningali kajadian sarupi kitu téh. Dina manahna teg waé, nu tiasa kitu mah tangtuna gé lain jelema samanéa. Harita kénéh ogé mimiti timbul ajrih ka tamu anyar pinanggih téh. Sarumping ka karaton, lalakon tadi di tegalan diunjukkeun ka sang Bisma.
Ngawitanna mah sang Bisma rada mangmang, bilih carios dibungbuan, bubuhan marurangkalih téa, sok resep ngagedékeun, nanging saparantos mariksa Yudhistira nu pangageungna bari parantos kauninga sadidintenna tara aya gésér saur, nembe anjeunna percanten.
“Saha téa éta téh jelemana?”
“Pisanggemna mah wastana Dorna,: pinjuk Yudhistira.
“Urang mana?”
“Kawitna mah ti nu tebih sanggemna téh. Nanging ayeuna nuju ngiring ngarereb di Gajahwaya, di rorompokna guru putu dalem, Bagawa Krépa.”
Sang Bisma miwarangan ngangkir Dang Hyang Dorna ka karaton. Teu lila sumping. Sampoyong marek, goloyong munjungan teras linggih bangun ajrih.
“Sampéan anu wasta Dorna téh?” saur Sang Bisma.
“Leres pisan, paduka, teu pindo damel,” waler Dang Hyang Dorna.
“Cék carita marurangkalih, sampéan mahér pisan mentang panah. Padahal saukur ku daun eurih. Naha sampéan bisa mentang panah nu enya?
“Kaula dalem kantos guguru ka pun bapa, kaulanun.”
“Saha téa bapa sampéan téh?”
“Bagawan Baradwaja.”
Sang Bisma ngarénjag ngadangu jenengan kitu téh. Da puguh sanés bagawan samanéa, mashur ka mana ka mendi.
“Sampéan terang, yén Bagawan Krépa jadi guru di karaton?”
“Terang pisan, kaulanun,” waler Dyang Hyang Dorna, “Sang Krépa téh lanceukna pisan pun bojo.”
“Sampéan daék diangkat jadi santikaguru, ngawuruk élmu peperangan ka Kurawa jeung Pandawa?”
“Pangangken Paduka Dalem katampi ku asta kalih kasangga kalingga murda. Kaula Dalem kumereb kana pangersa.”
Ti wangkid harita Dyang Hyang Doena jadi santikaguru di karaton Astinapura, ngawuruk Kurawa miwah Pandawa unak-anik élmu perang. Teu kedah ngémutan pangupa jiwa, da puguh jadi warga karaton, junun mayunan tugas ngawulang.
Bubuhan kagéroh unggal dinten, teu kantos lami ku Dyang Hyang Dorna parantos kauningaan béntenna atawis Kurawa jeung Pandawa. Padahal sarudayan kénéh, pada-pada terah Barata, saaki malah saguru pisan. Ku anjeunna karaos angkuhnna sikep para Kurawa, malah sakapeng mah deukeut-deukeut kana kasar pibasaeunana téh, bahasan ieu aing urang Karaton, ieu aing turunan raja téh nyampak di Kurawa mah. Bénten kabina-bina sareng tindak-tanduk Yudistira miwah rai-raina. Sipat-sipat terusing rat rembesing kusumah téh écés dina pasemon, dina ucap miwah réngkak paripolah sadidinten.
Wuwuh lami manah Dyang Hyang Dorna wuwuh bahé ka Pandawa anu limaan. Deudeuhna téh sanés semet deudeuh guru ka muridna, langkung ti kitu, lir deudeuh rama ka putra. Babakuna ka Arjuna nu pangdariana nampi sagala piwurukna, kapinteranana pangnonjolna, pangnyongcolangna.
Ahirna éta mah nu saurang dipaparin latihan husus, misah ti sadérék-sadérékna nu sanés. Dipeuseuh digembléng pipanglimaeun, dilatih cara-cara narajang musuh sareng cara-cara nakis panarajang di nu poék.
