Naon ari kawih?
Kawih asalna tina kecap kawi atawa kavya, hartina sajak atawa pupujian. Kawih téh mangrupa lalaguan Sunda nu henteu kaiket ku aturan pupuh, tapi tetep miboga rumpaka atawa sajak anu eusina pinuh ku ajén atikan. Dina kawih, rumpaka téh bisa diwangun ku kecap-kecap nu éndah saperti dina puisi, sarta dihaleuangkeun kalawan irama atawa titilaras nu harmonis.
Kawih bisa diciptakeun ku komponis sarta bisa ngagambarkeun rupa-rupa émosi jeung kaayaan, saperti kabagjaan, kasedihan, kerinduan, jeung sajabana. Kawih ogé mangrupakeun cara pikeun ngajaga jeung ngawanohkeun budaya Sunda ka generasi salajengna.
Adegan Lahir (Unsur Fisik):
Wangun: Disusun kawas puisi, bisa 2-4 padalisan per bait.
Diksi: Milih kecap anu éndah jeung bermakna.
Citraan: Aya gambaran alam, rasa, jeung suasana.
Gaya Basa: Ngagunakeun babasan, paribasa, atawa sima.
Purwakanti: Aya sora nu diulang-ulang pikeun indahna sora (aliterasi, asonansi).
Adegan Batin (Unsur Émosional):
Jejer (Tema): Nu jadi poko carita dina kawih.
Nada (Tone): Sikep atawa suasana rasa, bisa sedih, bungah, jeung sajabana.
Rasa (Feeling): Rasa nu dihayakeun ku panyipta kawih.
Amanat (Pesan): Piwejang atawa ajaran nu hayang ditepikeun ka nu ngaregepkeun.
Kawih Buhun / Tradisional: Kawih kolot, biasana henteu terang nu nyiptakeunana. Conto: “Banjar Sinom”
Kawih Zaman Jepang: Diciptakeun waktu jaman penjajahan Jepang. Conto: “Es Lilin”, “Balon Ngapung”
Kawih Wanda Anyar / Modern: Kawih nu anyar jeung ngagunakeun alat musik modern. Conto: “Mawar Bodas”, “Manuk Dadali”
Kawih: Lagu Sunda bebas, henteu make aturan pupuh.
Kakawihan: Lagu barudak, biasana keur kaulinan. Conto: “Tokecang”
Pupuh: Puisi Sunda anu kauger ku aturan saperti guru lagu jeung guru wilangan.
Kawih Klasik: Dihaleuangkeun kalawan laras degung atawa salendro, rumpakana leuwih puitis jeung maké basa Sunda lemes.
Kawih Pop / Modern: Musikna modéren, maké alat musik barat, rumpakana bisa mirip sajak modern, bisa make basa campuran (Sunda-Indonésia).
Cita-cita, cita-cita
Jadi putera bangsa bela negara
Indonesia langgeng jaya
Adil makmur Kertaraharja
Jadi TNI POLRI hey gagah perkasa
Siap babakti ka lemah cai
Jadi maklum hukum diplomat teknokrat
Ahli ekonomi patani mandiri
Cita-cita, cita-cita
Mangka laksana mun diajarna rajin
Cita-cita, cita-cita
Pareng laksana mun diajarna tigih
Hayang jadi dokter hey bidan perawat
Ngubaran pasen sangkan gancang sehat
Jadi guru dosen wartawan seniman
Olahragawan atlit nasional
Hayang jadi pamimpin jujur
Walikota bupati gubernur
Jadi wakil rakyat menteri presiden
Cita-cita mulya cita-cita jaga
Mochamad Rafa Caesara Augusta | X-1
SMAN 3 Bandung