WILUJENG SUMPING
WILUJENG SUMPING
SMA NEGERI 3 BANDUNG
Mochamad Rafa Caesara Augusta
Wasta : Mochamad Rafa Caesara Augusta
Tempat, Tanggal Lahir : Bandung, 14-08-2008
NIS : 242510022
Kelas|Angkatan : X-1|3'2027
No. Absen : 22
SUNDA CEUK KURING
Nurutkeun abdi, Sunda teh mangrupakeun hiji bangsa nu mibanda budaya, basa, jeung sajarah sorangan. Umumna, urang Sunda teh nyicingan wewengkon Jawa Barat, saperti Bandung, Garut, Tasikmalaya, jeung kota-kota séjén. Urang Sunda ogé dipikawanoh ku sopan santun jeung tata krama nu lemes, kitu deui kabudayaanna nu kacida beungharna, saperti seni degung, jaipongan, kaulinan barudak baheula, jeung sajabana.
Kuring mikir yén pangajaran Basa Sunda penting pisan pikeun murid di sakola, utamana pikeun urang nu asalna ti Tatar Sunda. Sanajan kuring sorangan kadang-kadang masih keneh lieur jeung kecap-kecap Sunda, tapi ku diajar di sakola, abdi jadi leuwih ngarti jeung mikacinta kana basa jeung budaya sorangan. Pangajaran ieu ogé bisa ngajaga supaya Basa Sunda henteu leungit ku jaman.
Mangpaatna loba pisan, di antarana:
Bisa ngajaga jeung miara kabudayaan Sunda.
Tambah wawasan ngeunaan sajarah jeung budaya sorangan.
Bisa lancar nyarita make Basa Sunda nu hade jeung bener.
Bisa ngajarkeun deui ka batur atawa ka barudak engke.
Bisa leuwih percaya diri lamun kudu make Basa Sunda dina kahirupan sapopoe.