Dina hiji dinten Dyang Hyang Dorna ngempelkeun para Kurawa sareng Pandawa di alun-alun. Maksadna hoyong nguji sadaya murid-muridna. Anjeunna ngadamel tiruan manuk dadali, ditalian dina dahan caringin pangluhurna, sina siga manuk eunteup.
“Katingal manuk dadali ku para Kurawa sareng Pandawa sadaya?” saur Dyang Hyang Dorna.
“Katingal,” waler para Kurawa jeung Pandwa.
“Pentang engké ku paraputra piligentos, mangka keuna kana huluna.”
Tapi hiji ogé paningalna taya nu daria museur kana manuk. Kitu sareng kitu waé saterasna. Sadaya para Kurawa jeung Pandawa teu aya nu leupas panahna, méméh dipentang kabujeng diwagel mantén.
Kantun giliran Sang Arjuna, ngahaja dipangpandeurikeun. Srog ka payun. Dina nyangkingna gondéwa sareng masangkeunana panah ogé parantos katawis nyongcolangna ti nu sanés. Taya semu-semu anu kaku. Anteng pisan ngécéngna pentangeun téh.
Panah melesat tina gondéwana. Jetut, belesur hulu dadali kabawa hiber ku panah, ngalayang di awang-awang. Para Kurawa sareng sadérék-sadérékna Sang Arjuna semet olohok kataji.
Sang Arjuna dirangku ku guruna.
“Kang putra,” saur Dyang Hyang Dorna, “Kitu carana ngagunakeun pakarang téh. Ti ngawitan nyangking gondéwa, masangkeun jamparing dugi ka ngécéngna, mangka gilig mamanahan tong galideur, émutan sagemblengna ditujukeun kana sasaran. Teu bénten ti ngudag cita-cita dina kahirupan sadidinten. Émutan mangka musat kana cita-cita bari leres-leres upayana, moal teu laksana pamaksadan.”
(Dicutat tina Mapag Perang Barata, k. 28-34)
ISTILAH-ISTILAH DINA CARITA WAYANG
Pawayangan nyaéta kasenian tradisional anu teu weléh tina pinton sasabetan wayang nu diperankeun ku dalang. Pawayangan kawitna aya di daérah Jawa. Pawayangan jadi salah sahiji kasenian nu wajib dijaga kaaslianana ku sabab jadi warisan budaya Nasional. Di handap ieu nyaéta istilah – istilah nu aya dina pawayangan;
1) Dalang, nyaéta lalaki anu ngalakukeun panokohan pawayangan ku lentong sora nyesuaikeun jeung karakter wayang
2) Sindén, nyaéta juru kawih dina pintonan kasenian, biasana aya dina celah-celah pawayangan (ngawitan, panengah, atawa akhir)
3) Antawacana, nyaéta dialog wayang nu dilakukeun ku dalang
4) Kakawén, nyaéta lagu anu dihaluangkeun ku dalang. Asal “kakawén” nyaéta tina “kawi” nyaeta basa nu dipaké dina lagu nu dihaluangkeun ku dalang
5) Wayang golék, nyaéta wayang nu dijieun tina awi nu dipahat ngabentuk siga jelema, disaruakeun raut raray jeung bentukna kumaha karakterna
6) Janturan, nyaéta wayang anu ngajajar di sisi kénca jeung katuhu
7) Tuding, nyaéta gagang tina awi leutik paranti ngigelkeun leungeun kénca-katuhu wayang
8) Campurit, nyaéta gagang wayang paranti dicekelan ku leungeun kénca dalang
9) Campala, nyaéta panakol tina kai paranti dalang keketrok jeung tatakolan
10) Bagedor, nyaéta tempat cicingna wayang
11) Gugunungan, nyaéta benda nu bentuknya siga gunung (segitilu) aya motifna pikeun ngaisarahkeun ganti téma atawa jeda caritaan
12) Nayaga, nyaéta juru tabeuh gamelan
13) Sabetan, nyaéta sebutan jang gerak-gerik wayang
14) Tutup lawang sigotaka, nyaéta panutup pawayangan
UNSUR-UNSUR DINA CARITA WAYANG
Carita wayang téh sipatna angger, aya Pakem, nyaéta dumasar kana kitab babon. Konvénsional. Unik, nyaéta jelas pisan karakter tokohna. Unsur-unsur dina wayang téh ngawengku ieu di handap.
a. Éstétis, nyaéta méré kani’matan jeung kaéndahan;
b. Étis, nyaéta numuwuhkeun, ngaping rasa masarakat dina tata susila di masarakat;
c. Édukatif, nyaéta ngabina, ngadidik masarakat anu can paham kana atikan;
d. Kréatif, ngajak masarakat pikeun nyiptakeun pamadegan anyar;
e. Konsultatif, méré piwejang ka masarakat anu masih kénéh can wanoh kana kajadian mangsa kiwari;
f. Rékréatif, méré hiburan jeung daya tarik.
Minangka karya sastra wangun carita (naratif), carita wayang ngabogaan unsur sastra (jejer atawa tema, palaku, latar, amanat, jeung gaya basa), jeung unsur di luar sastra (asa-usul, cara sumebarna, cara midangkeunana, kalungguhanana di masarakat, jeung ajen moral dina kahirupan).
Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap dipedar ngeunaan unsur sastra carita wayang, diantarana nyaéta
1. Jejer (tema)
Jejer téh inti carita nepi ka ahir. Dina carita wayang, lian ti jejer utama nyaéta kasatiaan cinta(ramayana) jeung kasarakahan kakawasaan (mahabarata), rea ogé jejer dina unggal sempalan caritana.
2. Palaku (tokoh) jeung watekna
Palaku téh jalma nu ngalalakon dina carita. Dina carita wayang, bangun geus matok unggal palaku boga watek nu ngagambarkeun pasipatanana séwang-séwangan. Boh nu nyekel kaadilan boh nu murka.
3. Latar (setting)
Latar téh lingkungan nu ngadadasaran lumangsungna hiji kajadian dina carita. Latar dibagi tilu nyaéta tempat, waktu, jeung suasana.
4. Galur (plot)
Galur téh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur carita wayang kaasup kana galur maju.
5. Nangtukeun puseur sawangan (Point of View)
Puseur sawangan téh tilikan carita. Puseur sawangan dina carita wayang mah pangarang atawa dalang saukur nyaritakeun palaku-palaku carita, sok disebut ogé gaya ngadalang.
6. Nangtukeun amanat
Amanat téh pesen nu haying ditepikeun pangarang ngaliwatan caritana. Dina carita wayang, amanat téh, boh nu hadé boh nu goréng, kagambar dina gemblengna carita.
Wayang Bendo nyaéta salah sahiji wayang anu dijieun tina kai (saperti wayang golék purwa) maké mahkota satria saperti bendo sumberna tina Wayang Papak, Cirebon. Carita anu dilalakonkeun; carita babad (Babad Banten, Babad Cirebon), carita Amir Hamzah, Malik Sep Bin Yazin, jrrd, sarta dipirig ku gamelan pélog. Ayana wayang bendo di Bandungtéh ku alpukah Bupati Bandung Wiranatakusumah III anu dina taun 1892 ngondang dalang M. Usup ti Losari, Cirebon dina acara khitanan anakna (Aom Nuharam). Tuluy maréntahkeun M. Usup supaya ngalatih ngamaénkeun wayang bendo ka dalang-dalang di Bandung. Saterusna M. Usup pindah ka Bandung. Ti mimiti harita wayang bendo kasohor di Bandung. Kaparigelan salaku dalang wayang bendo diwariskeun kadua anakna anu ngarana Ratim jeung Rasta, sarta ka muridna anu ngarana Karim. Wayang bendo beuki lila beuki dipikaresep, leuwih-leuwih saengges aya dalang Emon.
Wayang golék modérn nyaéta wayang anu jagatna siga panggung sandiwara jeung ngagunakeun trik dina pagelaranna di antarana aya permainan listrik, salila kurang leuwih 2 jam, dipaénkeun ku leuwih ti saurang dalang anu teu katempo ku panongton, nepi ka wayang golék bisa gerak simultan. Anu ngawanohkeunana nyaéta R. U. Partasuanda nu hayang nyaluyukeun pagelaran wayang golék jeung kahirupan modérn. Ku sabab isukana jalma kudu mangkat ka kantor jadi pagelan wayang disingget nepi ka teu ngaganggu kana pagawéan sapopoé. Minangka daya pangirut, sok aya sababaraha trik paméntasan anu ngagunakeun listrik, misalkeun trik nalika perang. Ieu trik tuluy leuwih dimekarkeur sacara inténsif ku dalang Asep Sunandar Sunarya dina dasawarna 1970-an jeung 1980-an. Wayang golék modérn salian ti Bandung, pernah dipintonkeun di Jakarta, Yogyakarta, jrrd. Tapi jenis wayang golék ieu teu pernah popular. Mimiti diwanohkeun dina taun 1950-an, dina dasawarsa saterusna geus (hampir) teu pernah katempo deui aya pagelaranana.
Wayang golék papak disebut ogé wayang golék cepak. Meureun pédah huluna sakabéhna papak (rata). Wayang golék anu popular jeung sumebar di daérah Cirebon, ngagunakeun basa Cirebon dipirig ku gamelan pélog saperti wayang kulit Cirebon. Lakon anu dipaénkeun nyaéta babad atawa legenda satempat, umumna pakait jeung Babad Cirebon, saperti Babad Dermayu, Ilangé Mémolo Mesjid Agung (Hilangnya Kubah Masjid Agung), Pangeran Walangsungsang, Babad Japura, Babad Karangsuwung, Babad Jatisura, Sayembara Nyi Mas Gandasari, jrrd. Atawa lakon-lakon tina siklus Serat Menak, nyaéta kisah-kisah Wong Agung Amir Ambyah (Hamzah), Umar Maya, jrrd. Nepika aya sebutan wayang golék Menak. Di sagigireun éta wayang golék papak dipaké keur maénkeun lakon-lakon Panji saperti Panji Asmarabangun, Jaransari, Damarwulan, jrrd.
Wayang kulit anu aya di Jawa Kulon, boh di wilayah budaya Cirebon boh di wilayah budaya Batawi, nyaéta wayang kulit purwa, anu lakon-lakonna dumasar Mahabarata jeung Ramayana. Tapi anu sok dipentaskeun mah lakon-lakon Carangan, saperti wayang golék purwa, sarta kahebatan dalang utamana ditangtukeun ku kaparigelan jeung kréatifitas nyiptakeun lakon. Ngan hanjakal lolobana lakon ngan dijieun ukur dipaénkeun dina sakali pagelaran, jadi loba nu teu kacatet. Tapi teu loba ogé dalang anu enya-enya kréatif nyiptakeun lakon anu tahan uji, sanajan aya lakon-lakon anu jadi popular sacara anonim, saperti Ceblok Melahirkan (meureun diilhami ku bentuk wayang Ceblok anu bucitreuk siga keur kakandungan), Arjuna Kembar (dituturkeun ku Gatotgaca Kembar, Semar Kembar jeung sarupana), Semar Mantu. Anu kasohor alatan kaparigelan ngadalang jeung nyiptakeun lakon nyaéta dalang Abyor, sabab lakon-lakon ciptaanna loba nu ngabahas masalah-masalah agama jeung katuhanan. Dina wayang kulit Cirebon, jumlah panakawan lain 4 siga dina wayang kulit Yogya-Solo (Semar, Garéng, Pétruk, Bagong) atawa wayang golék Sunda ( Semar, Cépot, Déwala, Garéng), tapi aya 9 (Semar, Sekarpandan atawa Curis, Bagong atawa Astrajingga, Ceblok, Cungkring atawa Pétruk, Udawala atawa Dawala, Bitarota, Garéng, jeung Bagalbuntung).